Surat Az zalzalah (basa Arab:الزلزلة) nyaéta surat ke-99 dina Al Qur'an.
Az Zalzalah الزلزلة | |
---|---|
Informasi | |
Harti | Génjlong |
Golongan | Madaniyah |
Surah ka | 99 |
Statistik | |
Jumlah ruku' | 1 ruku' |
Jumlah ayat | 8 ayat |
Surat ieu diwangun ku 8 ayat sarta kaasup kana surat Madaniyah. Surat ieu diturunkeun sanggeus surah An Nisa. Ngaran Az zalzalah dicokot tina kecap Zilzaal anu hartina 'eundeur' sarta aya dina ayat kahiji surat ieu.
Poko-poko eusina: Kajadian dina poé kiamat di mana bumi dieundeurkeun sarta manusa tatanya ngeunaan kajadian waktu éta. Sarta jangji Alloh yén saban kahadéan sarta kejahatan cacak saleutik naon baé ogé baris meunangkeun balesan.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِذَا زُلْزِلَتِ الأرْضُ زِلْزَالَهَا | Nalika bumi digénjlongkeun ku lini (panungtungan). |
2. | وَأَخْرَجَتِ الأرْضُ أَثْقَالَهَا | Sarta bumi mangpéngkeun pangeusina |
3. | وَقَالَ الإنْسَانُ مَا لَهَا | Sarta manusa nyarita: "Naha bet kieu?" |
4. | يَوْمَئِذٍ تُحَدِّثُ أَخْبَارَهَا | Dina poé éta bumi bakal ngémbarkeun warta (ngeunaan kabéh kahadéan jeung kagoréngan di luhur bumi). |
5. | بِأَنَّ رَبَّكَ أَوْحَى لَهَا | Lantaran saéstuna Pangéran geus maréntahkeun éta ka bumi. |
6. | يَوْمَئِذٍ يَصْدُرُ النَّاسُ أَشْتَاتًا لِيُرَوْا أَعْمَالَهُمْ | Poé éta jalma-jalma baris paburisat lantaran ka marénahna baris ditémbongkeun sagala amal pagawéanana. |
7. | فَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ | Sing saha anu ngalampahkeun amal kahadéan sanajan ngan sabeurat atom, pasti manéhna baris nénjo amal kahadéanana. |
8. | وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ | Jeung sing saha anu ngalampahkeun kajahatan sanajan ngan sabeurat atom, pasti bakal nénjo amal kajahatanana. |
Surat sateuacanna: Al Bayyinah | Surat 99 | Surat saparantosna: Al 'Adiyat |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Az Zalzalah, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.