Surat Al Hasyr (Arab: الحشر,Pangusiran) nyaéta surat ka-59 dina Al-Qur'an.
Al Hasyr الحشر | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Pangusiran |
Golongan | Madaniyyah, |
Surah ka | 59 |
Juz | Juz 28 |
Waktu turun wahyu | 101 |
Statistik | |
Jumlah ayat | 24 ayat |
Jumlah kecap | 445 |
Jumlah aksara | 1913 |
Surat ieu kaasup surat Madaniyah tur kawengku 24 ayat. Dingaranan Al Hasyr saluyu nu kaunggel dina ayat ka-2.
سَبَّحَ لِلَّهِ مَا فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَمَا فِي ٱلأَرْضِ وَهُوَ ٱلْعَزِيزُ ٱلْحَكِيمُ
(1) Tasbéh ka Alloh nu aya di langit jeung di bumi, Anjeuna nu Maha Gagah Maha Wijaksana.
هُوَ ٱلَّذِيۤ أَخْرَجَ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ مِنْ أَهْلِ ٱلْكِتَابِ مِن دِيَارِهِمْ لأَوَّلِ ٱلْحَشْرِ مَا ظَنَنتُمْ أَن يَخْرُجُواْ وَظَنُّوۤاْ أَنَّهُمْ مَّانِعَتُهُمْ حُصُونُهُم مِّنَ ٱللَّهِ فَأَتَاهُمُ ٱللَّهُ مِنْ حَيْثُ لَمْ يَحْتَسِبُواْ وَقَذَفَ فِي قُلُوبِهِمُ ٱلرُّعْبَ يُخْرِبُونَ بُيُوتَهُمْ بِأَيْدِيهِمْ وَأَيْدِي ٱلْمُؤْمِنِينَ فَٱعْتَبِرُواْ يٰأُوْلِي ٱلأَبْصَارِ
(2) Anjeuna nu ngaluarkeun urang kafir ti golongan ahli kitab ti imah-imah maranéhna dina kajadian pangusiran nu mimiti. Aranjeun teu nyangka maranéhna moal kaluar, bari maranéhna yakin yén bénténg-bénténgna bakal bisa nahan datangna (siksa) Alloh, ku kituna Alloh nibankeun (siksa) ka maranéhna ti madhab nu teu disangka-sangka jeung dicecebkeun kana haténa rasa sieun nepi ka rujad baruntakan ku polah leungeun maranéhna sorangan jeung jalma nu ariman. Yeuh, ieuh téh kudu jadi totonden pikeun jalma-jalma nu waspaos paninggalina..
وَلَوْلاَ أَن كَتَبَ ٱللَّهُ عَلَيْهِمُ ٱلْجَلاَءَ لَعَذَّبَهُمْ فِي ٱلدُّنْيَا وَلَهُمْ فِي ٱلآخِرَةِ عَذَابُ ٱلنَّارِ
(3) Lamun seug Alloh teu netepkeun ngusir maranéhna tinangtu, maranéhna éstu disiksa di dunya jeung di ahérat dicawiskeun siksa naraka. .
ذَلِكَ بِأَنَّهُمْ شَآقُّواْ ٱللَّهَ وَرَسُولَهُ وَمَن يُشَآقِّ ٱللَّهَ فَإِنَّ ٱللَّهَ شَدِيدُ ٱلْعِقَابِ
(4) Kitu téh lantaran maranéhna ngalawan ka Alloh jeung rasul-Na, sing saha nu ngalawan ka Alloh, éstuning siksa Alloh kacida beuratna ....
Surat sateuacanna: Al Mujadilah | Surat 59 | Surat saparantosna: Al Mumtahanah |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Al Hasyr, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.