Al Ma'un

Surat Al Ma'un nyaéta surat ka-107 dina Al Qur'an.

Al Ma'un
الْمَاعُونَ
Informasi
Harti Barang-barang anu kapaké
Golongan Makkiyah
Surah ka 107
Juz Juz 30
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 7 ayat

Surat ieu digolongkeun kana surat-surat makkiyah sarta diwangun ku 7 ayat. Kecap Al Maa'uun sorangan hartina barang-barang anu kapaké, dicokot tina ayat ka-7 ti surat ieu. Poko eusi suratna nyaritakeun anceman ka jalma-jalma anu digolongkeun ngabohongkeun ageman nyaéta maranéhanana anu nolak mikeun hakna budak yatim, henteu nulungan fakir miskin, ujub riya takabur (hayang katanggar ku sasama manusa) dina solatna, sarta seunggah nulungan ku cara méré barang-barang anu kapaké.

Eusi jeung Tarjamah

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
أَرَءَيۡتَ ٱلَّذِى يُكَذِّبُ بِٱلدِّينِ
Naha anjeun nyaho jalma nu ingkar kana agama?
2.
فَذَٲلِكَ ٱلَّذِى يَدُعُّ ٱلۡيَتِيمَ
Nya nu kitu téh jalma nu nolak (mikeun hakna) budak yatim.
3.
وَلَا يَحُضُّ عَلَىٰ طَعَامِ ٱلۡمِسۡكِينِ
Jeung tara daék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin.
4.
فَوَيۡلٌ۬ لِّلۡمُصَلِّينَ
Ku kituna kacilakaan pikeun jalma-jalma nu sarolat
5.
َٱلَّذِينَ هُمۡ عَن صَلَاتِہِمۡ سَاهُونَ
Nyaéta jalma-jalma nu mopohokeun tur nglalaworakeun solatna.
6.
ٱلَّذِينَ هُمۡ يُرَآءُونَ
Nyaéta jalma-jalma nu ujub ria (hayang kapuji).
7.
وَيَمۡنَعُونَ ٱلۡمَاعُونَ
Sarta teu daraék tulung tinulungan.

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
Surat sateuacanna:
Quraisy
Surat 107 Surat saparantosna:
Al Kautsar
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Tags:

Al Qur'anMakkiyahSolat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

28 OktoberWawacanMoci.yeQatarBarusuhPuan Maharani2000ISO 3166-1Kalimah (Basa Sunda).mtAwi buluhAksaraTérongRAbad ka-14Awi wulungModulasiMomen (matematika)13 MaretKekecapan59SurinameNomer Buku Standar InternasionalÉkonomiPurchasing power parityMakauMakaluMosambikNyeri huntuPaul1939Joko WidodoOPythagorasMaroko2005KaréstenBasa Hiri MotuNakulaNangkaKota Surabaya.frAlamAnimasiSistim alamat JepangBacang (kadaharan)Makédonia (disambiguasi)Gaya basa (Sunda)AmoxicillinPrancisDadan SutisnaKarna YudibrataDéwi SartikaWiki Commons1947TransnistriaArgéntinaD19861921Djoeanda KartawidjajaMadridSuratAl FalaqIndiaMama GenturDaylight saving timeKecap sulurUni ÉropaSebaran probabilitasRandegan🡆 More