Al Baqoroh

Surat Al Baqoroh (Arab: البقرة, al-Baqarah, Sapi Bikang) nyaéta surat ka-2 dina Al Qur'an.

Al Baqoroh
سورة البقرة
Informasi
Harti Sapi Bikang
Ngaran séjén 'Fusthotul Qur'an
Alif Laam Miim
Sanamul Quran
Az-Zahrawaén
Golongan Madaniyyah
Surah ka 2
Juz Juz 01
Waktu turun wahyu 87
Statistik
Jumlah ruku' 40 ruku'
Jumlah ayat 286 ayat
Jumlah kecap 6121
Jumlah aksara 25.500

Surat ieu kawengku ti 286 ayat, 6.221 kecap, jeung 25.500 huruf jeung kaasup surat Madaniyah. Sabagéan gedé ayatna turun di awal hijrahna Nabi sa.w., iwal ti ayat 281 nu turun di Mina nalika Haji Wada'. Surah ieu pang panjangna dina Al Qur'an. Dingaranan Al-Baqoroh nu hartina Sapi Bikang dicandak tina carita Bani Isroil nu diparéntah Allah meuncit sapi bikang  (ayat 67-74). Surat ieu ogé disebut Fusthotul Qur'an (Puncakna Al-Qur'an) lantaran eusina  aya hukum-hukum nu teu disebutkeun dina surat nu lian atawa surat Alif Lam Mim  lantaran dimimitian Alif Lam dan Mim. Turun sabada Surat 83 Al Muthoffifin.

Asbabun Nuzul (Sabab Turunna)

Ti Ibnu Abbas r.a, saurna nalika turun dua siloka (مثلهم كمثل الذي استوقد نارا) hartina "siloka maranéhna (urang munafék) lir ibarat jalma nu ngahurungkeun seuneu (tapi teu nyaangan maranéhna, teu nempo)...", jeung (أو كصيب من السماء) hartina: "Atawa (urang munafék) lir ibarat hujan ngagebrét turun ti langit (bari poék peteng).." nu patali jeung urang munafék, pok maranéhna nyarita: Alloh leuwih luhung tibatan ieu dua siloka. Alloh nurunkeun ayat (إن الله لا يستحيي أن يضرب مثلا) hartina: "Alloh teu éra nyieun siloka (maké reungit)..".

Fadhilah ieu surat

Rosululloh saw, ngadawuh: (الآيتان من آخر سورة البقرة، من قرأهما في ليلة كفتاه) Dua ayat tina akhir surat Al-Baqoroh saha nu maca dina sapeuting nyukupan.

Ayat jeung tarjamah


الۤـمۤ (1) Alif Laamiim.
ذَلِكَ ٱلْكِتَابُ لاَ رَيْبَ فِيهِ هُدًى لِّلْمُتَّقِينَ (2) Ieu kitab (Al Qur'an) teu sangsi deui di jerona, pituduh pikeun jalma-jalma nu takwa.
ٱلَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِٱلْغَيْبِ وَيُقِيمُونَ ٱلصَّلٰوةَ وَممَّا رَزَقْنَاهُمْ يُنْفِقُونَ (3) (nyaéta) nu iman (percaya ku haté) kanu ghoib, nanjeurkeun solat, jeung infak ku sabagian rejeki.
وٱلَّذِينَ يُؤْمِنُونَ بِمَآ أُنْزِلَ إِلَيْكَ وَمَآ أُنْزِلَ مِن قَبْلِكَ وَبِٱلآخِرَةِ هُمْ يُوقِنُونَ (4) Jeung jalma-jalma nu iman kana (wahyu) nu turun ka Anjeun (Nabi a.s) jeung kana (wahyu) nu turun saméméh Anjeun
أُوْلَـٰئِكَ عَلَىٰ هُدًى مِّن رَّبِّهِمْ وَأُوْلَـٰئِكَ هُمُ ٱلْمُفْلِحُونَ (5) Maranéhna éta jalma-jalma nu meunang pituduh ti Pangéran maranéhna tur maranéhna jalma-jalma nu aruntung

