Seblak nyaéta kadaharan khas Sunda nu rasana gurih jeung lada, dijieun tina kurupuk diasakan jeung sayuran, endog, lauk laut atawa daging sapi, diolah ku samara husus.
Sacara étimologi kecap seblak miboga harti ngadadak inget deui nepi ka reuwas; haté asa blak aya nu mukakeun nepi ka inget deui kareuwas baréto; teg kana haté deui. Ari seblak nu dimaksud kiwari nyaéta kadaharan khas Sunda nu asalna ti Bandung, Jawa Barat. Seblak kiwari jadi jajanan nu dipikaresep ku barudak ogé kolotna komona mah di wewengkon Jawa Barat jeung Jabodetabek. Seblak disuguhkeun di réstoran jeung warung, sarta diider dina gorobag.
Ari harti nu saujratna kecap seblak téh dipaké pikeun ngagambarkeun rasa anu nyaliara dina dada, nuduhkeun rasa haté anu ujug-ujug kagagas, rus-ras bari sakapeung ngahudang rasa kawaas. Nyeblak hartina haté keur ngalaman kaseblak. Seseblakan hartina terus-terusan kaseblak. Dina nyeblak sok aya ogé rasa hariwang, paur. Jadi tingsareblak téh nuduhkeun kaayaan haté anu keur marojéngja. Ku kituna di pilemburan anu acan apaleun kana kadaharan nu ngaranna seblak mah, nyeblak, tingsareblak, atawa seseblakan, geus tangtu ngagambarkeun rasa téa. Ari seblak dina harti injeuman mah nya ngaran kadaharan téa. Ku kituna kecap nyeblak jadi kecap pagawéan anu hartina ngadahar seblak.
Harti seblak dina nyebutkeun kadaharan ieu, saenyana mimitina mah lain nyebutkeun ngaran kadaharan ieu nu sabenerna. Teu saeutik jelema nu nganggap yén séblak téh nyaéta kurupuk konéng anu diasakan ku samara lada. Padahal seblak téh nyaéta ngaran samara nu dijieun tina cikur. Jadi seblak téh ngaran samara anu dijieun tina cikur dipaké ajang ngasakan kaolahan.
Réa jelema nu nyangka yén seblak téh asalna ti Jawa Tengah, pédah mirip jeung kurupuk godog anu geus kawentar ti taun 1940-an. Sedengkeun seblak kakara raména ti taun 2000-an. Ogé kacaturkeun yén seblak téh geus aya di Cianjur malah mah saacan mangsa kamerdékaan. Barétona mah di Cianjur seblak téh jadi kadaharan rakyat saméméh dileleban saperti ayeuna. Pangna éta kadaharan dingaranan seblak téh duméh waktu ngadaharna matak nyeblak. Ku kituna, di palebah dieu mah seblak téh harti injeuman pedah rasa seblak téh lada matak reuwas.
Dina ngonsumsi seblak, jelema sok némbongkeun ciri-ciri kaayaan awak nu dibarengan ku seuhahna dahar seblak. Bijilna késang ngagarajag saawak-awak, cimata rambay, irung ogé ngucur. Sirah nu tadina jangar jadi cénghar, téténjoan ogé asa ngempray.
Informasi kandungan gizi anu aya dina saporsi seblak:
Ukuran Porsi: 1 porsi (200 g) | ||
per porsi | ||
Kilojoule | 1096 kj | |
Kalori | 262 kkal | |
Lemak | 13,31 g | |
Lemak Jenuh | 2,334 g | |
Lemak tak Jenuh Ganda | 4,292 g | |
Lemak tak Jenuh Tunggal | 4,292 g | |
Kolesterol | 121 mg | |
Protein | 8,15 g | |
Karbohidrat | 31,15 g | |
Serat | 4,5 g | |
Gula | 5,49 g | |
Sodium | 551 mg | |
Kalium | 472 mg |
Ringkesan gizi anu aya dina seblak nyaéta:
13% | dari AKG* (262 kal) |
*dumasar AKG tina 2000 kalori
Rincian Kalori: Karbohidrat (45%) Lemak (43%) Protein (12%) | Karbohidrat: 31,15g (45%) |
Lian ti kandungan gizi éta, seblak ogé dipercaya miboga opat mangpaat pikeun kaséhatan awak, di antarana:
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Seblak, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.