Al Ghosyiyah

Surah Al Ghosyiyah (basa Arab:الغاشية, al Ġāšiyäh, Poé Pangbalesan) nyaéta surat ka-88 dina Al Qur'an.

Al Ghosyiyah
الغاشية
Informasi
Harti Poé Pangbalesan
Golongan Makkiyah
Surah ka 88
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 26 ayat

Surat ieu kagolongkeun kana surat Makkiyah sarta diwangun ku 26 ayat. Dingaranan Al Ghosyiyah anu hartina Poé Pangbalesan dicokot tina kecap al ghosyiyah anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Anu dimaksud ku "Poé Pangbalesan" dina surat ieu téh nyaéta poé kiamat. Surat ieu téh surat anu biasana dibaca ku nabi Muhammad dina rokaat kadua dina solat poé raya sarta solat jumaah.

Eusi jeung Tarjamah

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
هَلۡ أَتَٮٰكَ حَدِيثُ ٱلۡغَـٰشِيَةِ
Naha geus kawartikeun ka manéh kajadian nu rongkah?
2.
وُجُوهٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ خَـٰشِعَةٌ
Mangpirang-pirang beungeut (jalma) dina poé éta aralum;
3.
عَامِلَةٌ۬ نَّاصِبَةٌ۬
Tihothat, lalungse.
4.
تَصۡلَىٰ نَارًا حَامِيَةً۬
Dipanggang dina seuneu nu panas liwat saking.
5.
تُسۡقَىٰ مِنۡ عَيۡنٍ ءَانِيَةٍ۬
Diinuman tina sungapan cai nu ngagolak.
6.
لَّيۡسَ لَهُمۡ طَعَامٌ إِلَّا مِن ضَرِيعٍ۬
maranéhna hamo meunang dahareun salian ti cucuk-cucukan.
7.
لَّا يُسۡمِنُ وَلَا يُغۡنِى مِن جُوعٍ۬
Nu teu matak lintuh teu matak ngaleungitkeun lapar.
8.
وُجُوهٌ۬ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ نَّاعِمَةٌ۬
Mangprang-pirang beungeut (jalma) dina poé éta marahmay.
9.
لِّسَعۡيِہَا رَاضِيَةٌ۬
Rido (bagja) alatan lampahna.
10.
فِى جَنَّةٍ عَالِيَةٍ۬
Di sawarga nu luhur.
11.
لَّا تَسۡمَعُ فِيہَا لَـٰغِيَةً۬
manéh moal ngadenge di dinya mah nu taya gunana.
12.
فِيہَا عَيۡنٌ۬ جَارِيَةٌ۬
Di dinya cur-cor sungapan cai.
13.
فِيہَا سُرُرٌ۬ مَّرۡفُوعَةٌ۬
Di dinya aya kartil-kartil nu laluhur.
14.
فِيہَا سُرُرٌ۬ مَّرۡفُوعَةٌ۬
Jeung lumur-lumur nu diidangkeun.
15.
وَنَمَارِقُ مَصۡفُوفَةٌ۬
Jeung bantal-bantal panyarandéan anu ngajajar.
16.
وَزَرَابِىُّ مَبۡثُوثَةٌ
Jeung amparan-amparan nu diamparkeun.
17.
أَفَلَا يَنظُرُونَ إِلَى ٱلۡإِبِلِ ڪَيۡفَ خُلِقَتۡ
Naha maranéhna teu niténan kana onta, kumaha diyugakeun?
18.
وَإِلَى ٱلسَّمَآءِ ڪَيۡفَ رُفِعَتۡ
Jeung kana langit, kumaha dikaluhurkeunana?
19.
وَإِلَى ٱلۡجِبَالِ كَيۡفَ نُصِبَتۡ
Jeung kana gunung-gunung kumaha ditancebkeunana?
20.
وَإِلَى ٱلۡأَرۡضِ كَيۡفَ سُطِحَتۡ
Jeung kana bumi kumaha diamparkeunana?
21.
فَذَكِّرۡ إِنَّمَآ أَنتَ مُذَڪِّرٌ۬
Ku kituna geura elingan ku manéh (Muhammad), saestuna manéh the tukang ngelingan.
22.
لَّسۡتَ عَلَيۡهِم بِمُصَيۡطِرٍ
manéh lain jelema anu kumawasa ka maranéhna.
23.
إِلَّا مَن تَوَلَّىٰ وَكَفَرَ
Tapi sing saha anu ngabalieur jeung kupur,
24.
فَيُعَذِّبُهُ ٱللَّهُ ٱلۡعَذَابَ ٱلۡأَكۡبَرَ
Tinangtu Alloh baris nyiksa manéhna ku siksaan nu pohara gedéna.
25.
إِنَّ إِلَيۡنَآ إِيَابَہُمۡ
Saestuna nya Kami pangbalikan maranéhna.
26.
ثُمَّ إِنَّ عَلَيۡنَا حِسَابَہُم
Tuluy saenyana hak Kami ngabalitungkeun (amal) maranéhna.

Poko-poko eusi

  • Keterangan ngeunaan jalma-jalma kafir dina poé kiamat sarta azab anu diragragkeun ka maranéhanana
  • Keterangan ngeunaan jalma-jalma anu iman sarta kaayaan sawarga anu dibikeun ka maranéhanana minangka balesan
  • Paréntah pikeun nengetan kaahéngan ciptaan-ciptaan Alloh
  • Paréntah ka Rosulullah s.a.w. pikeun ngingetkeun kaumna kana ayat-ayat Alloh alatan anjeunna nyaéta nu méré pangéling, sarta lain saurang anu ngawasa kana kaimanan maranéhanana.

Rujukan

Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
{{{link}}}
Surat sateuacanna:
Al `Ala
Surat 88 Surat saparantosna:
Al Fajar
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Tags:

Al Ghosyiyah Eusi jeung TarjamahAl Ghosyiyah Poko-poko eusiAl Ghosyiyah RujukanAl Ghosyiyah Tumbu ka luarAl GhosyiyahAl Qur'anBasa ArabMakkiyahMuhammad

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

FKode nagara top-level domainArméniaKampung NagaSamsoediPakeman basaArgonAksara GedéGotong royong1585YRukun ImanPhiladelphiaTumbung27 Maret35RomaniaTatakrama pamingpin Sunda1972Abad ka-17Adat ngurus orok1943Tirosin1974Abad ka-8 SMKabupatén LebakCandrasangkala.boTatang SumarsonoFurigana30 Agustus19904Capit GuntingBajigurOPECAbad ka-7 SMBasa Betawi ParungMonyétZirkonium20051977.pe.yt24968ZAksara Sunda Baku39Juharaᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮜᮎᮕ᮪Monarki konstitusional12 OktoberHéndarsoLiniNyeri huntuAngklungSebaran probabilitasLépraMarsAnonimImahSaudi ArabiaKota DépokPanonSuisKecap (basa Sunda)Jérman1970-anQ0-anÉlmu komputerÉkologi🡆 More