Aluminium

Aluminium nyaéta barang logam anu kacida hampangna jeung warnana méh saperti timah bodas.

Sok dijieun parabotan dapur saperti panci, kobokan, rantang, jeung sajabana. Mangrupa hiji tina logam-logam anu panglobana nu aya di alam . Ampir 8 persén tina kerak bumi ngandung aluminium. Kahengkeranana nyaéta yén aluminium henteu kungsi kapanggih leupas di alam, tapi kacampur kalayan sagala rupa zat, sarta bagian ti loba babatuan jeung taneuh.

Aluminium
Aluminium

Ku sabab éta, masalah anu disanghareupan nyaéta kumaha nyieun logam nu murah sarta aya dina jumlah-jumlah nu réa. Dina tanggal 23 Pebruari 1886, saurang ahli kimia anu umurna 22 taun anu ngaranna Charles Martin Hall manggihan solusi masalah éta sarta lahir jaman logam anyar, jaman alumunium. Manéhna ngalééhkeun cryolite, hiji sanyawa aluminium, nu dicampur jeung aluminium oksida, sarta ngocorkeun arus listrik saarah kana campuran éta.

Sanggeus dilééhkeun, muncul kancing-kancing leutik aluminium metalik, prosés kahiji anu kungsi kapanggih pikeun ngahasilkeun logam. Aluminium mékanik nyaéta sajenis logam bodas kawas pérak anu ngempur anu beuratna kira-kira ngan hiji pér tilu ti beurat beusi. Logam éta bisa dirobah jadi kawat-kawat anu leuwih lemes ti buuk-buuk anu panglemesna, sarta dijieun jadi lembaran-lembaran sababaraha kali leuwih ipis ti kertas hiji buku.

Salah sahiji bentuk ti aluminium nyaéta Aluminium Dioksida (Al2O3). Aluminium dioksida dianggo keur industri pengolahan hawa pikeun misahkeun gas ka masing-masing molekul na atawa disebut separasi gas. Aluminum dioksida nu diaktifkeun disebat activated alumina desiccant.

Rujukan

Aluminium 

Tags:

AlamBabatuanBodasBumiDapurLogamPanciRantangTaneuhTimah

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

SajakKasingsatGManisanUTCUgaAfrika KalérKuwung-kuwungKecap barangSasakÉs goyobodAngklungAmérika Sarikat30 NopémberKecap (basa Sunda)22 AprilDurmaSungkemSuratRumah Sakit Umum Pusat Nasional Dr. Cipto Mangunkusumo24 AgustusSantiago, CiléR.E. MartadinataKekecapanIsraélPanata acaraLos AngelesRamoAlloh2007KaranganJampéKampung KutaBloggerGawé Bareng Ékonomi Asia PasifikJamaikaNyi Ageng Sérang20 Séptémber16GoogleGawirGiziPalastikMarie CurieAbdurrahman WahidPulo PaskahBala-balaNagorno-KarabakhSawérPupuhBarométer2004Ganjar KurniaSondahEmasSistim OperasiBudayaDoel SumbangDiksi28 PébruariLasunISO 3166-1Sato2024🡆 More