Sifilis

Sifilis nyaéta salah sahiji panyakit anu pangpicilakaeunna. Inféksi anu lumangsung dina rarangan bagian luar kasebut nu disababkeun ku bakteri Treponema Pallidium. Sifilis bisa mekar ka tahap sékunder sarta téersier anu hésé pisan dititénan. Sifilis sekunder tépa pisan, sedengkeun sifilis tersier ngabalukarkeun sagala rupa karuksakan dina bagian awak sajaba rarangan kawas otak, jantung, pembuluh getih sarta haté. Sifilis anu diepakeun indung ka anakna waktu ngalahirkeun bisa ngabalukarkeun lolong sarta pati. Sifilis bisa diubaran kalayan penisilin dosis nu gedé, tapi karuksakan raramat anu lumangsung salila infeksi teu bisa dicageurkeun deui. Mangsa inkubasi tampa tanda-tanda lumangsung 3-4 minggu, komo nepi ka 13 minggu. Sanggeus éta kaluar bénjolan dina sakuriling rarangan. Sakapeung dibarengan rasa lieur, sarta nyeri tulang kawas gejala flu, anu baris leungit sorangan tampa diubaran. Aya totol-totol leutik rada beureum dina awak kira-kira 6-12 minggu sanggeus inféksi. Tanda-tanda ieu baris leungit ku sorangan sarta mindeng pisan nu gering téh teu ngarasakeunana. Salila 2-3 taun kahiji panyakit ieu teu némbongkeun tanda-tanda, atawa disebut mangsa laten. Sanggeus 5-10 taun panyakit sifilis baris narajang susunan saraf otak, pembuluh getih sarta jantung. Dina awéwé nu keur hamil, sifilis bisa ditépakeun dina orok anu aya dina kandunganna sarta orok kasebut bisa lahir jeung karuksakan kulit, haté, limpa, sarta cacad méntal.

Sifilis

Rujukan

Sifilis 

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

GamelanBabarPeer to PeerLeukeurBasa kostaWaktu jeung usum-usumanDeungeun sanguMagmaSénggalBasa IndonésiaBandung Lautan ApiRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto MangunkusumoSeureuhUTC1998Sastra938TumbungAbonKila-kilaKarbon dioksidaPaculJames BondSituKumpulan sajakKaréta api Kutojaya UtaraBabakan Siliwangi1822Babad CirebonKumis ucingGending karesménBulan purnamaAmérika SarikatLangirRamadanRarangkén barungKyaiHirohitoKampung adat CireundeuKleponAl-IkhlasCukangSurachman R.M.BandrékUcing sumput22 AprilWawangsalanMociRobotSimpatiSolihin Gautama PurwanegaraKaréta api SingasariWaditraBugis (kadaharan)Ully Sigar RusadyBojongSeblakPangéranLondon🡆 More