Kadaharan Bacang

Bacang nyaéta kadaharan sabangsa leupeut, dijieunna tina béas beunang ngagigihan, biasana mah maké jeroan mangrupa daging jeung sayuran, dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang.

Kiwari aya bacang nu eusina supa, rebon, témpé, jsb. Aya ogé nu ditambahan eusina ku endog asin kokonéngna. Ari samarana ngagunakeun uyah, gula, pedes, kécap, jeung minyak nabati. Ogé dina mungkusna téh ngagunakeun daun hanjuang jeung awi tali minangka tali panyangreudna. Daun hanjuang nu dipilih biasana mah nu panjang tur rubak, tuluy éta daun téh dileumpeuh heula. Bacang dibungkusanna dibentuk congcot nu handapna juru tilu (limas).

Kadaharan Bacang
A bunch of rice dumplings tied together with twine
Ngaran alternatifbakcang, bacang, zang, nom asom, Pya Htote, "Joong", "Doong"
Tempat asalTiongkok
Wewengkon atawa nagaraWewengkon panyatur Tionghoa
Bahan utamaSajenis leupeut nu aya eusian anu dibungkus ku daun awi or daun hanjuang
VariasiChimaki, Lo mai gai
Kadaharan Bacang Cookbook:  Kadaharan Bacang Bacang (kadaharan)
Zongzi
Hanzi: 粽子
Ngaran Cantonis
Hanzi:

Kadaharan urang Tionghoa

Bacang téh saenyana lain kadaharan asli ti Sunda. Dina basa Indonésia sok disebut bakcang (Hanzi: 肉粽, hanyu pinyin: rouzong) nu sabenerna ieu kadaharan téh asalna ti Tiongkok, di bawa ku masarakat Tionghoa ka Nusantara. Istilah 'bakcang' sorangan asalna ti dialék Hokkian nu guyub dicaturkeun di antara urang Tionghoa di Indonésia.

Numutkeun légénda, ieu bacang mimitia bijil di jaman Dinasti Zhou patali jeung rasa simpati rahayat ka Qu Yuan nu maéhan manéh ku cara ngajleng ka walungan Miluo. Harita, bacang dialungkeun ku rahayat sabudeureun ka éta walungan téh cenah pikeun ngalihkeun perhatian mahluk-mahluk saniskaran nu aya di jero walungan, sangkan teu ngahakan mayit Qu Yuan. Satuluyna mah bacang téh jadi salah sahiji simbul parayaan Peh Cun atawa Duanwu.

Bacang secara harfiah mibanda harti "bak" nyaéta daging jeung "cang" nyaéta eusi daging. Jadi harti bacang téh eusi daging, ngan dina prak-prakkanna mah lian ti eusi daging aya ogé nu eusina sayuran atawa euweuh eusian-eusian acan.

Rujukan

Tags:

AwiBéasCongcotEndog asinEndog kokonéngnaGulaHanjuangJuru tiluKécapLeupeutLimasPedesRebonSupaUyah

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

HumaNyiruanMang KokoParibasaKirataChairil AnwarTatangkalanKampung UrugPrabowo SubiantoGobagKonéng gedéR.E. Martadinata25 JanuariWikipediaTaufik HidayatBangbaraMarcapadaSutradara.szAtlasSultan Ageng TirtayasaMalariaSénggalCurukRampak SekarIrakHadiah Sastra RancagéUTCBiantaraSurachman R.M.DémokrasiCaturanggaDiabétes mélitusDunyaTajugAdat ngariksa nu kakandunganJalmaWaktu jeung usum-usumanSalasaKumis ucingRarangkén -eunApemBumiAjagLentongAsia KulonKleponCihcirRarangkén pa-Udjo NgalagenaArus listrikKecap Rundayan (Basa Sunda)Wawacan MintaragaKuwaitKecap (basa Sunda)Gatot SoebrotoKeuyeupCalungSangu ketanKampung KutaAlkésahSangray.thPakakas Tatanén TradisionalSiti Hardijanti RukmanaLancah maungKartiniOrdo (Biologi)🡆 More