Adan

Adan nyaéta uaran pangajak solat: Saban waktu anu lima, sok dipaké ogé dina kasempetan séjén contona dina sabot aya hujan angin.

Adan mangrupa béja datangna waktu solat pikeun umat Islam ka jalma réa atawa ogé panggero umat Islam pikeun ngalakukeun ibadah solat, hususna solat wajib lima kali sapoé sapeuting, kalayan bacaan anu geus ditetepkeun. Sacara basa adan hartina (béja atawa geroan) Aya sawatara pamadegan ngeunaan saréat adan. Pamadegan anu pangkuatna nuturkeun adan téh mimiti disyaréatkan di Madinah dina mangsa mimiti Nabi Muhammad SAW. Nabi SAW musawarah ngeunaan cara ngabéjaan umat Islam yén pikeun solat geus waktuna. Isukna Abdullah bin Zaid (sobat Nabi) nyaritakeun ka Nabi Muhammad SAW ngeunaan lafal adan ti ngimpina. Nabi SAW nuturkrun yén ngimpi Abdullah éta bener, tuluy ménta Bilal bin Rabbah pikeun uar adan. Sabot Bilal rék adan datang Umar bin Khattab (khalifah) yén manéhna ogé ngimpi nu sarua.

Adan

Babacaan Adan

  • Babacaan Adan

“Allaahu Akbar, Allaahu Akbar [2x] Asyhadu Allaa Ilaaha ilallaah [2x] Asyhadu anna Muhammadar Rasuulullaah [2x] Hayya ‘alash shalaah [2x] Hayya ‘alash falaah [2x] Allaahu Akbar, Allaahu Akbar, laa ilaaha ilallaah”

Muazin

Jelema anu nyorakeun adan disebut muazin. Dina ngalaksanakeun pancénna aya sawatara adab anu anu kudu dipigawé ku saurang muazin, di antarana suci ti ti hadas badag sarta leutik, nyanghareup kiblat, teu ngomong, sarta sorana tarik sabot ngaweuhan adan. Jelema anu mimiti ngaweuhan adan dina sajarah Islam nyaéta Bilal Bin Rabbah (budak ti Abessinia) Minangka muslim anu teguh sarta miboga sora anu alus, Bilal téh sobat nu dipikanyaah ku Nabi, komo manéhna dipénta ngaweuhan adan unggal waktu solat wajib ku kituna boga lalandian “muazin Rasulullah” Bilal kungsi usul pikeun nambahan assalaatu khairun min an-naum (solat leuwih alus batan saré) dina adan solat subuh sarta Nabi SAW narima usul éta.

Hukum Ngumandangkeun Adan

Ajengan mazhab Hanafi sarta Syafi’i boga pamadegan yén hukum ngaweuhan adan nyaéta sunah muakadah (sunah anu pangpentingna) samentara ajengan mazhab Maliki sarta Hanbali boga pamadegan yén hukumna wajib. Nurutkeun hasid Nabi Muhammad SAW, anu diriwayatkan ku Bukhari ti Lebu Sa’id al-khudri, lamun ngaregepkeun adan nu keur diaweuhkeun mangka disunahkeun pikeun jalma anu ngadéngéna pikeun ngedalkeun kalayan sora nu laun dina babacaan adan. Tapi sabot muadin ngedalkeun hayya ‘alaa assalaah sarta hayya ‘alaa al-falah, jelema anu ngadéngéna kudu ngedalkeun laa haula wa laa quwwata illaa bi Allaah (euweuh daya sarta kakuatan kajaba ti Alloh)

Rujukan

Adan 



Tempo ogé

  • Iqamah
  • Wudhu
  • Solat
  • Zikir
  • Ma'rifat

Tags:

Adan Babacaan Adan MuazinAdan Hukum Ngumandangkeun Adan RujukanAdan Tempo ogéAdanIslamKhalifahMadinahNabi Muhammad SAWNgimpiSolatUmar bin Khattab

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

.govMama GenturParasitMalaysia19111969WikiB.frMa'ruf AminÉnergiWikipédia basa SundaNilaMéterWarta64KotaAr-Ra'dAmoxicillinKantong53Si Bedog PanjangMongoliaMesir2023Daptar nagara kalawan pangakuan kawatesInternétLentongSawalaGénusSingapuraJamparingStatistika1935Abad ka-177 DésémberKalimah (basa Sunda)OPEC6995Tom CruiseDaptar abadNano SuratnoLépraPythagorasMadinahAbad ka-8 SMDadan Sutisna.ugAngklungBuahTirosinBurihAMPSKampung adat Cireundeu.mvKulawuBarusuhMoch. AmbriBaruang ka Nu NgaroraMomen (matematika)Gending karesmén2001ALancah maung2003.plAkarMadrid998Sérén taunSpanyol🡆 More