Antropologi asalna tina basa Yunani, nyaéta anthropos anu hartina 'manusa', jeung logos anu hartina 'élmu pangaweruh'.
Jadi, antropologi téh nyaéta salah sahiji 'élmu pangaweruh' (sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa. Objek anu nyampak dina antropologi téh nyaéta manusa anu geus jadi masarakat atawa sélér bangsa, kabudayaan katut paripolahna. Budaya asalna tina basa sansakerta hasil ringkesan dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina tarékah, tanaga, karep, pikiran, jeung rasa jalma. Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jalma guna nambahan kasugemaan jeung kanikmatan ku rupa rupa akal jalma. Kabéh élmu sosial budaya pasti nalungtik kahirupan manusa. Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum,sastra,sajarah,pulitik, komunikasi,ékonomi, arkéologi, jeung linguistik) boga puseur kajian séwang-séwangan. Antropologi boga puseur kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat. Hubungan antara manusa jeung lingkungan hirupna anu cukang lantaranana nyaéta kabudayaan. Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara méré nahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, méré nahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna. Nyatana loba kabudayaan anu aya kénéh malah nambahan mekar, éta téh nunuhkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu aya di hiji masarakat masih dipaké, kalungguhanana sarua jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana.
Antropologi nyaéta studi ngeunaan umat manusa, tarékah pikeun nyusun generalisasi nu mangpaat ngeunaan manusa jeung perilakuna sarta pikeun meunangkeun wangenan anu lengkep ngeunaan kahirupan manusa anu variatif.
Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu medal tina rasa hayang nyaho anu tan wates wangen ngeunaan manusa.
Antropologi nyaéta salah sahiji élmu anu maluruh manusa sacara umum atawa wangun fisik masarakat sarta kabudayaan anu dihasilkeunana.
budaya tulis.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Antropologi, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.