Embé

Embé nyaéta salah sahiji sato memamah biak anu ukuranana sedeng.

Embe
Embé
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Artiodactyla
Kulawarga:
Bovidae
Subfamili:
Caprinae
Génus:
Capra
Spésiés:
C. aegagrus
Subspésiés:
C. a. hircus
Ngaran trinomial
Capra aegagrus hircus
(Linnaeus, 1758)

Embé anu sok dijadikeun ingon-ingon (Capra aegagrus hircus) nyaéta subspesies tina embé liar anu sumebar di Asia Barat Daya (wewengkon “Bulan sabit yang subur” jeung Turki) sarta Éropa. Embé liar anu jalu atawa bikang mibanda tanduk sapasang, tapi tanduk dina embé jalu leuwih badag. Umumna, embé miboga janggot, tarangna cembung, buntut rada nyungcung, sarta lolobana miboga bulu anu lempeng tur kasar. Panjang awak embé liar, nyaéta 1,3 méter nepi ka 1,4 méter, sedengkeun buntutna 12 séntiméter nepi ka 15 séntiméter. Beurat embe bikang rata-rata 50 kilo nepi ka 55 kilo, sedengkeun anu jalu bisa nepi ka 120 kilo. Embé liar sumebar ti Spanyol ka arah wétan nepi ka India, sarta ti India ka kalér nepi ka Mongolia sarta Siberia. Habitat anu dipikaresep nyaéta wewengkon pagunungan anu aya batuan.
Embé geus dibudidayakeun ku manusa kira-kira 8000 nepi ka 9000 taun katukang. Di alam aslina, embé hirup jujumplukan, limaan nepi ka duapuluhan dina sajumplukna. Nalika néang kadaharan, jumplukan embé dipingpin ku embé bikang anu pangkolotna, sedengkeun embé-embé jalu ngajaga kaamanan jumplukanana. Kadaharan utamana nyaéta jukut sarta dangdaunan. Dina sataun, embé bisa boga anak nepi ka dua kali.

Jenis

Dumasar kana mangpaatna, embé aya tilu rupa nyaéta embé pedaging atawa embé anu diarah dagingna, embé perah atawa embé nu diarah susuna, jeung embé dwiguna nyaéta embé anu diarah boh daging jeung susuna, atawa daging jeung buluna. Dumasar kana asalna, aya tilu rupa embé, nyaéta embé lokal, embé Ras jeung embé bestar. Embé lokal atawa embé anu aya di Indonesia nyaéta embé kacangan atawa embé Jawa, embé gembrong atawa embé Bali, jeung embé mrica ti Sulawesi. Sedengkeun embé Ras atawa embé ti luar nagri nyaéta embé étawa ti India, embé saanen jeung embé toggenberg ti Swiss, embé anglo-nubian ti Afrika, embé alpino ti Pagunungan Alpen Swiss, embé beetal ti Pakistan. Embé bestar nyaéta embé hasil ngawinkeun tina embé lokal jeung embé Ras.

Referensi

Tags:

AsiaBatuBuluDaunHabitatIndiaJukutKadaharanMongoliaSpanyolTandukTurkiÉropa

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Bubur bodasNomer Buku Standar InternasionalTaratasMédia sosialFoto.seBubur kacang héjoGuyanaOmanBasa TionghoaPortugalTahu SumedangCelegengBabak (téater)Pearson product-moment correlation coefficientItilRukemHileudMawarSireumKuluwungFinlandiaFotografer (Juru foto)YahudiBangbaraThe SimpsonsSupernovaBabasan jeung paribasaNyiruanKaréta api PasundanISO 3166-1Sistem Geodesi DunyaLambatee, Darul Kamal, Aceh Besar13 SéptémberLohorBasa ArabSelulosaStasion WonosariAksiomaKaulinan budak SundaKamarangPupuhBabadHideungAam AmiliaGoogleBandung TVRobiul akhirSérbiaSajak SundaFolklorOpat kalima pancerCarita pondokJangjawokanJerukLutung KasarungAsteraceaeKanjutEmpét-empétanKarajaan NgahijiKaréta api Bandara Internasional YogyakartaPrabu Geusan Ulun🡆 More