Surat Adh-duhaa (basa Arab:الضحى) nyaéta surat ka-93 dina al Qur'an sarta diwangun ku 11 ayat.
Adh Dhuhaa الضحى | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Waktu Duha |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 93 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 11 ayat |
Surat ieu kaasup golongan surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surat Al Fajar. Ngaran Adh Dhuhaa dicokot tina kecap anu aya dina ayat kahiji, anu hartina "waktu duha".
Surat Adh Dhuhaa, ngajelaskeun ngeunaan bimbingan Alloh SWT ka Nabi Muhammad SAW ku cara anu teu kendat-kendatna sarta ngandung ogé paréntah ka Nabi sangkan sukur kana sagala nikmat.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَٱلضُّحَىٰ | Demi waktu duha. |
2. | وَٱلَّيۡلِ إِذَا سَجَىٰ | Jeung peuting waktu keur sepi jempling. |
3. | مَا وَدَّعَكَ رَبُّكَ وَمَا قَلَىٰ | Pangéran manéh teu ngantep jeung teu ngéwa ka anjeun. |
4. | وَلَلۡأَخِرَةُ خَيۡرٌ۬ لَّكَ مِنَ ٱلۡأُولَىٰ | Jeung saéstuna ahérat téh leuwih hadé pikeun anjeun batan dunya. |
5. | وَلَسَوۡفَ يُعۡطِيكَ رَبُّكَ فَتَرۡضَىٰٓ | Jeung saéstuna Pangéran manéh baris maparin kurnia ka anjeun nepi ka anjeun jadi suka. |
6. | أَلَمۡ يَجِدۡكَ يَتِيمً۬ا فَـَٔاوَىٰ | Lain pan Alloh mendakan anjeundina kaayaan yatim, tuluy nangtayungan? |
7. | وَوَجَدَكَ ضَآلاًّ۬ فَهَدَىٰ | Jeung Alloh mendakan anjeun dina kaayaan bingung, tuluy maparin pituduh? |
8. | وَوَجَدَكَ عَآٮِٕلاً۬ فَأَغۡنَىٰ | Jeung Alloh mendakan anjeun dina kaayaan miskin, tuluy maparin kacukupan? |
9. | فَأَمَّا ٱلۡيَتِيمَ فَلَا تَقۡهَرۡ | Anapon, ari ka budak yatim ulah anjeun lumaku sawenang-wenang. |
10. | وَأَمَّا ٱلسَّآٮِٕلَ فَلَا تَنۡہَرۡ | Sarta ari ka jalma nu baramaén ulah anjeun ngusir (nyentak). |
11. | وَأَمَّا بِنِعۡمَةِ رَبِّكَ فَحَدِّثۡ | Jeung ari kana nikmat ti Pangéran anjeun kudu ngucap-ngucapkeunana (ku cara sukur). |
Surat sateuacanna: Al Lail | Surat 93 | Surat saparantosna: Al Insyiroh |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Adh Dhuha, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.