Surat Shod (Arab: ص , Ṣhod) nyaéta surat ka-38 dina Al Qur'an.
Shod ص | |
---|---|
Informasi | |
Golongan | Makiyyah, |
Surah ka | 38 |
Juz | Juz 23 |
Waktu turun wahyu | 38 |
Statistik | |
Jumlah ayat | 88 ayat |
Jumlah kecap | 732 |
Jumlah aksara | 3067 |
Harf-e-Mukatta'at | Shood |
Surat ieu kawengku 88 ayat kaasup golongan surat Makkiyah jeung diturunkeun sabada surat Al-Qomar. Dingaranan Shod lantaran ieu surat dimimitian ku huruf Shood.
Ieu pokok ieu surat, di antarana:
صۤ وَٱلْقُرْآنِ ذِي ٱلذِّكْرِ (1) Shood, Demi Al Qur'an nu pinuh pépéling.
بَلِ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ فِي عِزَّةٍ وَشِقَاقٍ (2) Tapi jalma kafir tetep gumedé tur ngalawan.
كَمْ أَهْلَكْنَا مِن قَبْلِهِم مِّن قَرْنٍ فَنَادَواْ وَّلاَتَ حِينَ مَنَاصٍ (3) Padahal geus loba kurun saméméhna nu cilaka, maranéhna ngahelas ménta tulung padahal harita lain mangsa.
وَعَجِبُوۤاْ أَن جَآءَهُم مٌّنذِرٌ مِّنْهُمْ وَقَالَ ٱلْكَافِرُونَ هَـٰذَا سَاحِرٌ كَذَّابٌ (4) Maranéhna héran yén aya nu mawa pépéling, pokna urang kafirin: Ieu mah tukang sihir, tukang bohong.
أَجَعَلَ ٱلآلِهَةَ إِلَـٰهاً وَاحِداً إِنَّ هَـٰذَا لَشَيْءٌ عُجَابٌ (5) Naha manéhna nyieun hiji pangéran ti antara loba pangéran. Ahéng ieu téh.
وَٱنطَلَقَ ٱلْمَلأُ مِنْهُمْ أَنِ ٱمْشُواْ وَاْصْبِرُواْ عَلَىٰ آلِهَتِكُمْ إِنَّ هَـٰذَا لَشَيْءٌ يُرَادُ (6) Gegedén maranéhna gura-giru, pokna: Tuhu tur sobar aranjeun ka pangéran-pangéran aranjeun, éstu ieu nu dimaksud.
مَا سَمِعْنَا بِهَـٰذَا فِى ٱلْمِلَّةِ ٱلآخِرَةِ إِنْ هَـٰذَا إِلاَّ ٱخْتِلاَقٌ (7) (Pokna deu) Kami teu pernah ngadéngé dina ageman nu lian, ieu mah jijieunan.
أَءُنزِلَ عَلَيْهِ ٱلذِّكْرُ مِن بَيْنِنَا بَلْ هُمْ فَي شَكٍّ مِّن ذِكْرِي بَل لَّمَّا يَذُوقُواْ عَذَابِ (8) (Pokna:) Naha naon sababna ieu pépéling téh turun ka manéhna (Muhammad) ti antara urang. Maranéhna tetep dina sangsi kana pépéling Kaula, can ngarasa siksa meureun.
أَمْ عِندَهُمْ خَزَآئِنُ رَحْمَةِ رَبِّكَ ٱلْعَزِيزِ ٱلْوَهَّابِ (9) Atawa maranéhna boga gudang rohmat Pangéran Nu Maha Mulya Nu Maha Béréhan.
أَمْ لَهُم مُّلْكُ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلأَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا فَلْيَرْتَقُواْ فِى ٱلأَسْبَابِ (10) Atawa maranéhna boga kakawasaan di jeung bumi marcapada tur di antara duanana, cik naék maké tangga ka (langit).
Alloh SWT dina ieu surat sumpah ku Al Qur'an nu pinuh pépéling pikeun sakabéh abdi-Na. Ieu hiji-hijina surat anu dimimitian ku huruf shood.
Surat sateuacanna: As Shooffaat | Surat 38 | Surat saparantosna: Az Zumar |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Shod, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.