Antraks nyaéta salah sahiji panyakit langka kalawan disababkeun ku baktéri nu ngabentuk spora Bacillus anthracis.
Umumna ieu panyakit téh nyorang sasatoan boh anu dikukut atawa anu abur di habitat aslina. Antraks bisa tépa ka manusa ngaliwatan kontak jeung sato anu kakeunaan ku baktéri Bacillus anthracis. Prosésna bisa tépa ngaliwatan tatu dina kulit, ngadahar daging anu geus kakontaminasi baktéri antraks, jeung nyingreup spora antraks. Biasana inféksi ieu panyakit bisa cageur ngan ku obat-obatan anu ngandung antibiotik.
Panyakit antraks geus dijéntrékeun bangsa Yunani jeung Roma kira-kira 700 tahun saacan Maséhi. Tapi, kakara dina taun 1800-an panalungtik bisa manggihan baktéri anu nyababkeun panyakit antraks. Di Indonesia antraks mimiti sumebar taun 1884 di Teluk Betung. Ti harita ieu panyakit loba kapanggihna kasusna di masarakat.
Dina taun 1885, antraks dilaporkeun nyerang daerah Buleleng (Bali), Rawas (Palembang) jeung Lampung. Sataun sanggeus kitu, daérah Banten, Padang, Kalimantan Barat jeung Kalimantan Timur. Ieu panyakit bias keuna kana sapi, munding, embé, domba, jeung bagong anu kajadian periodeu 1906- 1957 di sababaraha daérah Indonésia saperti Jambi, Palembang, Padang, Bengkulu, Buktitinggi, Sibolga, Medan, Jakarta, Purwakarta, Bogor, Priangan, Banten, Cirebon, Tegal, Pekalongan, Surakarta, Banyumas, Madiun, Bojonegoro, Sumbawa, Sumba, Lombok, Flores, Bali, SulawesiSelatan, Menado, Donggala jeung Palu.
Dina taun 1975, wabah antraks aya di genep daérah, nyaéta Jambi, Jawa Barat, Nusa Tenggara, Sulawesi Selatan jeung Sulawesi Tenggara. Jumlah munculna panyakit unggal 100.000 populasi sato unggal ancaman di provinsi nuduhkeun angka pangluhurna di Jambi (530 unggal 100.000) jeung panghandapna di Jawa Barat (0,1 unggal 100.000).
Inféksi antraks bisa asup ngaliwatan tatu dina kulit kalawan gejala kieu.
Ieu wanda antraks disababkeun ku ngadahar daging anu kakontaminasi jeung kurang asak diolahna. Ieu inféksi nyaluran saluran pencernaan, ngaliwatan tikoro nepi ka usus anu panggedéna. Gejalana siga kieu.
Spora antraks anu kasingreup bisa ngabahayakeun pisan. Gejalana siga kieu.
Wanda inféksi balukar tina suntikan jarum illegal kalawan gejala siga kieu.
Obat panyakit antraks biasa ngagunakeun antibiotik anu dikombinasikeun jeung ciprofloxacin, doxycycline, jeung levofloxacin. Lian ti éta, keur ngobatan ieu panyakit bisa ogé ngaliwatan terapi. Hasil henteuna ngobatan ieu panyakit ditangtukeun ku umur, faktor diagnosa kaséhatan secara umum, jeung legana awak anu kainféksi. Husus keur antraks nyingreup atawa inhalasi, prosés ngubaran téh sok rada hésé. Ku kituna, baktéri anu asup kana awak téh bakal gancang nyaliara jeung nyebarkeun racun kana sakuliah awak anu teu bisa cageur ku obat-obatan. Résiko tilar dunya lamun kakeunaan panyakit antraks kulit téh 20% lamun teu diubaran. Lamun panyakit Antraks Gastrointestinal, résiko tilar dunya téh aya dina angka 25% nepi ka 60%. Anu leuwih bahayana lamun kakeunaan panyakit antraks anu kasingreup résiko tilar dunyana aya dina angka 75%.
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Antraks, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.