Késang

Késang (perspirasi atawa transpirasi) nyaéta cairan anu kaluar tina kelenjar késang dina kulit mamalia.

Cairan ieu téh cai nu ngandung natrium klorida (bahan dasar uyah) jeung 2-métilfénol (o-krésol) jeung 4-métilfénol (p-kresol).

Késang
Kulit renung ku Késang

Dina awak manusa, késang téh utamana pikeun térmorégulasi, najan aya ogé nu boga pamanggih yén késang lalaki téh féromon. Nguapna késang bisa niiskeun kulit alatan ayana panas latén nguapna cai. Ku kituna, dina hawa nu panas, atawa nalika otot manasan alatan loba gawé, késang beuki loba kaluar. Geumpeur jeung muriang ogé matak ngésang. Primata jeung kuda boga kélék nu késangan kawas manusa.

Mékanismeu

Ngésang téh diatur ti puseur hipotalamus, dina bagian préoptik jeung anterior tempat ayana neuron térmosénsitif. Fungsi régulasi panas dina hipotalamus dipangaruhan ogé ku input ti reséptor suhu dina kulit.

Kandungan

Kandungan utama késang taya lian ti cai salaku pangleyur, nu eusina mineral, laktat, jeung uréa. Kandungan mineral gumantung kana aklimatisasi panas, sumber setrés (olahraga, sauna, jsb.), lilana, jeung kandungan mineral dina awak nu unggal jalma béda-béda. Indikasi kandungan mineralna nyaéta natrium 0,9 g/l, kalium 0,2 g/l, kalsium 0,015 g/l, jeung magnésium 0,0013 g/l. Lian ti éta, aya ogé unsur-unsur renik, di antarana séng (0,4 mg/l), tambaga (0,3 - 0,8 mg/l), beusi (1 mg/l), kromium (0,1 mg/l), nikel (0,05 mg/l), jeung timbal (0,05 mg/l). Dina awak manusa, késang téh hiposmotik rélatif ka plasma .

Rujukan

Tumbu kaluar

Bacaan salajengna

  • Ferner S, Koszmagk R, Lehmann A, Heilmann W., Z Erkr Atmungsorgane. 1990;175(2):70-5. 'Reference values of Na(+) and Cl(-) concentrations in adult swéat'
  • E. R. Nadel, R. W. Bullard, and J. A. Stolwijk, "Importance of skin temperature in the regulation of sweating", Journal of Applied Physiology, Vol. 31, Issue 1, 80-87, July 1, 1971


Késang 

Tags:

Késang MékanismeuKésang KandunganKésang RujukanKésang Tumbu kaluarKésang Bacaan salajengnaKésangKulitMamaliaUyah

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PaparikanWareguHiroshimaMaén balPancakakiMociInggrisRumpakaLiniKampung adat CireundeuBandrosJatayuWikipediaCaringin1725Parahu kumurebIrakBabasanIndung leungeunSatoPeuyeumParay1823PupujianBangkong korodokPeupeundeuyanOpakKecap (basa Sunda)Ngasor.baCilokKaulinan budak SundaPrabu SiliwangiDongéngParisGeutahPrasasti Dalung BojongSapfoDulangKabudayaan SundaWawacan MintaragaJackie ChanGoongBasisir Jayanti1859Kota BandungHaremisBatagorÉtémAbubakar JayadiningratLangitWedaKolécérRuntahSalasaISO 3166-1Oto Iskandar di NataUkar BratakusumahAparteménPapantingBulan purnamaLampingAsia KulonUcing sumputMahabarataSoto hayamKampung PuloTénjolaya, Cicaléngka, BandungPrabowo SubiantoSahadat buhun🡆 More