27 Maret

27 Maret nyaéta poé ka-86 dina sataun (ka-87 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 279 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  

Kajadian

  • 1513 – Pangjalajah Spanyol Juan Ponce de León nepi ka tungtung kalér Bahama dina lalampahan nu munggaranna ka Florida.
  • 1809 – Perang Bobojong: Pasukan gabungan Perancis-Polandia hasil ngéléhkeun urang Spanyol dina Patempuran Ciudad Real.
  • 1814 – Perang Taun 1812: Di puseur Alabama, Pasukan AS dina pingpinan Jénderal Andrew Jackson ngéléhkeun Indian Creek dina Patempuran Péngkolan Talapok Kuda.
  • 1836 – Révolusi Texas: Ku paréntah Jénderal Antonio López de Santa Anna, tentara Méksiko ngabantéy 342 tahanan perang di Goliad, Texas.
  • 1855 – Abraham Gesner maténkeun karosén (minyak taneuh).
  • 1886 – Geronimo, prajurit Apache, nyerah ka Angkatan Perang AS, mungkas babak utama Perang Apache.
  • 1899 – Emilio Aguinaldo mingpin pasukan Philipina, ngan sakali-kalina wanci Perang Amerika-Philipina dina Patempuran Leuwi Marilao.
  • 1915 – Mary Tipes (Mary Mallon), jalma sehat nu mamawa panyakit tipus di AS, dikarantina pikeun kadua kalina sarta teu meunang kaluar-luar deui saumur hirupna.
  • 1918 – Déwan Nasional Bessarabia nyatakeun ngagabung ka Karajaan Romania.
  • 1938 – Perang Cina-Jepang Kadua: Patempuran Taierzhuang dimimitian, anggeus sababaraha minggu ti harita ku kameunangan Cina.
  • 1941Perang Dunia II: Angkatan Udara Yugsolavia ngarugrugkeun pamaréntahan pro-Axis dina hiji kudéta tanpa getih.
  • 1943 – Perang Dunia II: Patempuran Kapuloan Komandorski: Di Kapuloan Aleutian lumangsung antara Angkatan Laut AS nu mapag pasukan Jepang nalika usaha rék ngarojong garnisun di Kiska.
  • 1964 – Lini Jumat Hadé, lini pangtohagana kacatetkeun dina sajarah Amérika Kalér ku magnitude 9,2 narajang kidul tengah Alaska, nelasan 125 jalma sarta ngabalukarkeun karusakan rohaka di Kota Anchorage.
  • 1968Suharto dilantik jadi présidén kadua.
  • 1975 – Pangwangunan saluran pipa trans-Alaska dimimitian.
  • 1977 – Musibah bandara Tenerife: Dua Boeing 747 tabrakan dina cuaca nu pinuh ku kabut di Tenerife, Kapuloan Kanari, nelasan 583 jalma. (248 ti KLM, 335 ti Pan Am). Genep puluh hiji urang salamet ti Pasawat Pan Am. Kajadian ieu mangrupa pangparah-parahna kacilakaan dina sajarah pangapungan.
  • 1980 – Pangeboran minyak Alexander L. Kielland di Norwegia rubuh, nelasan 123 tina 212 pagawéna.
  • 1980 – Gunung St. Helens aktif deui sabada 123 taun.
  • 1986 – Bom mobil ngabeledug di saluareun markas pulisi di Jalan Russel Melbourne, Australia, nelasan saurang pulisi jeung nyideraan 21 jalma.
  • 1993 – Jiang Zemin kapilih jadi présiden RRC.
  • 1993 –  Manten menteri jeung pamingpin Demokrasi Karisten, Giulio Andreotti dituduh sakompet daun jeung mafia ku pangadilan Palermo.
  • 1998 – Administrasi Kadaharan jeung Obat AS nyatujuan panggunaan Viagra pikeun lalaki nu impotén.
  • 1999 – Perang Kosovo: Pasawat Lockheed F-117A Nighthawk Amérika ditémbak murag ku misil arhanud Yugoslavia, hiji-hijina pasawat Nighthawk nu beunang dina perang éta.
  • 2000 – Pabrik Petroleum Phillips ngabeledug di Pasadena, Texas, nelasan saurang jalma sarta nyideraan 71 urang lianna.
  • 2002 – Bom maéhan manéh Palestina nelasan 29 jalma dina hiji ritual Passover di Netanya, Israél.
  • 2002 – Di Nanterre Perancis, saurang jalma basanjata némbakan hiji pasamoan déwan kota, ngakibatkeun maotna 19 anggota déwan sarta 19 lianna cidera.
  • 2009 – Waduk Situ Gintung, hiji situ buatan di Cireundeu, Tanggerang, Indonésia rebah, nelasan saheunteuna 99 jalma.
  • 2014 – Philipina néken kasapukan daméy jeung Front Pangbébasan Islam Moro, ngaréngsékeun patelak salila sataun.
  • 2015 – Militan Al-Shabab nyerang hotél nu samentara dicicingan ku urang Mogadishu, nelasan 20 jalma.
  • 2016 – Hiji bom maéhan manéh di Taman Gulshan al-Iqbal, Lahore, wanci jalma-jalma keur ngarayakeun Paskah, ngabalukarekun maotna leuwih ti 70 jiwa sarta nyideraan leuwih ti 300 lianna.
  • 2019Facebook ngalarang nasionalisme bulé jeung supermasi bulé sabada lobana kritikan ngeunaan téroris Christchurch nu bisa mintonkeun langsung seranganna.

