Waktu Jeung Usum-Usuman

Waktu nyaéta hiji bagian tina sistem ukuran pikeun ngabandingkeun lila lumangsungna kajadian-kajadian sarta selang antara kajadian-kajadian anu dimaksud. Urang sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina sapoé sapeuting saméméh ngabogaan arloji atawa béker. Ngaran-ngaran waktu umumna dumasar kana kajadian anu kaalaman ku dirina jeung alam sakurilingna anu méré ciri yén urang sunda mah kacida dalitna jeung alam sakurilingna.

Gambar:FAJAR.jpg
wanci carancang tihang (kira-kira tabuh 05.30

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam

1. Wanci tumorék nyaéta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.003. Wanci janari leutik nyaéta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.005. Wanci disada rorongkéng nyaéta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)6. Wanci haliwawar nyaéta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00 8. Wanci balébat nyaéta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)9. Wanci carancang tihang nyaéta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nyaéta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)11. Wanci haneut moyan/laér kanjut nya nyaéta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)12. Wanci rumangsang nyaéta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.0014. Wanci manceran/tengah poé nyaéta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00) 15. Wanci lingsir ngulon nyaéta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)16. Wanci panonpoé satungtung nyaéta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00) 17. Wanci tunggang gunung ny éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)18. Wanci sariak layung nyaéta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)19. Wanci érang-érang nyaéta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)20. Wanci sareupna/harieum beungeut nyaéta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)21. Wanci sareureuh gaang nyaéta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)22. Wanci sareureuh budak nyaéta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)23. Wanci sareureuh kolot nyaéta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh3. Subuh kira-kira tabuh 04.30-05.004. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.005. Lohor kira-kira tabuh 12.006. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor7. Asar kira-kira tabuh 15.308. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed2. Beurang nyaéta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna5. Peuting nyaéta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui6. Poé ieu nyaéta waktu anu ayeuna keur dilakonan7. Isukan nyaéta sapoé nu bakal datang8. Pagéto nyaéta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)9. Pagéto amat nyaéta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)10. Kamari nyaéta poé nu geus kaliwat sapeuting11. Mangkukna nyaéta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)12. Tilu poé ka tukang nyaéta waktu nu geus kaliwat tilu poé.

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon

1. Ayeuna nyaéta waktu nu keur dilampahan2. Bieu nyaéta waktu nu cikénéh karangdapan3. Cikénéh nyaéta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu4. Tadi nyaéta waktu nu can lila kaliwatna5. Engké/mangké nyaéta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman

1. Kiwari nyaéta jaman nu keur dilakonan ayeuna2. Baréto nyaéta jaman nu geus lila kaliwat3. Baheula nyaéta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto4. Bihari nyaéta jaman nu geus kaliwat lila pisan5. Jaga nyaéta jaman nu lila kénéh bakal kasorang6. Isuk jaganing géto (pagéto) nyaéta jaman nu moal lila bakal kasorang7. Baring supagi nyaéta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Sesebutan Waktu Séjénna

1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan 16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.

Usum-Usuman

Usum-usuman nyaéta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu. Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti di handap ieu.

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam

1. Usum mamaréng nyaéta usum mimiti ngijih2. Usum ngijih nyaéta waktu mindeng turun hujan3. Usum dangdarat nyaéta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan4. Usum katiga nyaéta usum halodo, usum teu hujan5. Usum barat nyaéta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan6. Usum selatan nyaéta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat

1. Usum ngagebug nyaéta usum loba nu gering parna, loba nu maraot2. Usum sasalad nyaéta usum loba panyakit nu babari tépa3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin4. Usum paceklik nyaéta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila5. Usum tigerat nyaéta usum paceklik6. Usum nguyung nyaéta usum paceklik.

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah

1. Usum nyambut nyaéta mangsa ngagarap sawah2. Usum tebar nyaéta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan3. Usum tandur nyaéta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah4. Usum ngarambét nyaéta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah5. Usum celetu nyaéta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan6. Usum beukah nyaéta mangsa paré areusian, bareukah7. Usum rampak nyaéta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna8. Usum beuneur héjo nyaéta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo9. Usum pibuateun nyaéta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén10. Usum panén nyaéta mangsa paré diala (dibuat).

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma

1. Usum nyacar nyaéta mangsa nyacar leuweung pihumaeun2. Usum ngahuru nyaéta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna3. Usum ngaseuk nyaéta mangsa melak paré huma4. Usum ngoréd/ngoyos nyaéta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd5. Usum dibuat/ngétém nyaéta mangsa ngala paré (maké étém).

Referensi

Tags:

Waktu Jeung Usum-Usuman Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian AlamWaktu Jeung Usum-Usuman Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu IbadahWaktu Jeung Usum-Usuman Sesebutan Waktu nu Patali jeung PoéWaktu Jeung Usum-Usuman Waktu nu Patali jeung nu Geus KalakonWaktu Jeung Usum-Usuman Sesebutan Waktu nu Patali jeung JamanWaktu Jeung Usum-Usuman Sesebutan Waktu SéjénnaWaktu Jeung Usum-Usuman Usum-UsumanWaktu Jeung Usum-Usuman ReferensiWaktu Jeung Usum-Usuman

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

FilsafatTutuwuhanMumuncanganWiki CommonsHertzAl quddusBéntang LapangBronkitisTuruwiseunIndiaKunyitEmbéUnit ukuranBismillahBandung Lautan ApiWikisourceTepasMijilAbdul Halim SyatariPaus (mamalia)PapantunanYuhanaDapurDGosaliWalungan CipamaliAbdurrohman as-SudésCakrawala TVCaiÉngkléGolodogHeuay1945KaluaÉkuadorHateupLajaSuriahMeriMalariaAlbert EinsteinDéwi SartikaNyiruanParahyanganAbéng SunaryaUgaDodolPanata acaraWaktu jeung usum-usumanBangladésIdulfitriSisindiranEngangCilokGuguritanPuisi sundaZayn MalikBandrékBulu kumuutAsmarandanaPérépét jéngkolRamadanSerat KanayaganMijalma1878Kota BandungAbdullah MustappaBabad PanjaluRainychBudakTajikistanPanglaiOray-Orayan🡆 More