Anonim

Anonim (Ing.

anonym; anonymous an - tanpa + obyma - ngaran) nyaéta tanpa ngaran atawa teu kanyahoan ngaranna. Ieu hal dilarapkeun kana karya-karya atawa jieunan hiji jalma anu teu kanyahoan idéntitasna.

Anonim
Naskah téh kaasup tulisan nu anonim.

Dina Sastra

Asupna anonim dina karya sastra dikasangtukangan ku lobana karya nu teu kanyahoan saha pangarangna atawa saha nu nyiptana, boh lisan boh tinulis. Can kapaluruh naha bisa kajadian kitu. Ieu kajadian mindeng kapanggih dina sastra lisan. Kahartina téh mémang euweuh kasempetan keur nyebut ngaran pangarang jeung euweuh jaminan yén ngaran pangarang bakal terus disebut da puguh sumberna sacara lisan. Béda jeung tinulis, nu mindeng kapanggihna dina periodeu naskah. Lebah dieu, patali jeung tatakrama atawa pranata kahirupan umumna alam harita nu ngarasa euweuh perluna nulis ngaran dina karangan. Antukna, karangan anonim sok dicirian NN (No Name).

Ciri Sastra Heubeul

Anonim téh ciri sastra heubeul nu mindeng kapanggih di masarakat. Wangun karya sastrana bisa puisi atawa prosa. Nu kaasup papasingan puisi nu anonim téh kayaning pupuh, dangding, pupujian, jeung sisindiran. Ari prosa nu anonim téh nyaéta dongéng, babad, jeung carita dina naskah kuno.

Rujukan

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

2001Cut Nyak DhienLancah maung.boSMAS Kanaan Global SchoolKlausa (basa Sunda)1951UTCQatar17071911PaparikanIndiaBabasan371326AnjingKastrolPutat22Basa Betawi ParungX.ye96821 MéiJahéOksigénBajigurSounSecangAntigén leukosit manusaPakeman basaInsulinÉnergiPaculMaroko31 MéiMomen (matematika)Maudy AyundaPicasaLaut MatiSayangCihcirBintangWayangMesirPythagorasAtlasSunan Gunung JatiSahadat buhun.kzTransnistria407AbadKota BanjarAnonimItō HirobumiPuan MaharaniTénjolaya, Cicaléngka, Bandung.cyIranJuniRarangken per-Tapak limanPasamakmuran Bangsa-BangsaTepasMaséhi2011IndonésiaRarangkén sang-Carita PantunTaneuh.adWajitTaun🡆 More