Wijén

Wijén (Sesamum indicum L.) nyaéta ngaran salah sahiji sambara anu kaasup dina kulawarga Pedaliaceae.

Wijén
Wijén
Tanaman wijen
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
Angiosperms
(unranked):
Eudicots
(unranked):
Asterids
Ordo:
Lamiales
Kulawarga:
Pedaliaceae
Génus:
Sesamum
Spésiés:
S. indicum
Ngaran binomial
Sesamum indicum

Wijén dibudidayakeun minangka sumber minyak nabati, anu dipikawanoh minangka minyak wijén, anu asalna tina ekstraksi sikina.

Wijén asalna ti wewengkon Afrika tropis tuluy sumebar ka wétan nepi ka India sarta Tiongkok. Akar wijén mangrupa akar tunggang. Rupa morfologina gampang dipangaruhan ku lingkungan sabudeureunana. Biasana jangkungna ti 60 nepi ka 120 cm, bisa ogé nepi ka 2 - 3 méter. Watangna nu kolot kaian, wangunna pasagi, aya keliran, rambutan, sarta ngarancabang monopodial, warnana héjo. Daunna nunggal, wangunna siga létah manjang , aya rambutan, tungtung daunna seukeut, sisina rérégéan, panjangna 5 nepi ka 20 cm, rubakna 1,5 nepi ka 4 cm, warnana héjo. Kembangna tumuwuh dina kélék daun, biasana tilu tapi ngan hiji anu biasana ngembang alus.

Sakumna bagian tangkal wijén bisa dimangpaatkeun, boh watang, daun atawa sikina. Watang, daun sarta bagian séjénna bisa dimangpaatkeun pikeun biomassa. Daun bisa ogé dimangpaatkeun pikeun dijadikeun lalab sarta ubar. Sedengkeun siki wijén dimangpaatkeun langsung dina wangun siki sarta bisa ogé dikokolakeun jadi minyak wijén jeung hampas (bungkil) wijén. Siki wijén bisa dipaké minangka panambah rasa rupa-rupa kuéh kawas ondé-ondé, enténg-enténg wijén, kuéh baseuh jeung sajabana, sarta bisa ogé dipaké minangka ubar. Wijén meunang landian “The Queen of Oil Seeds Crops” sabab siki wijén miboga kandungan giji anu luhung anu alus pikeun konsuménna. Minyak wijén bisa dipaké minangka bahan kadaharan, ubar, kosmétik, penerangan, inséktisida jeung sajabana. Minyak wijén pohara alus pikeun dikonsumsi sapopoé alatan mangrupa salah sahiji minyak nabati anu loba ngandung asam lemak teu jenuh anu luhung anu ngahontal 84 %. Sedengkeun bungkil bisa dipaké minangka campuran parab ingon-ingon.

Referensi

Tags:

MinyakSambaraSiki

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

WartawanMagmaDaptar nagara di ÉropaÉkonomiLaporanKuda lumpingBasa AzerbaijanPancakakiOptimisasi mesin panéangTahu gejrotSiti Hardijanti RukmanaBajigurKaréta api Harina25 JuliBandung TVKaduPaninggaranKampung Mahmud1977JaramiBasa SundaÉnsiklopédiTangkal kalapaRarangkén pada-Daptar istilah ngeunaan sasatoanJukut riutKurawaAbad ka-6WawangsalanRumpaka1471Hitachi, Ltd.Telepon keupeulNyiruanSeserahanCarita pondok2 PébruariBandung Lautan ApiKecap rajékan (basa Sunda)Saudi ArabiaHadi AKSDaptar lini di AzerbaijanSusi PudjiastutiBasa BalkewanYongki KomaladiSeblakKarédokKaréta api MenoréhKampung UrugAl-AnfalSultan Ageng TirtayasaTaylor SwiftTalenanSahadat buhunKuda rénggongMichael JordanSMA Buppi MajalayaTotoh Abdul Fatah GhozaliKabupatén TulungagungKiblatSair (pakakas)Anak pausahaanLaut JepangCau kepok🡆 More