12 April

12 April nyaéta poé ka-102 dina sataun (ka-103 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 262 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 238 – Gordian II kasoran dina Patempuran Carthage ngalawan pasukan Numidia nu satia ka Maximinus Thrax, sarta manéhna gé tuluy dipaténi. Goridan I, bapana, tuluy maéhan manéh.
  • 1831 – Para soldadu bararis dina Jambatan Gantung Broughton di Manchester, ngakibatkeun jambatan éta rubuh.
  • 1861 – Perang Sipil Amérika: Perang dimimitian ku Patempuran Bénténg Sumter, nalika pasukan Konféderasi nyerang bénténg éta di palabuan Charleston, Carolina Kidul.
  • 1864 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Bénténg Pillow: Pasukan Konféderasi maéhan soldadu nu nyarerah di Bénténg Pillow, Tennessee, lolobana urang Amérika Afrika.
  • 1877 – Karajaan Inggris nyapluk Transvaal (Afrika Kidul).
  • 1917Perang Dunia I: Pasukan Kanada hasil ngaréngsékeun pangrebutan Lamping Vimy ti Jérman.
  • 1945 – Présidén AS Franklin D. Roosevelt maot di kantorna; Harry S. Truman jadi panggantina.
  • 1955 – Vaksin polio nu dimekarkeun ku Dr. Jonas Salk dinyatakeun aman jeung éféktif.
  • 1961Perang Tiis: Palombaan Angkasa Luar: Kosmonot Soviét, Yuri Gagarin kabéjakeun minangka jalma munggaran nu nyayabaan ka luar angkasa.
  • 1970 – Kapal selam Soviét K-8, nu mawa opat torpédo nuklir, tilelep di Teluk Biscay sabada opat poé kahuruan.
  • 1976 – Novél munggaran Anne Rice, "Interview with a Vampire" dipedalkeun ku Knopf
  • 1980 – Samuel Doe ngawasa di Liberia dina hiji kudéta, mungkas leuwih ti 130 taun kakawasaan minoritas Amérika Libia di nagara éta.
  • 1980 – Pasawat Transbrasil 303, Boeing 727, murag nalika ngadeukeutan ka Bandara Internasional Hercilio Luz di Florianopolis, Brasil. Lima puluh lima tina 58 panumpangna maraot.
  • 1996 - Yahoo! ngalakukeun panawaran munggaran ti 2,6 juta saham nu masing-masing ajénna 13 Dolar AS.
  • 1999 – Présidén AS Bill Clinton dianggap ngahina pangadilan alatan mikén “pernyataan nu salah sacara dihaja” dina hiji sawala hukum; manéhna tuluy didenda jeung kabéh kekecapanna dina perkara éta teu diandel deui.
  • 2002 – Hiji bom maéhan manéh ngabeledug di Pasar Mahane Yehuda di Yerusalem, nelasan tujuh jalma sarta nyideraan 104 lianna.
  • 2002 - Undang-undang Pangadilan Pajak disahkeun. Ieu kajadian nandaan lahirna institusi paradilan munggaran jeung pamungkas di widang papajakan di Indonésia.
  • 2007 - Iinditan Karéta api Argo Jati tujuan Cirebon - Jakarta Gambir diresmikeun.
  • 2007 – Saurang pangebom maéhan manéh nembus ka Zona Héjo sarta ngajelegurkeun manéh di hiji kafetaria di jero gedong parlemén, nelasan PM Irak Mohammad Awad jeung nyideraan leuwih ti dua belas jalma.
  • 2009 – Angkatan Laut AS nyalametkeun Kaptén Richard Phillips, nelasan tilu bajak laut urang Somalia jeung nawan saurang deui.
  • 2013 – Dua bom maéhan manéh nelasan tilu soldadu Chad jeung nyideraan losinan lianna di hiji pasar di Kidal, Mali.
  • 2014 – Kahuruan Tohaga di Valparaiso, Chili, ngaruksak kota éta, nelasan 16 jalma sarta ngungsikeun ampir kana 10.000 urangna, ogé ngancurkeun 2.000 imah.
  • 2018 - Géopark Ciletuh sah diangken ku UNESCO.
  • 2019 – Obat anyar ABT-450, nu boga rating 90-95% bisa nyageurkeun Hepatisis C, dibéwarakeun.

Nu babar

  • 1942 – Jacob Zuma, présiden kaopat Afrika Kidul
  • 1947 – Tom Clancy, sajarawan jeung pangarang Amérika (td. 2013)
  • 1947 – David Letterman, komédian Amérika
  • 1956 – Andy Garcia, aktor Amérika kalahirna Kuba
  • 1971 – Shannen Doherty, artis Amérika
  • 1973 – Christian Panucci, pamaén bola Italia
  • 1973 - Jefri Al Buchori, da'i Indonésia (td. 2013).
  • 1989 – Risty Tagor, béntang sinetron Indonésia
  • 1994 – Saoirse Ronan, artis Amérika kalahiran Irlandia
  • 1994 – Oh Sehun, tukang ngawih Koréa Kidul (EXO)

Nu pupus

  • 238 – Gordian II, kaésar Romawi (l. 192)
  • 1945 – Franklin D. Roosevelt, présidén AS ka-32 (l. 1882)
  • 1989 – Sugar Ray Robinson, tukang tinju Amérika (l. 1921)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Internasional Pangapungan Jalma ka Luar Angkasa

Tumbu luar

12 April 

Tags:

12 April Kajadian12 April Nu babar12 April Nu pupus12 April Poé peré poé panginget-nginget12 April Tumbu luar12 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

JepangMuammar KhadafiPusdikpassusTéhnologiSancang484Perang Punik I1725Rarangkén pa--anPanonpoéPaninggaranWangunan SundaPuisi sundaPupuhPatempatanKonéng gedéNgawulukuWareguAsetTokyoKuwaitSulingFrasaKaso beurit1716BumiBugis (kadaharan)Usum halodoRamatlokaSogunHondaSapfoPrasasti Dalung BojongDeungeun sanguAntartikaNomer Buku Standar InternasionalRuntahSingaKampung KutaSalasaParisBoluKunciElon MuskKabudayaan SundaPapantingGondéwaCaiKiswa WiriasasmitaAlkésahAlamBasa SundaKareseban.yuJalmaRancatanSultan Ageng Tirtayasa.thTelevisiPanyajakKecap rajékan (basa Sunda)MalariaDangdingKandaga Kecap🡆 More