Opera

Opera nyaéta salah sahiji wangun seni pintoan panggung, ti mimiti pintonan dramatis nepika pagelaran musik.

Opera téh drama nu ngandung musik jeung nyanyian Dina magelarkeun sandiwara, opera maké élémén anu has téater kayaning artistik panggung, raksukan, jeung akting tapi kekecapan atawa rumpaka dina opera mah leuwih diyanyikeun daripada dicaturkeun. Nu nyanyi téh sok bari dipiring ku énsambel musik ti mimiti orkestra leutik nepiha orkéstra simfoni pinuh.

Opera
Gedong pagelaran Le Palais Garnier; Opera di Paris

Opera tradisional kabagi dua modél nyanyian, nyaéta; résitatif, déklamasi jeung nyanyian anu nuju kana bagian tunggal anu dinyanyikeun. Bagian pondok anu dinyanyikeun ogé dipasrahleun minangka ariosos. Unggal nyanyian dina opera sok dipirig ku musik. Nu nyanyi jeung peran maranéhna nalika minton disusun nuutkeun golongan dumasar gedé-leutikna sora maranéhna. Mun nu nyanyina lalaki digolongkeun minangka sora bas nu ngawengku sora bas, bariton jeung alto. Ana pon mun nu nyanyina wanoja, sorana dibagi kana contralto, mezzo-sopran, jeung sora sopran. Masing-masing tina ieu klasifikasi téh boga sub bagian deui atawa fach kayaning liris panyanyi sopran, coloratura, spinto jeung dramatis sopran anu nyambungkeun sora panyanyi jeung pancén anu luyu pikeun warna nada sora jeung kualitasna.

Opera téh kaideuan tina réa kasenian séjénna. Can aya katerangan anu jelas naha ieu opera téh mangrupa wangun musik pangluhungna atawa lain nu mangrupa subjék padungdengan ti mimiti abad ka-17. Seni visual kayaning ngalukis, dilaksanakeun pikeun ngajadikeun tongtonan visual di panggung, anu dianggap minangka bagian anu penting dina pintonan panggung.

Nari ogé mindeng dianggap minangka bagian tina pintonan opera. Alatan kitu, opera anu kawentar karya Richard Wagner anu nuju kana gaya minangka Gesamtkunstwerk, atawa karya seni adumanis.

Réferénsi


Opera 

Tags:

DramaMusikSandiwaraSeni PintonanTéater

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

AbonBasa BenggalaMartha Christina TiahahuJaiponganPaculPasarikatan Bangsa-BangsaHirohitoJamparingMarcapadaRokét caiKabudayaan SundaSlovakiaUbarPuisi sundaKleponPerang BubatBatagorKampung Adat CireundeuPutuDaimyo1823SMA Buppi Majalayaoptimisasi mesin panéangAntigua jeung BarbudaUrang ArabSénégal26 JuliBabak (téater)CarulukNgalamarPerang Dunya IIGeutahSulawesiKampung KutaBéntangRayon JalilabadDaptar taunDogdog PangréwongKomengTajugFCCUni Arab MagribiSénggalKulawargaKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarEndog asinMusikAsép Sunandar SunaryaBoluPapantingLeukeurKecap sulurSamudra HindiaMacan dahanKaréta api KahuripanHeulang JawaJawa TengahWikikamusEundeuk-eundeuk CangBasisir LangitPangisi soraKampung DukuhBugis (kadaharan)🡆 More