21 April

21 April nyaéta poé ka-111 dina sataun (ka-112 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 254 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 753 SM – Romulus ngadegkeun Romawi (tanggal tradisional).
  • 43 SM – Patempuran Mutina: Mark Antony sakali deui éléh dina patempuran ku Aulus Hirtius, nu perlaya. Antony gagal ngarebut Mutina tapi Decimus Brutus ditelasan teu lila ti harita.
  • 1526 – Pamingpin pamungkas ti Dinasti Lodi, Ibrahim Lodi kasoran sarta palastra ku urang Babur dina Patempuran Panipat Kahiji.
  • 1615 – Irigasi Wignacourt dirasmikeun di Malta.
  • 1782 – Kota Rattanakosin, kiwari sacara internasional katelah ku Bangkok, diadegkeun di sisi wétan Leuwi Chao Phraya ku Raja Budha Yodfa Chulaloke.
  • 1792 – Tiradentes, saurang révolusioner nu mingpin gerakan kamerdékaan Brasil, digantung, dilelepkeun tur dicacag.
  • 1802 – Dua belas rébu urang Wahabi dina pingppinan Abdul Aziz bin Muhammad nyerang kota Karbala, nelasan leuwih ti tilu rébu pangeusina sarta ngajarah kota.
  • 1806 – Aksi 21 April 1806: Hiji kapal frigate Perancis hasil kabur tina kepungan armada Inggris di leupas basisir Afrika Kidul.
  • 1809 – Dua korp tentara Austria diusir ti Landshut ku tentara Karajaan Perancis Kahiji nu dipingpin ku Napoléon nalika dua korp Perancis di kalér nahan serangan tentara utama Austria dina poé kahiji Patempuran Eckmühl .
  • 1820 – Élmuwan Dénmark, Hans Christian Ørsted, jadi nu munggaran nganyahoan kana éléktromagnétisme nalika manéhna keur niténan jarum kompas.
  • 1821 – Benderli Ali Pasha nepi ka Konstantinopel minangka Raja Turki Utsmani; manéhna nyepeng kakawasaan ngan salapan poé méméh dibuang.
  • 1836 – Révolusi Texas: Patempuran San Jacinto: Pasukan Républik Texas pingpinan Sam Houston ngéléhkeun pasukan pingpinan Jéndral Méksiko Antonio Lopez de Santa Anna.
  • 1898 – Spanyol nyatakeun perang ka AS.
  • 1914 – Insidén Ypiranga: Kiriman sanjata Jérman ka Méksiko dipapag ku Angkatan Laut AS di deukeut Veracruz.
  • 1918Perang Dunia I: Jago tempur Jérman, Manfred von Richthofen, nu leuwih kawentar ku sebutan “The Red Baron”, katémbak nepi kahanteuna di saluhureun Vaux-sur-Somme di Perancis. Pilot Kanada, Arthur Roy Brown minangka nu némbakna.
  • 1934 – "Surgeon's Photograph", photo pangkakoncarana nu ngébréhkeun naon anu disangka minangka Monster Loch Ness, dipublikasikeun dina the Daily Mail (di taun 1999, kanyahoan minangka hoax).
  • 1952 – Poé Sekertaris (kiwari nelah ku Poé Administrasi Profésional).
  • 1958 – Pasawat United Airlines nomer 736 diadu jeung pasawat jét tempur AS di deukeut Arden, Nevada (kiwari Enterprise, Nevada).
  • 1966 – Gerakan Rastafari: Haile Selassie ti Éthiopia nganjang ka Jamaika, hiji kajadian nu kiwari dipiéling minangka Poé Grounation.
  • 1967 – Sababaraha poé saméméh pamilihan umum di Yunani, Kolonél George Papadopoulos mingpin hiji kudéta, ngadegkeun réjim militer nu ngadeg salila tujuh taun.
  • 1975 – Perang Viétnam: Présidén Viétnam Kidul Nguyễn Văn Thiệu ninggalkeun Saigon nalika Xuân Lộc, pos pamungkas Viétnam Kidul nu nahan serangan langsung ti Viétnam Kalér, rugrug.
  • 1985 – Kelompok milisi The Covenant, The Sword, and the Arm of the Lord nyarerah ka otoritas féderal di Arkansas sabada dua poé dikepung di sajeroeun hiji kompléks.
  • 1987 – Kelompok Macan Tamil disalahkeun pikeun hiji bom mobil nu ngajelegur di Kolombo, ibu kota Sri Langka, nelasan 106 jalma.
  • 1989 – Di Beijing, kira-kira 100.000 jalma ngarumpul di Alun-Alun Tianamen pikeun mangéling-ngéling pingpinan réformasi Cina, Hu Yaobang.
  • 1989 – Nintendo medalkeun Game Boy orisisinil di Jepang.
  • 1993 – Pangadilan Tinggi di LA Paz, Bolivia, mutuskeun hukuman 30 taun panjara tanpa pangampura pikeun manten diktator Luis Garcia Meza ku alatan panelasan, maok, panipuan jeung ngalanggar konstitusi.
  • 2004 – Lima bom maéhan manéh nyasar polisi stasion di Basra jeung sabudeureunna, nelasan 74 jalma sarta nyideraan 160 lianna.
  • 2014 – Kota Flint, Michigan, Amérika, nukeurkeun sumber caina ka Leuwi Flint, ngamimitian lumangsungna krisis cai Flint nu ngabalukarkeun karacunanna kira-kira 12.000 jalma sarta 15 maraot alatan panyakit Legionnaires (sarupaning kuman baktéri), pamustunganna nungtun kana disidangna 15 jalma nu lima di antarana meunang dakwaan panelasan teu kahaja.
  • 2019 – Dalapan bom ngabeledug di garéja, hotél jeung tempat-tempal lianna di Sri Langka wanci Minggu Paskah, leuwih ti 200 jalma palastra.

