Katus asalna tina basa Yunani nyaéta kaktos, artina tutuwuhan anu cucukan.
Linneaus, ahli botani anu nyieun klasifikasi tutuwuhan katus asup kana kelompok tutuwuhan anu cucukan atawa Cactaceae. Katus nyaéta ngaran tutuwuhan anu kaasup famili Cactaceae.
Katus geus tumuwuh kira-kira 100 juta taun katukang. Baheulana katus téh miboga bentukna anu jangkung. Satuluyna kira-kira 60 juta taun yén aya anggapan katus th punah. Kajadian ieu téh alatan bituna gunung berapi anu neuleumkeun Benua Amerika, anu ilaharna éta katus téh tumuwuh di dinya. Sanggeus vulkanik gunung berapi téh eureun, katus téh tumuwuh deui. Tapi katus anu anyar bentukna jadi pendék. Umumnya, katus ayana di dataran tandus saperti Amérika Selatan jeung Méksiko. Daérah-daérah éta miboga curah hujan anu saeutik kalayan frekuensi anu teu tangtu. Parobahan suhu anu aya jadi ekstrem. Aya ogé pamadegan anu ngébréhkeun yén katus téh asalna ti Amerika Tengah jeung Amérika Selatan, Kanada Utara nepi ka pulo Galapagos, di Pasifik jeung pulo-pulo tropis di India Timur jeung Karibia.
Leuwih ti 200 jenis katus nu aya di alam dunya. Tina 100 marga, katus dikelompokan jadi 3 suku nya Preskioidéa, Opuntodéae jeung Ceréoidéa. Jenis Preskioidéa biasana miboga daun jeung aya cucukn. Bentukna saperti tangkal semak nepi ka 10 méter. Sedengkeun karakteristik opuntodéae, kelompok ieu miboga watang anu ngaracabang. Bentukna buleud jiga endog, demprak, panjang saperti semak. Aya ogé anu daunnan tapi babari ligar. Opuntodéae miboga aréole anu cucukan. Jenis Ceréoidéa, loba bentuk watangna jeung loba ngandung cai. Sawaréhna aya bentukna silinder, ngaracabang, buleud, panjang. Jenis ieu iboga daun jeung aréolena aya cucukan.
Kahiji katus digaringkeun, dikeueum dina cai haneut tuluy dipelak dina keusik, batu bata anu geus ditutu jeung taneuh kompos. Sanggeus katus umurna sataun jeung panjangna 4–5 cm, katus geus bisa dipindahkeun kana pot. Kadua, carana seték watangna, cara ieu saeutik kagagalanana lamun dina melakna loba. Pilih watang katus anu teu pati kolot jeung teu ngira. Keureut ku péso kalayan panjangna 6 cm. antepkeun 7 nepi ka 10 poé di tempat anu tiis sangkan getahna garing. Sanggeus kitu tinggal melak dina media tanam. Kudu diperhatikeun yén jenis katus anu buleud atawa ngaracabang, ngeureuntna kudu pas dina bagian anu ngaracabangna. Urut beulahan nu ti indukna biasana sok jadi deui tunas katus. Katilu , ku cara nyambung katus grafting. Cara ieu miboga kaonjoyan, salain mimitina tina binih anu anyar, grifting ogé nyiptakeun dua jenis tutuwuhan tina dua katus anu béda jadi katus tampilan anu anyar. Mimitina, siapkeun watang induk atawa watang Beulah handap, jenis cereus spachianus atawa opuntia ficus indica bisa dipaké ku saba kuat akarna. Prosés sambung katus kudu téréh saencan urut beulahana jadi agring sangkan téréh némpelna. Loba cara nyambung katus, tapi métode sambung rata jeung sambung serong paling loba dipaké. Prosésna hampir sarua, potong rata atawa sérong watang induk jeung watang tina jenis anu béda.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Katus, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.