Basisir Langit téh ngaran judul buku kumpulan sajak karya Surachman R.M..
Basisir Langit téh diterbitkeun ku penerbit Balai Pustaka Jakarta dina taun 1976, kalawan maké kode penerbitan BP No 2498. Ukuran buku 14,5x20,5 cm ngagunakeun keretas koran, jilidna digambaraan ku BLB Prasodjo, ari di jerona mah teu maké gambar ilustrasi, kandelna 44 kaca. Ieu buku téh mangrupa buku kumpulan sajak ka dua ti pangarang, saméméhna kungsi nerbitkeun kumpulan sajak Surat Kayas. Kumpulan sajak Basisir Langit téh ngamuat 29 sajak. saméméh dijieun buku sawatara sajakna kungsi dimuat dina majalah Mangle, Warga, Sari, jeung Langensari. Ngeunaan judul buku Basisir Langit, taya katerangan nu ngeceskeun ngeunaan dipakéna éta kecap, biasana judul buku sok nyokot tina salah sahiji judul sajak anu dijagokeun atawa dianggap ngawakilan eusi buku, sanajaan dina éta buku memang aya judul sajak “Langit” tapi kecap ‘Basisir’ mah euweuh dina judul sajak. Demi judul-judul sajak nu dimuat dina ieu buku nyaéta:"Panyajak ka Panyajak","Nyusud Tapak", "Prisma", "Pangabetah", "Dua Jiwa", "Surat","Langit", "Amitan Dina Paesan", "Sawarga nu Ngemploh", "Lembur Kuring", "Sora ti Pasir Pahlawan", "Dipetek di Dasar Sagara", "Di Hiji Leuweung Geledegan", "Peureup", "Bandera Hideung Satengah Tihang","Longser","Suling", "Naha Urang Kudu Guligah", "Kolecer", "Dina Maleman Lebaran", "Sakitan", "Anu Tugur di Kuburan", "Jero Guha", "Katiga", "Prabu Mandura Tapa", "Indrajaya", "Tina Albeum Heubeul", "Peuting di Rumah Sakit", jeung "Alakpaul".
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Basisir Langit, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.