Surat Al Fajar (basa Arab:الفجر, Fajar) nyaéta surat ka-89 dina Al Qur'an.
Al Fajar الفجر الفجر | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Balébat |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 89 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 30 ayat |
Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah anu diwangun ku 30 ayat. Dingaranan Al fajar anu hartina Balébat dicokot tina kecap al fajr anu aya dina ayat kahiji surat ieu.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَٱلۡفَجۡرِ | Demi balébat. |
2. | وَلَيَالٍ عَشۡرٍ۬ | Jeung peuting anu sapuluh. |
3. | وَٱلشَّفۡعِ وَٱلۡوَتۡرِ | Jeung nu jangkep sarta nu gangsal. |
4. | وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَسۡرِ | Jeung peuting upama liwat janari. |
5. | هَلۡ فِى ذَٲلِكَ قَسَمٌ۬ لِّذِى حِجۡرٍ | Naha hal éta téh teu jadi perhatian pikeun jalma anu boga akal. |
6. | أَلَمۡ تَرَ كَيۡفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ | Naha manéh teu niténan kumaha Pangéran manéh nindak ka kaum 'Ad? |
7. | إِرَمَ ذَاتِ ٱلۡعِمَادِ | (nyaéta) padumuk Iram anu mibanda wangunan nu ngajalalegir. |
8. | ٱلَّتِى لَمۡ يُخۡلَقۡ مِثۡلُهَا فِى ٱلۡبِلَـٰدِ | Anu can kungsi aya tandinganana di nagri-nagri séjén. |
9. | وَثَمُودَ ٱلَّذِينَ جَابُواْ ٱلصَّخۡرَ بِٱلۡوَادِ | Jeung kaum Tsamud anu ngabeulah-beulahkeun batu gunung nu galedé di léngkob. |
10. | وَفِرۡعَوۡنَ ذِى ٱلۡأَوۡتَادِ | Jeung kaum Firaun nu mibanda tugu-tugu nu tohaga. |
11. | ٱلَّذِينَ طَغَوۡاْ فِى ٱلۡبِلَـٰدِ | anu kumawasa sawenang-wenang di jero nagri. |
12. | فَأَكۡثَرُواْ فِيہَا ٱلۡفَسَادَ | Tuluy maranéhanana loba nimbulkeun karuksakan di nagri éta. |
13. | فَصَبَّ عَلَيۡهِمۡ رَبُّكَ سَوۡطَ عَذَابٍ | Ku kituna Pangéran manéh nibankeun siksaan anu pohara nyerina ka maranéhna. |
14. | إِنَّ رَبَّكَ لَبِٱلۡمِرۡصَادِ | Saéstuna Pangéran manéh tetep nalingakeun; |
15. | فَأَمَّا ٱلۡإِنسَـٰنُ إِذَا مَا ٱبۡتَلَٮٰهُ رَبُّهُ ۥ فَأَكۡرَمَهُ ۥ وَنَعَّمَهُ ۥ فَيَقُولُ رَبِّىٓ أَكۡرَمَنِ | Mungguhing manusa, upama dibéré cocoba ku Pangéranna ku kamulyaan jeung kanimatan, manéhna nyarita: “Pangéran abdi geus maparin kamulyaan ka abdi.” |
16. | وَأَمَّآ إِذَا مَا ٱبۡتَلَٮٰهُ فَقَدَرَ عَلَيۡهِ رِزۡقَهُ ۥ فَيَقُولُ رَبِّىٓ أَهَـٰنَنِ | Jeung upama anjeunna maparin cocoba ka manéhna ku jalan ngurangan rejekina, pokna téh: “Pangéran kaula geus ngahinakeun kaula”. |
17. | كَلَّاۖ بَل لَّا تُكۡرِمُونَ ٱلۡيَتِيمَ | Lain kitu! Malah maranéh anu teu daraék ngamulyakeun budak yatim. |
18. | وَلَا تَحَـٰٓضُّونَ عَلَىٰ طَعَامِ ٱلۡمِسۡكِينِ | Jeung maranéh nu teu daraék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin. |
19. | وَتَأۡڪُلُونَ ٱلتُّرَاثَ أَڪۡلاً۬ لَّمًّ۬ا | Jeung maranéh ngadalahar harta-banda warisan batur kalawan cara campur aduk (nu halal jeung nu haram). |
20. | وَتُحِبُّونَ ٱلۡمَالَ حُبًّ۬ا جَمًّ۬ا | Jeung kadedemes kana harta kabina-bina. |
21. | كَلَّآ إِذَا دُكَّتِ ٱلۡأَرۡضُ دَكًّ۬ا دَكًّ۬ا | Ulah kitu! Lamun bumi digénjlongkeun tuluy-tuluyan. |
22. | وَجَآءَ رَبُّكَ وَٱلۡمَلَكُ صَفًّ۬ا صَفًّ۬ا | Jeung datang (timbalan) Pangéran manéh, sarta malaikat baris ngajéjér. |
23. | وَجِاْىٓءَ يَوۡمَٮِٕذِۭ بِجَهَنَّمَۚ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ يَتَذَڪَّرُ ٱلۡإِنسَـٰنُ وَأَنَّىٰ لَهُ ٱلذِّكۡرَىٰ | Tur dijagragkeun dina poé éta naraka Jahanam, nya dina poé éta kakara manusa aréling, padahal keur manéhna geus taya deui gunana kaéling téh. |
24. | يَقُولُ يَـٰلَيۡتَنِى قَدَّمۡتُ لِحَيَاتِى | Pok manéhna nyarita: “Tada teuing hadéna, upama kaula tatahar keur kahirupan kaula (di dieu). |
25. | فَيَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّا يُعَذِّبُ عَذَابَهُ ۥۤ أَحَدٌ۬ | Nya dina poé éta moal aya saurang ogé anu bisa nyiksa cara siksaan Anjeunna. |
26. | وَلَا يُوثِقُ وَثَاقَهُ ۥۤ أَحَدٌ۬ | Sarta moal aya anu ngaborogod saurang ogé cara pangborogod Anjeunna. |
27. | يَـٰٓأَيَّتُہَا ٱلنَّفۡسُ ٱلۡمُطۡمَٮِٕنَّةُ | Yeuh jiwa nu ngahenang-ngahening (mutmainah). |
28. | ٱرۡجِعِىٓ إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةً۬ مَّرۡضِيَّةً۬ | Baeu geura mulang manéh ka Pangéran manéh kalayan rido jeung dipirido. |
29. | فَٱدۡخُلِى فِى عِبَـٰدِى | Geura asup ka golongan nu kumawula ka Kami. |
30. | وَٱدۡخُلِى جَنَّتِى | Jeung baeu, geura asup ka sawarga Kami. |
Surat sateuacanna: Al Ghosyiyah | Surat 89 | Surat saparantosna: Al Balad |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Al Fajar, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.