Topi

Topi nyaéta dudukuy modél luar negri.

Topi asalna ti Chitral jeung Gilgit daérah anu ayeuna ayana di Pakistan beulah kulon. Topi jadi popularitas di antara sélér-sélér Pashtun beulah kulon di mimiri abad ka-20, topi téh jadi gagantina sorban. Salain ti éta topi ogé jadi popularitas di antara Nuristan jeung Tajik ti Panjeher jeung Badakhshan.

Topi
Topi

Sajarah topi

Topi nyaéta tutup sirah anu dipaké pikeun sababaraha alesan, saperti pikeun upacara atawa agama, pikeun kasalametan, jeung pikeun aksésori fashion. Jaman baheula mah topi téh jadi indikator status sosial, sedengkeun dina militér némbongkeun kabangsaan, cabang pelayanan, pangkat jeung resimen. Salah sahiji mimiti aya topi dina lukisan makam Thebes anu némbongkeun hiji lalaki anu keur maké topi jarami. Hal nu séjéna nyaéta Pileus, topi tangkorak anu basajan, disebut tutup Frigia, mimitina dipaké ku budak anu dibébaskeun di Yunani, Roma, jeung Pestasos Yunani. Abad ka-16 awéwé geus maraké topi anu disebut topi awéwé, istilah éta asalna ti kota Milan Italia, di mana kualitasna alus anu dijieuna dina abad 18. Topi awéwé sacara tradisional miboga rénda, hiasan jeung asésoris anu disaluyukeun jeung baju anu dipaké. Abad 19, awéwé maké topi anu bentukna leuwih gedé, dihiasan ku pita, kembang, bulu jeung trim kasa. Dina patengahan taun 1920, nalika awéwé nekteuk buukna jadi pendék, loba anu maraké topi anu bentukna demprak saperti hélem.

Bagian dina topi

  1. Crown, topi anu nutupan bagian luhur sirah.
  2. Peak (Inggris), visor (Amerika Inggris), proyeksi kaku di bagian hareup, pikeun nutupan panon tina sinar panon paé jeung hujan.
  3. Brim, proyeksi opsional bahan kaku tina bagian handap mahkota topi horizontal di sakuriling topi.
  4. Puggaree atawa pita disakurilingna.
  5. pita nu nahan késang, strip dari ktina kulit anu némpél dina pas buleudna bagan jero topi pikeun nyaring kokotor jeung késang.
  6. Lining, aya sababaraha lapisan sutra.

Jinis-jinis Topi

Gambar Ngaran Katerangan
Topi  Topi Ascot Dipikawanoh pikeun tutup Cuffley, nyaéta topi anu heuras anu mirip jeung topi datar, tapi dibédakeun ku bahana anu heuras jeung bentukna buleud. Ascot topi biasana dijieunan tina kempa atawa wol jeung sok dipaké dimusim katiga jeung musim tiris, tapi aya ogé jarami anu dipaké di musim haneut.
Topi  Ayam Topi ieu mangrupa topi musim dingin tradisional Koréa lolobana dipaké ku awéwé dina périodeu Joséon.
Topi  Beret Baret modérn asalna tina topi tradisional Basque jeung gembala, massa munggaran anu dijieuna di Perancis abad ka-19. Baret mangrupa bagian tina saragam militer.
Topi  Zucchetto Osok disebut ogé pileolus dina basa Latin mah nyaéta kopéah leutik anu sok dipaké ku ulama ti Gereja Katolik Roma jeung dina Anglikanisme jeung Lutheranisme.

catetan

Tags:

Topi Sajarah topiTopi Bagian dina topiTopi Jinis-jinis Topi catetanTopiDudukuyPakistan

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Basa LaténFeni Fitriyanti1989Oto Iskandar di NataCukangSistim OperasiMumuncanganLutung KasarungCingcangkelingParahuluKamenterian kesehatan republik indonesiaIndonésiaDéwi SartikaWaasPerang Israél−Hamas 2023KohkolLeuncangeunBelukTapak limanKatukSéroBiografiPagawéanKumpulan sajakSisidueunAnggelAksara Sunda BakuWawangsalanGending karesménIwan FalsMencekMagatruWaditraSawérPaleolitikumSutradaraImahUcing-ucinganBlogMérkuriusBitotamaGiribigCakungProsaLCDSMKN 4 GarutRajahHunyurPapantingNagara daulatGlobalisasiFebri HaryadiLumba-lumbaAntonimSikupKaluaDaptar inohong bangsa IndonesiaTiara AndiniWalunganBabasanKihkirAn-Nisa' (Surat)Kembang Matahari1918AntagonisNangkaWawacanYouTubeDagingParibasaCéndolMachjar Angga Koesoemadinata🡆 More