Vitamin C

Vitamin C atawa L-askorbat téh hiji zat gizi ésénsial pikeun primata luhur jeung sababaraha spésiés lianna.

Askorbat perlu pikeun sababaraha rupa réaksi métabolismeu dina sakabéh awak sato jeung tutuwuhan sarta dihasilkeun ku awak ampir sakabéh organismeu, iwal manusa jeung sababaraha primata. Ieu vitamin kawentar ku balukar tina kakuranganana: barusuh (skorbut).

Vitamin C
2-okso-L-tréo-héksono-1,4- lakton-2,3-énédiol
atawa (R)-3,4-dihidroksi-5-((S)- 1,2-dihidroksiétil)furan-2(5H)-on atawa nu kawentar vitamin C

Farmakofor vitamin C téh ion askorbatna. Pikeun mahluk hirup, askorbat téh antioksidan anu naméngan awak tina setrés oksidatif sarta salaku kofaktor dina sababaraha réaksi énzimatik penting.

Peran biologis

Vitamin C 
Modél 3D Vitamin C

Vitamin C téh L-énantiomér askorbat; énantiomér sabalikna, D-énantiomér, teu boga mangpaat fisiologis anu penting. Duanana mangrupa kiral pikeun wangun molekul anu sarua. Nalika ngaréduksi, L-askorbat nu réduktor kuat téh bakal robah jadi bentuk kaoksidasi, L-dehidroaskorbat. L-dehidroaskorbat lajeng bisa diréduksi balik jadi L-askorbat aktif ku énzim jeung glutation.

L-askorbat téh asam gula lemah anu wangunna patali jeung glukosa nu sacara alami diciptakeun ngahiji jeung ion hidrogén ngabentuk assam askorbat, atawa ngahiji jeung ion logam ngabentuk askorbat mineral.

Mangpaat

Pikeun manusa, vitamin C jétu pisan salaku antioksidan, ngurangan setrés oksidatif, salaku substrat peroksidaseu askorbat, ogé salaku kofaktor énzim dina biosintésis bahan-bahan biokimia penting. Vitamin C boga peran salaku donor éléktron pikeun dalapan énzim:

  • Tilu énzim dina hidroksilasi kolagén. Ieu réaksi nambahkeun gugus hidroksil kana asam amino prolin atawa lisin dina molekul molekul (ngaliwatan hidroksilaseu prolil jeung hidroksilaseu lisil), antukna molekul kolagénna bisa ngabentuk wangun tripel héliks; ku kituna vitamin C jadi éséntial pikeun kamekarkeun jeung mulasara jaringan tatu, saluran getih, jeung kartilage.
  • Dua énzim pikeun sintésis karnitin. Karnitin penting dina ngakut asam lemak ka mitokondria pikeun ngahasilkeun ATP.
  • Anu tilu sésana nyaéta
    • hidroksilaseu béta dopamin dina biosintésis norépinéfrin tina dopamin.
    • énzim nu nambahkeun gugus amida ka hormon péptida, antukna leuwih stabil.
    • énzim nu ngamodulasi métabolismeu tirosin.

Jaringan biologis anu ngagundukkeun vitamin C leuwih ti 100 kali kadarna dina plasma getih nyaéta kelenjar adrénal, pituitari, timus, corpus luteum, jeung rétina. Nu ngagundukkeun antara 10 n.k. 50 kalina nyaéta otak, limpa, bayah, téstis, kelenjar limfe, ati, tiroid, mukosa usus leutik, leukosit, pangkréas, ginjal, jeung kelenjar ciduh.

Rujukan

  • Vitamin C. Wikipédia basa Inggris (5 Dés. 2007).

Bacaan salajengna

    Jurnal
  • Dolske, M.C., et al. (1993). "A preliminary trial of ascorbic acid as supplemental therapy for autism". Prog. Neuropsychopharmacol. Biol. Psychiatry 17 (5): 765-74. PMID 8255984. 
  • Green VA, Pituch KA, Itchon J, Choi A, O'Reilly M, Sigafoos J (2006). "Internet survey of treatments used by parents of children with autism". Research in developmental disabilities 27 (1): 70-84. doi:10.1016/j.ridd.2004.12.002. PMID 15919178. 
    Pustaka
  • Pauling, Linus (1970). Vitamin C and the Common Cold. W. H. Freeman & Company. ISBN 071670160X. 
  • Pauling, Linus (1976). Vitamin C, the Common Cold, and the Flu. W H Freeman & Co. ISBN 0716703610. 
  • Cameron, Ewan; Linus Pauling, (1979). Cancer and Vitamin C. Pauling Institute of Science and Medicine. ISBN 0393500004.  Text "Ewan Cameron " ignored (bantuan);
  • Kent, Saul (1980). Life Extension Revolution. Morrow. 
  • Pearson, Durk; Sandy Shaw (1982). Life Extension: A Practical Scientific Approach. Warner Books. ISBN 0446387355.  see Part IV, Chapter 7: Vitamin C
  • Pelton, Ross (1986). Mind Food and Smart Pills: How to Increase Your Intelligence and Prevent Brain Aging. T & R Pub. ISBN 0936809000.  see Chapter 3: Vitamin C, The Champion Free Radical Scavenger
  • Clemetson, C.A.B (1989). Vitamin C. Boca Raton, Florida: CRC Press. ISBN 0-8493-4841-2.  Monograph - Volumes I, II, III.
  • Levy, Thomas E. (2002). Vitamin C Infectious Diseases, & Toxins. Xlibris. ISBN 1401069630. 

Tumbu kaluar


Vitamin C 

Tags:

Vitamin C Peran biologisVitamin C RujukanVitamin C Bacaan salajengnaVitamin C Tumbu kaluarVitamin CBarusuhPrimataSatoSpésiésTutuwuhan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Hadi AKSWangunan SundaSabudeureunCristiano RonaldoMoskowSeni PintonanArkéologiBéklenBoluRumpakaPaculTatangkalanRarangkénBayawakBuncisSajakDiséntriJerukHihidFabelKarajaan SundaBeuratDogdog PangréwongSunamiRarangkén pa-Tatang Sumarsono2006Nyeri huntuPorogGaya basa (Sunda)Kalawarta (program tipi)PaltotParanjéPakakas Tatanén TradisionalBika ambonCaiCaahGula kawungOrdo (Biologi)PurwakantiMangandeuhDiabétes mélitusMalukuTaneuhSahadatMociRarangkén pada-Aja VolkmanAseupanBasa LaténBandar Udara Internasional Soekarno–HattaWalandaBajing taneuhOray-OrayanMencekAmbil-AmbilanPeristiwa Kapunahan Kapur-TérsiérNyiru13 JuniMérkuriusKampung UrugSuisKeusikAn-Nisa' (Surat)Usum halodoMédia sosialPaninggaranKamalir🡆 More