Bayah

Bayah bagian eusi awak jelema anu gawéna pikeun milu ngabersihan getih jero jajantung jeung ayana di jero dada, hawa nu diseuseup ku urang asupna ka jero sarta dikaluarkeunana ogé ti dinya, sok disebut gagambos atwa kakapes.

perenahna aya dina jero rongga dada manusa sabelah katuhu jeung kénca anu dibulen ku tulang rusuk. Bayah ngawengku dua bagéan nyaéta bayah beulah katuhu anu miboga tilu gelambir jeung bayah kénca anu miboga dua gelambir. Sabenerna bayah téh mangrupa kumpulan gelembung alveolus anu mungkus ku selaput anu disebut selaput pleura.

Bayah
Bayah

Kagunaan Bayah

Bayah mangrupa organ anu vital pikeun kahirupan manusa ku sabab lamun euweuh bayah manusa boal bisa hirup. Dina sistem ékskresi, bayah miboga pungsi pikeun ngaluarkeun karbondioksida (CO2) jeung uap cai (H2O). Di jero bayah lumangsungna patukerna antara gas oksigén jeung karbondioksida. Sanggeus ngaluarkeun oksigen, sél-sél getih beureum menangkap karbondioksida pikeun hasil metabolisme awak anu bakal dibawa kana bayah. Dina bayah karbondioksida jeung uap cai dileupaskeun jeung dikaluarkeun tina bayah ngaliwatan irung.

Panyakit dina Bayah

Asma atawa mengék nyaéta kelainan nu disababkeun ku penyumbatan saluran napas anu di antaranan disebabkan ku alérgi kana buuk, bulu, kebul atawa tekenan psikologis. Salain éta aya kangker bayah nyaéta gangguan bayah anu disababkeun ku kabiasaan ngaroko. Emphysema nyaéta panyakit bengkakna bayah ku sabab pembuluh getihna kaeusian hawa. Tarékah nyingkahan panyakit dina bayah nyaéta ku cara hirup séhat saperti :

  1. Ngatur pola dahar kalayan ngadahar kadahran anu séhat jeung anu ngandung giji alatan taratur.
  2. Olah raga sacara taratur.
  3. Istirahat minimal 6 jam unggal poé .
  4. Nyingkahan konsumsi rokok, nginum anu ngandung alkohol jeung narkoba.
  5. Singkahan Stress.

Rujukan

Tags:

JantungJelemaManusa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

WalesGending karesménRahwanaBelukDrama1530Bulu kumuutBlogAam AmiliaPérsibBiantaraAntartikaJulung-julungSair (pakakas)Rarangkén barungTahu SumedangOto Iskandar di NataSirsakTambagaSamagahaHanjuangGunungrejo, Way Ratai, PesawaranTempuyungDataNagri580JagatIU (penyanyi)RomaniaBobokoMédia sosial2 AprilKaranganKihkirKendangAgum GumelarHudangna YésusPendopoPandawaTéhnologiSi UnyilKacang panjangPaparikanCarulukBasa SpanyolKoporasi MicrosoftSawalaRusiaBaha'iLatviaDodolUkrainaJérman19 MaretDurmaAtikanAjaran Jati BuhunDaptar istilah ngeunaan sasatoanKoaciCristiano RonaldoSelandia AnyarNgarasGosaliHukumCongklakBubur hayamPakakas Tatanén TradisionalCipeundeuy, Suradé, SukabumiKatuncarPerang BubatBasisir GadingMartinik🡆 More