Suraa Al Muthoffifin (basa Arab: المطفّفي,Jalma-jalma nu macikeuh) nyaéta surat ka-83 dina Al Qur'an.
Al Muthoffifin المطفّفي | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Jalma-jalma nu macikeuh |
Golongan | Makkiyah |
Surah ka | 83 |
Juz | Juz 30 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 36 ayat |
Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah, diwangun ku 36 ayat. Dingaranan Al Muthoffifin anu hartina Jalma-jalma anu macikeuh di cokot tina kecap al muthaffifiin anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Surat ieu mangrupa surat pamungkas anu turun di Mekkah saméméh hijrah.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | وَيۡلٌ۬ لِّلۡمُطَفِّفِينَ | Kacilakaan pikeun jalma-jalma tukang macikeuh (ngabobodo takeran, timbangan, ukuran jeung sajaba ti éta). |
2. | ٱلَّذِينَ إِذَا ٱكۡتَالُواْ عَلَى ٱلنَّاسِ يَسۡتَوۡفُونَ | Anu upama maranéhna narima takeran ti nu séjén hayang cukup. |
3. | وَإِذَا كَالُوهُمۡ أَو وَّزَنُوهُمۡ يُخۡسِرُونَ | Tapi upami maranéhna naker atawa nimbang keur batur sok dikurangan. |
4. | أَلَا يَظُنُّ أُوْلَـٰٓٮِٕكَ أَنَّہُم مَّبۡعُوثُونَ | Naha maranéhna teu nyangka yén maranéhna baris dihudangkeun. |
5. | لِيَوۡمٍ عَظِيمٍ۬ | Pikeun nohonan poé nu gedé. |
6. | يَوۡمَ يَقُومُ ٱلنَّاسُ لِرَبِّ ٱلۡعَـٰلَمِينَ | Poé éta manusa bakal diharudangkeun pikeun madep ka Pangéran Nu Murbeng Alam sakabéh. |
7. | كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡفُجَّارِ لَفِى سِجِّينٍ۬ | Ulah kitu! Sabab saenyana tulisan (amal) jelema-jelema doraka téh dina sijjin. |
8. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا سِجِّينٌ۬ | Jeung naha manéh nyaho naon ari sijjin téh? |
9. | كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ | (Éta téh) kitab nu geus ditulis. |
10. | وَيۡلٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لِّلۡمُكَذِّبِينَ | Kacilakaan poé éta pikeun jalma-jalma anu ingkar. |
11. | ٱلَّذِينَ يُكَذِّبُونَ بِيَوۡمِ ٱلدِّينِ | (Nyaéta) jalma-jalma anu ingkar kana poé pangbalesan. |
12. | وَمَا يُكَذِّبُ بِهِۦۤ إِلَّا كُلُّ مُعۡتَدٍ أَثِيمٍ | Jeung taya anu ingkar kana poé pangbalesa téa, anging saba-saban anu ngaliwatan wates-wangen, tur anu kacida dorakana. |
13. | إِذَا تُتۡلَىٰ عَلَيۡهِ ءَايَـٰتُنَا قَالَ أَسَـٰطِيرُ ٱلۡأَوَّلِينَ | Upama dibacakeun ayat-ayat Kami ka manéhna, pokna téh: “Éta mah dongéng-dongéng baheula.” |
14. | كَلَّاۖ بَلۡۜ رَانَ عَلَىٰ قُلُوبِہِم مَّا كَانُواْ يَكۡسِبُونَ | Lain kitu! Malah narutupan haténa sakur nu geus diusahakan ku maranéhna téh. |
15. | كَلَّآ إِنَّہُمۡ عَن رَّبِّہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّمَحۡجُوبُونَ | Lain kitu! Saéstuna dina poé éta téh maranéhna kahijab (kahalangan) tina (rahmat) Pangéranna. |
16. | ثُمَّ إِنَّہُمۡ لَصَالُواْ ٱلۡجَحِيمِ | Tuluy maranéhna bener-bener baris digebruskeun ka naraka Jahim. |