Pokok Eusina

Tadabbur & Tadzakkur

Sa anjogna Kangjeng Nabi S.a.w sumping ka Madinah, ieu surat nu mimiti turun anu eusina di antarana ngécéskeun yén Al Qur'an mangrupa kitab pituduh pikeun anu tarakwa (muttaqin) kalayan sababaraha ciri, nyaéta iman kanu goib, migawé solat, méré infaq, iman kana kitab nu turun ka Nabi s.a.w. jeung nu saméméhna Nabi s.a.w, tur yakin kana poé ahérat. Rupa-rupa syaréat mimiti lumaku di masyarakat Islam.

Syaréat Puasa

Dina taun ka-2 (dua) hiriyah, disyaréatkeun puasa Romadhon. Turun surat ieu ayat ka-183 (يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ ٱلصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى ٱلَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ). Kalimah (يا أيُّها الَّذين آمَنُوا ) ngandung harti hé jalma-jalma nu ariman ka Alloh jeung rosul-Na, ngabenerkeun duanana tur ikror (ku lisan ku maca syahadat). Makna (كُتِبَ عَلَـيْكُمُ الصّيامُ ) nyaéta difardukeun ka aranjeun hé nu ariman puasa. Kecap (الصيام) tina kecap (صمت عن كذا وكذ) atawa (أصوم عنه صوماً وصياماً) kuring nahan tina anu tur anu, maksudna nahan tina saniskara nu Alloh maréntahkeun pikeun nahan. Ogé boga makna makna nahan teu ngomong, dina carita Siti Maryam nalika, dawuhna: ( إِنِّي نَذَرْتُ لِلرَّحْمَـٰنِ صَوْماً ) "Kuring nadar karana Nu Maha Welas puasa (ayeuna moal ngomong jeung saha ogé). ku kituna (صوماً وصياماً) bisa boga dua harti, nyaéta puasa (صياماً) nahan tina saban perkara atawa puasa ngomong (صَوْماً). Ceuk syara puasa nyaéta (الإمساك عن المفطرات مع ٱقتران النية به من طلوع الفجر إلى غروب الشمس) Nahan tina nu ngabatalkeun dibarengan niat ti mimiti medalna fajar tepi ka surupna panon poé. Jeung sampurnana ku (وتمامه وكماله بٱجتناب المحظورات وعدم الوقوع في المحرّمات), ninggalkeun nu dilarang jeung nyingkahan ti nu haram.

Rujukan

Pranala luar

Surat sateuacanna:
Al Fatihah
Surat 2 Surat saparantosna:
Ali Imron
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit


Al Baqoroh 

Tags:

Al Baqoroh Asbabun Nuzul (Sabab Turunna)Al Baqoroh Fadhilah ieu suratAl Baqoroh Ayat jeung tarjamahAl Baqoroh Pokok EusinaAl Baqoroh Tadabbur & TadzakkurAl Baqoroh RujukanAl Baqoroh Pranala luarAl BaqorohBasa ArabHijrahMadaniyahQur'an

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Perang Israél−Hamas 2023Yamaha AéroxLeupeutMajalahBugangTurus (majalah)KAI Commuter IndonésiaNajwa ShihabWikipédia basa SundaNgaliwon OrokKayasSusi PudjiastutiFebri HaryadiBasa InggrisUkrainaUncal SundaBaruang ka Nu NgaroraZaitunKuda rénggongJukutRayon JalilabadStasion CibitungKabudayaan SundaMonologPadalisan1977Indra BruggmanÉngkléPapantunanKiblatInumanCandi CangkuangWawancaraBeutiKastroliBéklenCakungGatot SoebrotoLionel MessiPasarikatan Bangsa-BangsaJawa (pulo)Tahu SumedangPérsKiraiBiantaraVirusBangkong korodokKorsiWikiIndonésiaAnjingYongki KomaladiPaparikanBasa BalkewanCaturanggaTatakrama basa SundaSato SundaAreuyÉnergiSeblakSirung22 AprilNine Inch Nails🡆 More