29 Maret

29 Maret nyaéta poé ka-88 dina sataun (ka-89 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 277 poé.

1 2
3 4 5 6 7 8 9
10 11 12 13 14 15 16
17 18 19 20 21 22 23
24 25 26 27 28 29 30
31  

Kajadian

  • 845Paris dijarah ku panyerbu Viking, kamungkinan dipingpin ku Ragnar Lodbrok.
  • 1430 – Kasultanan Utsmani dina pingpinan Murad II ngarebut Thessalonica ti Républik Venice.
  • 1461 – Patempuran Towton: Edward ti York ngéléhkeun Ratu Margaret sarta jadi Raja Edward IV, ngabalukarkeun reureuhna saheulaanan Perang Mawar.
  • 1632 – Perjangjian Saint-Germain ditaréken, malikkeun kakawasan Perancis ka Quebec sabada dikepung ku Inggris ti taun 1629.
  • 1792 – Raja Gustav III ti Swédia nemasing pati sabada ditémbak dina hiji Opera Karajaan Stockholm 13 poé saméméhna. Manéhna tuluy digantikeun ku Gustav IV Adolf.
  • 1795Ludwig van Beethoven (24) mimiti midang minangka pamaén piano di Wina.
  • 1809 – Raja Gustav IV Adolf ti Swédia nyérénkeun tahtana sabada hiji kudéta. Ngamimitian papisahna Finlandia ti Swédia.
  • 1847 – Perang Amérika-Méksiko: Pasukan AS nu dipingpin ku Jénderal Winfield Scott ngarebut Veracruz.
  • 1849 – Karajaan Inggris nyapluk Punjab.
  • 1857 – Sepoy Mangal Pandey ti Resimén ka-34 Infanteri Pribumi Béngal, barontak ngalawan kakawasaan Pausahaan India Wétan Inggris  di India, sarta ngailhaman kana Pangbarontakan 1857 nu katelah ku Pangbarontakan Sepoy.
  • 1867 – Ratu Victoria ngasahkeun Akte Amérika Kalér Inggris nu ngadegkeun Kanada dina tanggal 1 Juli.
  • 1871 – Balé Royal Albert dibuka ku Ratu Victoria.
  • 1879 – Perang Anglo-Zulu: Patempuran Kambula: Pasukan Inggris ngéléhkeun 20.000 urang Zulu.
  • 1886 – John Pemberton munggaran ngaracik Coca-Cola di hiji pakarangan tukang di Atlanta.
  • 1941Perang Dunia II: Angkatan Laut Inggris jeung Australia ngéléhkeun Angkatan Laut Italia kaluar ti basisir Peloponnesia, Yunani dina Patempuran Bojong Matapan.
  • 1945 – Perang Dunia II: Poé pamungkas serangan bom ngapung V-1 ka Inggris.
  • 1962 – Arturo Frondizi, présidén Argéntina disingkirkeun dina hiji kudéta militer ku tentara Argéntina, mungkas krisis konstitusional 11½ poé.
  • 1971 – Pangbantéyan My Lai: Létnan William Calley didakwa pikeun panelasan nu dihajakeun sarta meunang hukuman panjara saumur hirup.
  • 1973 – Perang Viétnam: Sérsan Max Beilke, jadi soldadu perang pamungkas AS nu ninggalkeun Viétnam Kidul.
  • 1973 – Operasi Barrel Roll, hiji pangeboman rahasiah AS di Laos pikeun nyegah nyusupna komunis ti Viétnam Kidul, lekasan.
  • 1974 – Pasukan Térakota katimu di Propinsi Shaanxi, Tionghoa.
  • 1999 – Lini 6,8 Mw narajang Distrik Chamoli di Uttar Pradesh, nelasan 103 jalma.
  • 2002 – Dina raraga ngawales serangan Passover ku Hamas, Israél mesatkeun Operasi Tameung Panahan ngalawan militan Palestina, panggedé-gedéna operasi militer di Sisi Kulon ti saprak Perang Genep Poé taun 1967.
  • 2004 – Bulgaria, Estonia, Latvia, Lithuania, Romania, Slowakia, jeung Slovenia arasup NATO minangka anggota pinuh.
  • 2010 – Dua bom maéhan manéh di dua Métro Moskow dina puncak jam sibuk wanci isuk-isuk, nelasan 40 jalma.
  • 2013 – Saheunteuna 36 jalma palastra nalika wangunan 16 tingkat rugrug di Darussalam, Tanzania.
  • 2013 – Sapuluh jalma palastra sarta 31 lianna cidera dina hiji beledugan di saluareun konsulat AS di Paskistan.
  • 2017 – Saurang patani di Sulawesi diteureuy ku oray sanca.

Nu babar

  • 1790 – John Tyler, présidén AS ka-10 (td. 1862)
  • 1816 – Dalai Lama ka-10 (td. 1837)
  • 1854 – Raden Ayu Lasminingrat, pajoang émansipasi wanita (td. 1948)
  • 1943 – John Major, PM Inggris
  • 1964 – Elle Macpherson, artis, modél Australia
  • 1972 – Rui Costa, pamaén bola Perancis
  • 1973 – Marc Overmars, pamaén bola Walanda
  • 1976 – Jennifer Capriati, atlét ténes Amérika
  • 1994 – Sulli, artis Koréa Kidul

Nu pupus

  • 1792 – Gustav III, raja Swédia (l. 1746)
  • 1912 – Robert Falcon Scott, pangjalajah Inggris (l. 1868)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

29 Maret 

Tags:

29 Maret Kajadian29 Maret Nu babar29 Maret Nu pupus29 Maret Poé peré poé panginget-nginget29 Maret Tumbu luar29 MaretKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

KayasMégalitikumAbad ka-6NyiruanKuda lumpingKastroliCaah déngdéngRarangkén -anEndog-endoganUcing sumputRarangkén ka--anWikiLénong1642Heulang JawaGrafik kadaliPakistanGending karesménRarangkén -ar-Ciréng1969Nyeri huntuPasantrénKecap rundayan (basa Sunda)Cau kepokSaurComroSitus Gunung PadangAsmarandana.bfMandalaRorombéheunUlly Sigar RusadyAsép Sunandar SunaryaDiabétes mélitusAkonPénguinTipografiBabasanLéptopCaiGatrikSajakPapantingMnetSurung mundingKampung NagaSMKS Mutiara Bangsa5 PébruariLodayaBima SaktiJohn LennonDaptar istilah ngeunaan sasatoanSylvester StalloneHirohitoSatelit Komunikasi15 JanuariBandung Lautan ApiTari MerakUkrainaUni Arab MagribiKAI Commuter IndonésiaDian SastrowardoyoKila-kilaGeutahAbu Bakar🡆 More