Manuk Onta

Manuk Onta (Struthio camelus) mangrupa jenis manuk nu pangbadagna nu masih hirup nepi ka kiwari.

Ieu manuk kaasup kana keluarga nu sarua jeung manuk kasuari, rhéa, emu, jeung kiwi. Lantaran awakna badag, manuk onta teu bisa ngapung siga manuk sejénna. Manuk onta jangkungna bisa nepika 2.5 meter. Beuratna bisa nepika 140 kg. Ciri hasna nyaéta beuheungna nu panjang pikeun nempo posisi musuh aya di mana. Dingaranan manuk onta lantaran beuheungna nu panjang siga onta.

Manuk Onta
Manuk Onta

Habitat

Manuk onta lain manuk asli Indonesia, tapi manuk nu asalna ti Afrika. Sacara husus, aya di belah wetan atawa kidul Afrika. Tapi sok aya ogé di sagara Sahara. Manuk onta resep hirup di tegal nu garing, sagara, jeung havana. Epidermis, awakna, jeung karakteristikna ngamungkinkeun manuk onta hirup di habitat nu ékstrim. Lamun di ekosistem tropis nu leuweungna loba ku tatangkalan, manuk onta moal bisa hirup lila lantaran teu bisa ngapung jeung teu boga ruang bebas pikeun lumpat nalika aya bahaya.

Perilaku

Manuk onta kaasup jenis sato sosial. Manéhna bisa babarengan nyimpen endog di tempat nu sarua. Tapi bisa ogé ngabedakeun endog nu mana nu rék dihasilkeun. Tempat keur endogna ukuranna kurang leuwih 3 meter.

Manuk Onta 
Endog manuk onta

Endog manuk onta nyaéta nu pangbadagna di antara manuk nu sején. Ukuran diameterna bisa nepi ka 12–18 cm, lamun panjangna kurang leuwih 46 cm. Cangkang endogna lumayan teuas. Endogna bakal megar sanggeus 45 poé direkem.

Nalika kaayaan bahaya atawa kaancam, manuk onta bakal gogoleran di taneuh atawa lumpat kabur. Manuk onta bisa lumpat nepi ka gancangna 70 km/jam. Dina sakali ngaléngkah bisa nepika 5 meter. Lamun kaayaana geus kaserang, manuk onta bakal najong maké sukuna nu kuat. Saking kuatna, bisa nepi ka nyieun jalma atawa sato predator siga singa maot.

Kadaharan

Manuk onta kaasup kana sato omnivora nyaéta sato nu sagala dihakan boh éta tutuwuhan atawa daging. Manéhna butuh kadaharan nu miboga kandungan gizi jeung vitamin nu loba. Jenis kadaharan mantuan pikeun ngaoptimalkeun produksina jeung kaséhatannana. Umumna mah sok ngadahar dadaunan,akar-akaran,siki-sikian,sato gegemetan, kadal nepi ka sato leutik nu aya di sakurilingna.

Mangpaaat

Manuk onta miboga sababaraha mangpaat boh éta tanagana,endogna, jeung bagéan tina awakna siga kulit,bulu, jeung dagingna. Tanagana biasana sok dipaké pikeun transportasi atawa balap. Hususna daerah Afrika Utara jeung Arab. Kulitna biasana sok dipaké pikeun bahan nyieun kantong. Buluna mah dipaké pikeun industri pembersih. Endog jeung dagingna biasana sok dikonsumsi manusa. Daging onta rasana mirip pisan jeung daging sapi umumna, ngan kaleuwihanna kadar lemak jeung kolesterol nu saeutik, sarta kadar kalsium, protein, jeung zat beusi nu loba. Dagigna miboga sababaraha mangpaat kaséhatan pikeun awak di antarana jang kekebalan,stamina, nyegah panyakit saraf jeung otak.

Rujukan

Tags:

Manuk Onta HabitatManuk Onta PerilakuManuk Onta KadaharanManuk Onta MangpaaatManuk Onta RujukanManuk OntaManukOnta

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

1823Areuy kidang.ieUsum halodoKampung DukuhDramaBébénténganAsmarandanaGereja Katolik RomaSisingaanAlun-alunKecap rundayan (basa Sunda)Hak ciptaKembang MatahariGatrikCécép BurdansyahSeni PintonanSingaEngangJunichiro KoizumiKolécérMoskowWikipediaDaptar istilah sora satoZaitunGawirAmis mataSultan Ageng Tirtayasa6 NopémberÉs lilinKacapiKomunikasiWartaKecap rajékan (basa Sunda)Careuh bulanKaranganParahuluKalimah (basa Sunda)KujangKabupatén TulungagungLotékInohong di Bojong RangkongCaringinGénétikaRancatanAbubakar JayadiningratCaah déngdéngCalingcingRarangkén pa-KudaParaySyifa HadjuRobiul akhirBalong.kyPakasabanRarangkén ting-CingcauGodi SuwarnaJangjawokanAdat ngariksa nu kakandunganLasminingratHiperténsiPaguyuban PasundanPanalungtikan🡆 More