Engkol

Engkol (Brassica oleracea) téh sayuran anu buleud jeung disusun ku daun-daun anu héjo sarta patumpang tindih.Engkol atawa basa Walandana mah kool nyaéta ngaran sayuran anu sok disebut ogé kol, sok dipaké lalab, diangeun jeung sajabana.

Engkol
nuju dipelak

Mangpaat

Sanajan dina engkol sok kaambeu bau walirang jalaran ayana kandungan walirang anu loba tapi engkol,boga mangpaat keur kaséhatan di antarana ngurangan beurat awak,kulit buruk jeung sembelit. Ngadahar sayur kol atah atawa setengah asak supaya vitamin jeung mangpaatna angger aya. Engkol kaasup sayuran anu luhur kandungan serat jeung vitamin C na. Lamun didahar atah-atah bisa nyingkahan kangker jeung ngubaran panyakit maag. Anu rumasa boga panyakit maag leuwih hadé ngadahar engkol ku cara dijieun jus. Husus keur anu panyakit maag, bakal leuwih hadé lamun satengah jam atawa sajam saméméh dahar nginum heula jus engkol. Cara nyieunna téh 300 gram bonténg ditambah 150 gram engkol bodas anu geus dibérésihkeun saméméhna tuluy dijus sabada kitu disaring tuluy diinum. Engkol mah leuwih hadé didahar atah ti batan diseupan atawa diasakan nepi ka hipu, ku sabab bisa galuarkeun gas nu ngabalukarkeun beuteung nu ngadaharna bunghak.

Kandungan Gizi

Engkol 
engkol dina wadah
  • Kalium, saporsi sayur engkol ngandung 269 miligram kalium, nyaéta kurang leuwih 6% tina kabutuhan lalaki sawawa unggal poé.kalium boga fungsi keur ngontrol tekanan darah jeung ngurangan resiko batu ginjal ogé nyaimbangkeun cairan-cairan anu aya dina jero awak.
  • Zat besi,engkol per porsi ngadung samiligram atawa 2% anu dibutuhkeun ku lalaki sawawa unggal poé. Zat besi nyingkahan panyakit kurang darah (anemia) . Keur mantuan nyerep zat besi anu aya dina engkol bisa dibarengan ku ngadahar jeruk.
  • Vitamin A,saporsi engkol ngandung kurang leuwih 7% tina jumlah anu disarankeun keur lalaki sawawa. Mangpaat engkol nyaéta ngarojong kaséhatan panon,kalemesan kulit jeung kalembaban selaput lendir.Vitamin A ogé ngaronjatkeun sistem imun awak ku cara nganetralisir radikal bébas anu ngabalukarkeun panyakit jeung ruksakna jaringan.
  • Vitamin C,dina kol aya 55 miligram Vitamin C per porsi, nyaéta kurang leuwih 61% tina jumlah anu diperlukeun sapopoéna. Vitamin C ngawangun fungsi imun awak, gancang nyageurkeun raheut, ngaronjatkeun kaséhatan huntu jeung gusi, jeung ngungkulan sel anu ruksak dina awak.
  • Kalsium, saporsi engkol ngandung 67 miligram kalsium atawa 7% tina jumlah anu disarankeun keur lalaki sawawa unggal poéna. Kalsium miboga punsi keur nguatkeun tulang jeung huntu,ngaronjatkeun pembekuan getih, ngababarikeun kontraksi otot, ogé mantuan transmisi sinyal saraf.
  • Fitonutrisi, engkol ngandung fitonutrisi anu disebut indole-3-carbinol keur nurunkeun kolesterol.

Dicutat tina


Engkol 

Tags:

AngeunDaunHéjoLalabSayuranWalanda

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Data31Tatang SumarsonoDjoeanda KartawidjajaArkéologiSeniMadinahGuamCareuh bulanSurabi.do.mk13261919BabakaurPerpustakaanAl-AnfalRaksukanBFéderasi Mikronésia.tvZayn MalikCNakulaBuku1918Kampung Gedé Kasepuhan CiptagelarPapua NuginiGiziMonkey D. LuffyAwi suratWajitBéklenRarangkén ka-.kzBulan purnamaSajarah.kiAz ZalzalahBéntang LapangLentongKunciWayang1993Perang BubatSahadat buhunRarangkén ka--anHadiah Nobel Kimia3 Januari.mtAngeun30YunaniAngklung159425LeuncangeunSérén taunChad.cv26 MaretPakeman basa.bwUnicode.gnAbonKaté bodasBrasilSajak sundaGaya basa (Sunda)Laut MatiPurchasing power parityKabupatén Tulungagung.sb🡆 More