As Shoff

Surat As-Shoff (Arab: الصف,barisan) nyaéta surat ka-61 dina Al-Qur'an.

As-Shoff
الصف
Informasi
Harti Barisan
Ngaran séjén Al-Hawariyyun
الحَوَاريّين
Golongan Madaniyyah,
Surah ka 61
Juz Juz 28
Waktu turun wahyu 71
Statistik
Jumlah ayat 14 ayat
Jumlah kecap 221
Jumlah aksara 900

Surat ieu kaasup surat Madaniyah tur kawengku 14 ayat. Dingaranan As-Shoff saluyu nu kaunggel dina ayat ka-4.

Poko-poko eusina

  • Sakur nu di alam raya pada tasbéh
  • Pépéling pikeun nu ariman kudu saihwan ucap jeung lampah
  • Bajuang di jalan Alloh dina hiji soff/ barisan
  • Laku lampah Bani Isroil nu cidra ka Nabi Musa jeung Nabi Isa as.
  • Agama Islam pinasti unggul ti antara agama nu lian
  • Surga Adn pikeun jalma nu iman jeung jihad di jalan Alloh ku harta jeung dirina
  • Hawariyyun (murid-murid Nabi Isa as).

Ayat jeung Terjemah


سَبَّحَ لِلَّهِ مَا فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَمَا فِي ٱلأَرْضِ وَهُوَ ٱلْعَزِيزُ ٱلْحَكِيمُ

(1) Maca tasbéh sakabéh nu aya di langit jeung bumi. jeung Mantena Nu Maha Rosa tur Maha Wijaksana.


يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ لِمَ تَقُولُونَ مَا لاَ تَفْعَلُونَ

(2) Hé jalma nu ariman, naha aranjeun ngucapkeun nu teu dipilampah ku aranjeun?.


كَبُرَ مَقْتاً عِندَ ٱللَّهِ أَن تَقُولُواْ مَا لاَ تَفْعَلُونَ

(3) Gedé kacida ceuceubna mungguh Alloh, ngomongkeun nu teu dipilampah.


إِنَّ ٱللَّهَ يُحِبُّ ٱلَّذِينَ يُقَاتِلُونَ فِي سَبِيلِهِ صَفّاً كَأَنَّهُم بُنْيَانٌ مَّرْصُوصٌ

(4) Saéstuna Alloh cinta ka jalma-jalma nu bajuang di jalan-Na (Alloh) dina hiji barisan lir ibarat hiji wangunan anu weweg Al-aayah Jstrsna....

Tadabbur jeung Tadzakkur

Ieu surat dimimitian ku tasbéh janten hiji totonden nu bakal dibéwarakeun ku Alloh mangrupa pépéling luar biasa.

  • Di antawisna panggero nu ka-1, umat nu ariman pikeun bajuang dina hiji barisan anu weweg tohaga, ucap jeung lampah kudu saihwan. Jadikeun kisoh Bani Isroil ka Nabi Musa as jeung Nabi Isa as, ulah diconto. Maranéhna bakal terus ngahihileudan umat Islam tapi pinasti Gusti Alloh nulungan nu ariman sanajan maranéhna teu resep. Bebeneran pasti unggul.
  • Disusul panggero ka-2, nu ariman jeung bajuang (jihad) di jalan Alloh, tinangtu Gusti Alloh méré pangampura, sawarga, imah di surga Adn tur pitulung jeung deukeutna waktu unggulna nu ariman.
  • Panggero nu ka-3, nu ariman digero pikeun nulung agama Alloh lir ibarat Nabi Isa as cumeluk ka Hawariyyun: "Saha nu daék nulung ngabantu kuring?" Hawariyyun ngajawab: "Abdi sadaya sayagi ngabantu salira". Alloh SWT pinasti nulungan nu ariman tepi ka meunang.

Rujukan

Tumbu kaluar

Surat sateuacanna:
Al Mumtahanah
Surat 61 Surat saparantosna:
Al Jumuah
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit
As Shoff 

Tags:

As Shoff Poko-poko eusinaAs Shoff Ayat jeung TerjemahAs Shoff Tadabbur jeung TadzakkurAs Shoff RujukanAs Shoff Tumbu kaluarAs ShoffBasa ArabQur'an

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

ISO 421731JahéViceroyBit error ratioSMAS Kanaan Global SchoolMohammad HattaZirkoniumNiueKota18331900Sérén taunBasa MyanmarPanama945.adEukariot2012 TC41986VitaminAtejiPasarikatan Bangsa-BangsaAbad ka-17TurkiAksara Sunda KunaPakeman basa.mhWiki Commons1980Sondah1977PerpustakaanRomaniaRaksukan.byT1968BeuratCékoBabasanBabad CirebonFC BarcelonaAdvanced Technology AttachmentBasa program159431 Méi30 AprilCilokKoréa KidulEBabad PanjaluRarangkén -anCarios Ki Santri GagalCut Nyak Dhien1957Kadu1946Kecap kantétan (basa Sunda)PatempatanLiang Heunceut2013BarusuhKarajaan Ngahiji63Bulan (satelit)Réog12 JanuariMama GenturJoko WidodoIstilah perenah anatomi🡆 More