Nu babar

  • 1845 – Wilhelm Röntgen, élmuwan Jérman (td. 1923)
  • 1969 – Gianluigi Lentini, pamaén bola Amérika
  • 1969Mariah Carey, tukang ngawih Amérika
  • 1971David Coulthard, tukang balap mobil Skotlandia
  • 1972 – Jimmy Floyd Hasselbaink, pamaén bola Walanda
  • 1974 – Gaizka Mendieta, pamaén bola Spanyol
  • 1975 – Fergie, artis Amérika
  • 1986 – Manuel Neuer, kiper Jérman
  • 1988 – Mauro Goicoechea, kiper Uruguay
  • 1988 – Jessie J, tukang ngawih Inggris
  • 1988 – Brenda Song, artis Amérika
  • 1990 – Kimbra, musisi Selandia Anyar

Nu pupus

  • 1968 – Yuri Gagarin, kosmonot Rusia (l. 1934)
  • 1987 – Tony Koeswoyo, musisi Indonésia (Koes Ploes) (l. 1936)
  • 2015 – Olga Syahputra, komédian Indonésia (l. 1983)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Wishk(e)y Internasional
  • Poé Téater Internasional

Tumbu luar

27 Maret 

Tags:

27 Maret Kajadian27 Maret Nu babar27 Maret Nu pupus27 Maret Poé peré poé panginget-nginget27 Maret Tumbu luar27 MaretKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

AtikanDaptar nagaraRarangkén sang-OasisRakitan lantipCaturanggaRarangkén -anAkiSérén taunHukumDangdingAlgoritmaRarangkén -naIndiaRamadanItilDiksiKampung adat CireundeuMozilla FirefoxGHihileudeunAdolf HitlerPiala IntercontinentalAustraliaÉlmu bumiJérmanUrinGuadelupBabasanRarangkén -keunOpakManukBeutiPurwakantiPalastikSecangSpéktrum éléktromagnétikKampung DukuhKusumah AtmajaMagmaBacang (kadaharan)TumbungLasminingratWartaGamelanLos AngelesAt TahrimOpieunKaséhatanInternétAprilBasa SundaRamoUrang PérsiaKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarKawihSeserahan1953Aksara Sunda BakuSaurDurma1989BangbaraKirgistan2 Séptémber🡆 More