Al 'Adiyat

Surat Al 'Adiyat diwangun ku 11 ayat sarta kagolongkeun kana surat makkiyah, surat ieu diturunkeun sanggeus surat Al Asri.

Al 'Adiyat
العاديات
Informasi
Harti Nu lumpat tarik
Golongan Makkiyah
Surah ka 100
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 11 ayat

Ngaran Al Adiyat dicokot tina kecap Al 'Aadiyaat anu hartina lumpat tarik anu aya dina ayat kahiji surat ieu.

Poko-poko eusina: Anceman Alloh ka manusa anu jalir sarta anu pohara mikacinta harta bandana yén maranéhanana baris meunang balesan anu satimpal dina mangsa maranéhanana dihudangkeun tina kubur sarta dina mangsa eusi dada maranéhanana diébréhkeun.

Sajarah turunna surat

Al Bazzar, Ibnu Abi Hatim, jeung Al Hakim ngariwayatkeun ti Ibnu Abbas anu nyaritakeun, "Hiji mangsa, Rosululloh ngirimkeun hiji pasukan. Tapi, nepi ka sabulan kanjeng Rosul henteu ngéngingkeun warta ngeunaan kaayaan pasukan kasebut. Nya, Alloh nurunkeun ieu surat."

Eusi jeung Tarjamah

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا
Demi kuda perang anu lalumpat tarik ngaharégag .
2.
فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا
anu ngaluarkeun seuneu patingburicak tina talapok-talapok sukuna.
3.
فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا
anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci subuh.
4.
فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا
mangka harita (éta kuda perang téh) ngaburisatkeun kebul taneuh (liliwatanana).
5.
فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا
mangka harita (eta kuda perang téh) terus narajang ka tengah-tengah pasukan musuh.
6.
إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬
Saéstuna manusa téh bedegong ka Gusti Alloh.
7.
وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬
Jeung saéstuna maranéhna nyakséni kana kabedegonganana.
8.
وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ
Jeung saéstuna maranéhna téh kacida mikacintana kana harta kakayaan.
9.
أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ
Mangka, naha maranéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna saniskara anu aya dina jero kubur?
10.
وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ
Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada?
11.
إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ
Saéstuna Gusti Alloh maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé éta.

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
  3. Terjemahan buku Sebab Turunnya Ayat Al-Qur'an karya Jalaludin As-Suyuthi, oleh Tim Abdul Hayyie, Gema Insani, Jakarta, 2008
Surat sateuacanna:
Az Zalzalah
Surat 100 Surat saparantosna:
Al Qori'ah
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Tags:

Al 'Adiyat Sajarah turunna suratAl 'Adiyat Eusi jeung TarjamahAl 'Adiyat Tumbu kaluarAl 'Adiyat RujukanAl 'AdiyatAl AsriMakkiyah

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

NazismeTradisi1806YokohamaCarita PantunPasarikatan Bangsa-BangsaBolu2012 TC4Karésten.kzKoalaChadGoongGaangEmas.kiAwi surat1934PaulAya SopiaArgonBabad BantenSunan Bonang1982SapfoAl Falaq2003CakungCaturanggaJaguarWAbdul Halim SyatariKudaBotaniKilogramPuan MaharaniWancahanKota BanjarKunciPanonEtnografiKubaMama GenturBit error ratioN.adWikiBasa SpanyolTérong1953RomaniaGuratmangsa Sastra SundaRarangkén ka--anBandung TVTapak liman17 Pébruari35Karbon dioksidaMonkey D. Luffy.ytMark LeeGada.tvRarangkén barungKakawihanNyeri huntuRiauGaya basa (Sunda)1968🡆 More