Kiwari, sanajan geus wanoh jeung ukuran wanci dina jam-jaman, di lembur masih kénéh diparaké. Istilah-istilahna di antarana:
- usum tumorék kira-kira tabuh 24.30
- janari leutik kira-kira tabuh 01.30
- janari gedé kira-kira tabuh 02.00
- disada rorongkéng (kongkorongok hayam sakali) kira-kira tabuh 02.30
- haliwawar kira-kira tabuh 03.00
- kongkorongok hayam dua kali kira-kira 03.30
- janari kira-kira 04.00
- subuh kira-kira tabuh 04.30
- balébat kira-kira tabuh 05.00
- carangcang tihang kira-kira tabuh 05.30
- isuk-isuk kira-kira tabuh 06.00
- murag ciibun kira-kira tabuh 07.00
- pecat sawed kira-kira tabuh 09.00
- haneut moyan kira-kira tabuh 10.00
- rumangsang kira-kira tabuh 11.00
- tengah poé/lohor kira-kira tabuh 12.00
- mengok kira-kira tabuh 13.00
- lingsir ngulon kira-kira tabuh 14.00
- asar kira-kira tabuh 15.00
- paososoré kira-kira tabuh 16.00
- ngampih laleur kira-kira tabuh 17.00
- tunggang gunung kira-kira tabuh 17.30
- sariak layung kira-kira tabuh 18.00
- sareupna/magrib kira-kira tabuh 18.15
- harieum beungeut kira-kira tabuh 18.30
- isa kira-kira tabuh 19.00
- sareureuh budak kira-kira 21.00
- sareureuh kolot kira-kira tabuh 21.30
- peuting kira-kira tabuh 23.00
- tengah peuting kira-kira tabuh 24.00
Tempo ogé
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Wanci, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.