Cocopét

Baca téks

Cocopét
Cocopét
Cocopét bikangna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Artropoda
Kelas:
Subkelas:
Pterygota
Infrakelas:
Neoptera
Superordo:
Exopterygota
Ordo:
Dermaptera

De Geer, 1773
Famili

Cocopét (serangga anggota ordo Dermaptera) dicirikeun ku jangjang nu nilep handapeun jangjang luar nu kandel, abdoménna panjang ngaleuwihan jangjangna, nu ditungtungan ku cacapit. Jumlah spésiés kacatet nu 1.800 ti sapuluh famili téh pikeun ukuran gegeremet mah kawilang saeutik, tapi cocopét sumebar ampir di sakuliah dunya, sok kapanggih aya di lingkungan jero imah.

Fisiologi

Cocopét mah lolobana boga warna coklat kolot atawa hideung. Panjangna 10–14 mm; nu pangbadagna nyaéta spésiés St. Helena nu nepi ka 8 cm. Teu sakabéh cocopét boga cacapit dina tungtung abdoménna, tapi nu pangpanjangna bisa nepi ka sapertilu awakna. Sungutna bisa dipaké nyapék. Sanajan boga jangjang, cocopét jarang pisan hiber.

Abdomén cocopét aya ototan, antukna bisa melengkung atawa ngagerakkeun cacapitna. Cacapit ieu dipaké pikeun nyingsieunan musuh, nyapit mangsa, muka jangjang, sarta pikeun jalangan. Pikeun manusa, cacapit ieu moal matak nanaon, tapi pikeun barudak mah bakal lumayan nyingsieunan.

Fosil cocopét kacatet aya dina périodeu Jurasik (200-150 juta taun ka tukang) -- aya kana 70 spésimén nu kagali taun 2003.

Klasifikasi

Cocopét 
Cocopét coklat, Forficula auricularia
  • Subordo Archidermaptera (lastari)
  • Subordo Forficulina
    • Pygidicranidae
    • Diplatyidae
    • Anisolabididae
    • Labiduridae
    • Apachyidae
    • Spongiphoridae
    • Chelisochidae
    • Forficulidae
  • Subordo Hemimerina
    • Hemimeridae
  • Subordo Arixenina
    • Arixeniidae

Rujukan

  • J. D. Taylor (1978). "The earwig: the truth about the myth". Rocky Mountain Medical Journal 75: 37-38. 

Tumbu kaluar

Tags:

Cocopét FisiologiCocopét KlasifikasiCocopét RujukanCocopét Tumbu kaluarCocopét

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Mantra Sunda.ytRawaDaptar nagara dumasar populasiOncom26 Agustus19125Kabupatén Pangandaran36Bacang (kadaharan)Momen (matematika)Mahathir MohamadKota SurabayaTepasKangguruSitus Gunung PadangSerat Kanayagan.tvIsraélSajarah8 Oktober.ilAKalimah (Basa Sunda)Kecap kantétan (basa Sunda).roJaguarKecap barangMalaysia1383SulingBitotamaJoe BidenPulo2008Britania RayaHondaTogoDeungeun sanguKadali prosés statistik2007PrancisBeurat30 AprilAbad ka-1Rahmat M. Sas. KaranaBasa Betawi ParungPaparikan41Uganda31 MéiSatelitKudaJérmanBulan purnama1920Balapan Kuda61Nyi Pohaci Sanghyang Asri13WijayakusumahParahuluSan Marino1911Daptar kode telepon di IndonésiaWawacanAbdul Halim SyatariKotaBéntang Lapang26 MaretKabupatén LebakBarusuh200🡆 More