Républik Portugal mangrupa hiji nagara di Éropa bagian barat daya.
Nagara ieu tepung wates jeung Spanyol di beulah kalér jeung wétan. Di beulah kulon tepung wates jeung Samudra Atlantik. Salian ti éta, Portugal ogé miboga wewengkon di Madeira, Asores, jeung Kapuloan Selvagens. Portugal ngaklaim hiji wewengkon leutik nu ngaranna Olivença nu dikawasaan Spanyol ti Kongrés Wina. Ngaran lami atawa latin ti nagara ieu nyaéta Lusitania.
República Portuguesa | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto — | ||||||
Lagu A Portuguesa "Lagu Kabangsaan Portugis" | ||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Lisbon | |||||
Basa resmi | Portugis 1 | |||||
Pamaréntah | Républik | |||||
- | Présidén | Marcelo Rebelo de Sousa | ||||
- | Perdana Menteri | Luís Montenegro | ||||
Formasi | ||||||
- | Pawangunan | 868 | ||||
- | Pawangunan ulang | 1095 | ||||
- | Kadaulatan de facto | 24 Juni 1128 | ||||
- | Karajaan | 25 Juli 1139 | ||||
- | Diakuan | 5 Oktober 1143 | ||||
- | Pangakuan Kapausan | 23 Méi 1179 | ||||
- | Réstorasi Kamerdékaan | 1 Désémber 1640 | ||||
- | Pangakuan Réstorasi Kamerdékaan | 13 Pébruari 1668 | ||||
- | Républik | 5 Oktober 1910 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 92.090 km² (110) 35.645 mil² | ||||
- | Cai (%) | 0,5% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2011 | 10.647.763 (77) | ||||
- | Sénsus 2011 | 10.555.853 | ||||
- | Kapadetan | 115 /km² (96) ? /mil² | ||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | US$194,4 miliar (40) | ||||
- | Per kapita | US$18.503 (39) | ||||
Mata uang | Euro 2 (EUR ) | |||||
TLD Internét | .pt | |||||
Kode telepon | +351 | |||||
1. Basa Miranda resmi diakuan dina 29 Januari 1999. 2. Mata uang saméméh 2002 nyaéta Éscudo. |
Kecap Portugis mindeng dipaké pikeun nyebutkeun padumuk atawa urang nu asalna ti Portugal. Kecap ieu ogé sesebutan pikeun basa nu dipaké ku bangsa ieu. Nagara-nagara nu maké basa Portugis sok disebut minangka nagara-nagara Lusophone.
Portugal téh nagara maju jeung kaasup nagara anggota Uni Éropa, ngagabung dina taun 1986.
Portugal mangrupa nagara républik kalawan Lisbon minangka ibu kota nagara. Opat komponén utama dina pamaréntahan Portugal nyaéta: Présidén minangka pupuhu nagara, Parlemén, Perdana Menteri minangka pupuhu pamaréntahan jeung mahkamah luhur. Konstitusi ngabagi kakawasaan éta jadi éksekutif, législatif, jeung yudikatif. Présidén dipilih saban lima taun, samentara Perdana Menteri dipilih langsung ku présidén jeung umumna mangrupa pamingpin ti partéy nu meunang pamilu. Institusi législatif diwangun ti 230 urang députi nu bakal ngajabat 4 taun. Ari mahkamah diwangun ti yudisial, administratif, jeung fiskal.
Portugal miboga 18 distrik jeung 308 munisipalitas.
Pamaréntahan otonomi | ||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Daérah otonom | Aréa | Populasi | Démonim | |||||
Asores | 2.333 km² | 243.101 | Azorean | |||||
Madeira | 801 km² | 244.098 | Madeiran |
Wiki Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Portugal. |
Tempo ogé Portugal di Wikivoyage
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Portugal, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.