17. | ثُمَّ يُقَالُ هَـٰذَا ٱلَّذِى كُنتُم بِهِۦ تُكَذِّبُونَ | Tuluy baris diwartikeun: “Tah ieu anu kungsi ku maranéh diingkarkeun téh!” . |
18. | كَلَّآ إِنَّ كِتَـٰبَ ٱلۡأَبۡرَارِ لَفِى عِلِّيِّينَ | Masing inget! Saenyana tulisan (amal) jalma-jalma nu haradé aya dina illiyiin. |
19. | وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا عِلِّيُّونَ | Naha manéh nyaho, naon ari illiyyin?. |
20. | كِتَـٰبٌ۬ مَّرۡقُومٌ۬ | (Nyaéta) kitab anu ditulis! |
21. | يَشۡہَدُهُ ٱلۡمُقَرَّبُونَ | Anu disaksian ku malaikat-malaikat anu kadeuheus. |
22. | إِنَّ ٱلۡأَبۡرَارَ لَفِى نَعِيمٍ | Saéstuna jalma-jalma anu balageur mah aya dina kanikmatan. |
23. | عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ | Dina kartil-kartil maranéhna naringali. |
24. | تَعۡرِفُ فِى وُجُوهِهِمۡ نَضۡرَةَ ٱلنَّعِيمِ | Katara dina beungeut maranéhna cahaya kanikmatan. |
25. | يُسۡقَوۡنَ مِن رَّحِيقٍ۬ مَّخۡتُومٍ | Maranéhna dipaparin inumeun pinilih anu ditutupan. |
26. | خِتَـٰمُهُ ۥ مِسۡكٌ۬ۚ وَفِى ذَٲلِكَ فَلۡيَتَنَافَسِ ٱلۡمُتَنَـٰفِسُونَ | Tutupna ku kastori; tah kana kitu téh kudu paheula-heula bareng jeung sakumna nu paheula-heula. |
27. | وَمِزَاجُهُ ۥ مِن تَسۡنِيمٍ | Jeung campuranana tina cai tasnim (pinilih). |
28. | عَيۡنً۬ا يَشۡرَبُ بِہَا ٱلۡمُقَرَّبُونَ | Nyaéta sumber cai pikeun ngarinumna jalma-jalma nu kadeuheus (ku Alloh). |
29. | إِنَّ ٱلَّذِينَ أَجۡرَمُواْ كَانُواْ مِنَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ يَضۡحَكُونَ | Saéstuna jalma-jalma doraka téh baheulana sok nyaleungseurikeun jalma-jalma nu ariman. |
30. | وَإِذَا مَرُّواْ بِہِمۡ يَتَغَامَزُونَ | Jeung upama seug maranéhna ngaliwat ka hareupeun jalma-jalma nu ariman, maranéhna sok silihkiceupan. |
31. | وَإِذَا ٱنقَلَبُوٓاْ إِلَىٰٓ أَهۡلِهِمُ ٱنقَلَبُواْ فَكِهِينَ | Jeung upama maranéhna baralik ka ahlina, baralikna téh sok sarusurakan. |
32. | وَإِذَا رَأَوۡهُمۡ قَالُوٓاْ إِنَّ هَـٰٓؤُلَآءِ لَضَآلُّونَ | Jeung upama maranéhna nénjo ka kaum mu’minin, pok maranéhna nyarita: “Saéstuna éta téh jalma-jalma nu salasar.”. |
33. | وَمَآ أُرۡسِلُواْ عَلَيۡہِمۡ حَـٰفِظِينَ | Padahal maranéhna téh teu diutus pikeun jadi pangraksa maranéhna. |
34. | فَٱلۡيَوۡمَ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ مِنَ ٱلۡكُفَّارِ يَضۡحَكُونَ | Nya dina poé ieu jalma-jalma nu ariman nyaleungseurikeun jalma-jalma kupur. |
35. | عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ يَنظُرُونَ | Tina kartil-kartil maranéhna narénjokeun. |
36. | هَلۡ ثُوِّبَ ٱلۡكُفَّارُ مَا كَانُواْ يَفۡعَلُونَ | Naha geus dibales jalma-jalma kafir téh tina saniskara nu dilampahkeunana? |
Surat sateuacanna: Al Infitar | Surat 83 | Surat saparantosna: Al Insyiqoq |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Al Muthoffifin, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.