Nu babar

  • 1838 – John Muir, ahli lingkungan hirup Amérika-Skotlandia (td. 1914)
  • 1864 – Max Weber, sosiolog Jérman (td. 1920)
  • 1879 – R.A. Kartini, Pahlawan Nasional Indonésia (td. 1904)
  • 1915 – Anthony Quinn, aktor Amérika kalahiran Méksiko (td. 2001)
  • 1926 – Elizabeth II, ratu Karajaan Inggris
  • 1947 – Iggy Pop, musisi Amérika
  • 1959 – Robert Smith, musisi Inggris (The Cure)
  • 1979 – James McAvoy, aktor Skotlandia
  • 1989 – Carlos Muñoz, pamaén bola Chili
  • 1992 – Isco, pamaén bola Spanyol

Nu pupus

  • 1910 – Mark Twain, novelis Amérika (l. 1835)
  • 1918 – Manfred von Richthofen, pilot Jérman (l. 1892)
  • 1946 – John Maynard Keynes, ékonom jeung pilosop Inggris (l. 1883)
  • 2016 – Prince, tukang ngawih Amérika (l. 1958)
  • 2017 – Ugo Ehiogu, pamaén bola Inggris (l. 1972)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Kartini

Tumbu luar

21 April 

Tags:

21 April Kajadian21 April Nu babar21 April Nu pupus21 April Poé peré poé panginget-nginget21 April Tumbu luar21 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

BalongAngklungNgorongRarangkén -keunWikikamusColénakJalmaAdat ngariksa nu kakandunganAksara GedéNgadu kaléciGaya basa (Sunda)MuwaqqitSawalaSiribHaremisBabasanGoongNagara kahijianSyarif AminAbdurrahman Wahid.baNadom alam mahsyarRonald ReaganJurudemungElon MuskAsetÉncrakDokterDédi MulyadiSamagaha bulanAmis mataKamasanMuriangDogdog PangréwongDaptar kode telepon di IndonésiaCau ambon5 NopémberLionel MessiTokyoKampung DukuhKecap kantétan (basa Sunda)TémaKanyéréHak ciptaKota BogorArus listrikPutuIqroDramaSuku (biologi)Bandung TVSoraKecap (basa Sunda)Sistim Operasi6 NopémberDongeng-Dongeng SasakalaCut Nyak DhienInternétPésoSeserahanKirataBabadTatakrama basa SundaLangitLasminingratGegetukSurawungBurokan.gsSangu ketan🡆 More