Pabaru

Pabaru (atawa Taun Anyar, Taun Baru; Basa Indonésia: Tahun Baru) nyaéta hiji kariaan di mana nalika dipungkasna hiji taun sarta dimimitiannana taun satuluyna.

Budaya nu ngitung dumasar kalénder taunan kabéhanana miboga kariaan Taun Anyar. Di Indonesia, taun anyar tumiba tanggal 1 Januari ku sabab Indonésia gadopsi kalénder Gregorian, kawas lolobana nagara Kulon.

Sajarah

Taun Baru munggaran dikariaankeun tanggal 1 Januari 45 SM. Teu lila sanggeus Julius Caesar diangkat jadi kaisar Roma, anjeunna mutuskeun pikeun ngaganti paenanggalan tradisional Romawi nu geus diciptakeun ti abad ka-7 SM mula. Dina raraga ngarancang kalender anyar ieu, Julius Caesar dibantuan ku Sosigenes, ahli astronomi ti Iskandariyah, nu ngusulkeun sangkan pananggalan anyar dijieun dumasar kana révolusi sarangéngé, sakumaha nu dilakukeun ku urang Mesir. Sataun dina pananggalan anyar ieu diitung lobana 365 saparapat poé sarta Caesar nambahkeun 67 poé dina taun 45 SM antukna taun 46 SM dimimitian ti 1 Januari. Caesar ogé marentahkeun supaya unggal opat taun, sapoe ditambahkan kana bulan Pébruari, nu sacara tioritis bisa ngaleungitkeun ayana panyimpangan dina kalender anyar ieu. Teu lila saméméh Caesar diala pati taun 44 SM, anjeunna ngarobah ngaran bulan Quintilis maké ngaranna, nyaéta Julius atawa Juli. Satuluyna, ngaran bulan Sextilis diganti ku ngaran nu ngagantina nyaéta Kaisar Agustinus, jadi waé bulan Agustus.

Rupa-rupa pabaru di sakuliah dunya

  • Dina kalénder Bahá'í, pabaru dimimitian tanggal 21 Maret, ngaranna "Naw Ruz".
  • Rosh Hasanah nyaéta ngareuah-reuh pabaru keur kaom Yahudi. Dina itungan kalender Gregorian kiwari, moal kungsi tumiba saméméh 5 September.
  • Pabaru Tiongkok atawa Imlék tumiba dina peuting bulan anyar dina usum tiis (antara ahir Januari jeung awal Pébruari).
  • Pabaru Muangtai dirayakeun ti 13 April nepi ka 15 April ku jalan nyiramkeun cai.
  • Pabaru Vietnam dingaranan Têt Nguyen Dan. Dirayakeun unggal poé nu sarua jeung Imlék.
  • Pabaru Hijriyah dina Kalénder Hijriyah dirayakeun unggal tanggal 1 Muharram.

Tempo ogé

  • Pabaru Jepang
  • Pabaru Saka

Rujukan


Pabaru 

Tags:

Pabaru SajarahPabaru Rupa-rupa pabaru di sakuliah dunyaPabaru Tempo ogéPabaru RujukanPabaru1 JanuariBasa IndonésiaBudayaIndonesiaKalénderKalénder GregorianTaun

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Rarangkén barungKanjutListrikNike ArdilaCarita pantunOpat kalima pancerAntartikaNagara kahijianKepohHayam WurukDaptar istilah pakarang satoSalésmaTaylor SwiftAlun-alunNgorongLos AngelesTatakrama basa SundaHiperténsiTapak limanKampung DukuhMencekBurokanMawarPupujian.coAdatBajidoranKompas TVParayWawancaraApemSunan Gunung JatiHihileudeunPattimuraDemam berdarahKabudayaan SundaDangdingDaptar istilah ngeunaan sasatoanBintinuSisindiranJukutTatakrama pamingpin Sunda.atLeuwiUrugNyi Ageng SérangTéhnologiGodi SuwarnaKomengCarita PantunHumaNgaran urang SundaKolécér1869Kaso beuritSolatSiti Hardijanti RukmanaOto Iskandar di NataIndung leungeunCucungukBudayaMusikSabunAs Shoff🡆 More