Kamerun, resmina Républik Kamerun (Basa Prancis: République du Cameroun), mangrupa hiji nagara di Afrika Tengah kulon.
Nagara ieu tepung wates jeung Nigeria di kulon; Chad di kalér-wétan; Républik Afrika Tengah di wétan; sarta Guinéa Khatulistiwa, Gabon, jeung Républik Kongo di kidul. Basisirna Kamerun wawatesan jeung Teluk Bonny, bagian ti Teluk Guinéa jeung Samudra Atlantik. Nagara ieu kalandi "Miniatur Afrika" pikeun bébéda géologis jeung kabudayaanna. Objék alami saperti basisir, sagara, gunung, leuweung hujan, jeung savana. Titik nu pangluhurna nyaéta Gunung Kamerun di beulah kidul-kulon, sarta kota panggedéna nyaéta Douala, Yaoundé, jeung Garoua. Kamrun miboga leuwih ti 200 grup basa nu bébéda. Nagara ieu katelah tina gaya musik aslina, utamina makossa jeung bikutsi, sarta tina tim maén bal nasionalna nu suksés. Basa Perancis jeung Basa Inggris mangrupa basa resmi.
République du Cameroun Républik Kamerun | ||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Motto "Paix – Travail – Patrie" "Rapih – Gawé – Lemah Cai" | ||||||
Lagu Ô Cameroun, Berceau de nos Ancêtres O Kamerun, Lemah Cai pun Bapa 1 | ||||||
Lokasi Kamerun (héjo kolot) – di Afrika (paul & kulawu kolot) | ||||||
Ibu kota | Yaoundé | |||||
Kota panggedéna | Douala | |||||
Basa resmi | Basa Perancis jeung Inggris (de facto) | |||||
Démonim | Cameroonian | |||||
Pamaréntah | Républik | |||||
- | Présidén | Paul Biya | ||||
- | Perdana Mentri | Philémon Yang | ||||
Kamerdikaan | ti Perancis | |||||
- | Didéklarasikeun | 1 Januari 1960 | ||||
- | Anéksasi urut Kamerun Britania | 1 Oktober 1961 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 475.442 km² (ka-54) 183.568 mil² | ||||
- | Cai (%) | 1,3 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan Juli 2009 | 19.100.000 (ka-58) | ||||
- | Sénsus 2003 | 15.746.179 | ||||
- | Kapadetan | 39,7 /km² (ka-167) 102,8 /mil² | ||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $44,327 milyar | ||||
- | Per kapita | $2.170 | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $22,478 milyar | ||||
- | Per kapita | $1.100 | ||||
Gini? (2001) | 44,6 (sedeng) | |||||
HDI (2010) | 0,460 (handap) (ka-131) | |||||
Mata uang | Franc CFA Afrika Tengah (XAF ) | |||||
Zona wanci | WAT (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+1) | ||||
TLD Internét | .cm | |||||
Kode telepon | +237 | |||||
1 | Judul ieu sakumaha disebutkeun dina Constitution of the Republic of Cameroon, Pasal X. Vérsi basa Perancisna kadang disebut "Chant de Ralliement", sakumaha dina National Anthems of the World, jeung vérsi basa Inggrisna "O Cameroon, Cradle of Our Forefathers", sakumaha dina DeLancey jeung DeLancey 61. |
Padumuk awal ti wewengkon ieu kaasup Paadaban Sao di sabundereun Dano Chad jeung pamoro-pangumpul Baka dina leuweung hujan tenggara. Panjelajah Portugis nepi ka basisirna dina abad ka-15 jeung méré ngaran wewengkon éta Rio dos Camarões ("Walungan Hurang"), ngaran ti mana dibeunangkeun ngaran Kamerun. Tentara Fula ngadegkeun Emirat Adamawa di beulah kalér dina abad ka-19, jeung rupa-rupa grup étnis ti kulon jeung kalér-kulon ngadegkeun séké-séké jeung kafonan. Kamerun jadi jajahan Jérman dina 1884.
Sanggeus Perand Dunya I, wewengkon ieu dibagi antara Perancis jeung Britania salaku mandat Liga Bangsa-Bangsa. Partéy pulitik Union des Populations du Cameroun ngadukung kamerdikaan tapi teu disahkeun ku Perancis dina 1950-an. Dina 1960, Perancis ngadministradi sabagian Kamerun jadi merdika salaku Républik Kamerun dina Présidén Ahmadou Ahidjo. Bagian kidulna, Kamerun Britania, ngagabung dina 1961 pikeun ngawangun Républik Féderal Kamerun. Nagara ieu diganti ngaranna kana Républik Kahijian Kamerun dina 1972 sarta teras Républik Kamerun dina 1984.
Dibandingkeun nagara Afrika lianna, Kamerun miboga stabilitas pulitis jeung sosial nu rélatif luhur. Hal ieu ngidinkeun kamekaran tatanén, jalan, rél, jeung industri ageung minyak bumi sarta kai. Tapi, raloba urang Kamerun anu miskin salaku patani. Kakawasaan aya dina présidén otoritér ti 1982, Paul Biya, jeung partéyna, Pagerakan Démokratik Urang Kamerun.
Konstitusi ngabagi Kamerun kana 10 région semi-otonom, masing-masing dina administrasi Déwan Régional. Dekrét présidénsial 12 Nopémber 2008 resmi nyarankeun parobihan ti propinsi ka région. Région-régionna dibagi deui kana (total) 58 divisi (départements). Divisi-divisina salajengna dibagi deui kana sub-divisi (arrondissements).
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Cameroon ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
Tempo ogé Kamerun di Wikivoyage
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kamerun, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.