6 April

6 April nyaéta poé ka-96 dina sataun (ka-97 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 269 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 46 SM – Julius Caesar ngéléhkeun Caecilius Metellus Scipio jeung Marcus Porcius Cato (Cato nu Ngora) dina Patempuran Thapsus.
  • 1652 – Koloni Cape, padumukan munggaran urang Éropa di Afrika Kidul diadegkeun ku VOC nu dipingpin ku Jan Van Riebeeck.
  • 1712 – Pangbarontakan Budak Beulian New York dimimitian di deukeut Broadway.
  • 1808 – John Jacob Astor ngadegkeun Pausahaan Bulu Amérika, manéhna antukna jadi jutawan munggaan Amérika.
  • 1812 – Pasukan Inggris dina pingpinan Bangsawan Wellington nyerang Bénténg Badajoz. Hal ieu bakal jadi titik balik dina Perang Bobojong ngalawanan Perancis nu dipingpin ku Napoléon.
  • 1814 – Dimimitianna Réstorasi Bourbon; tanggal tepung taun Napoléon nyerah tur dibuang ka Élba.
  • 1862 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Shiloh dimimitian: Di Tennessee, pasukan Union nu dipingpin ku Jéndral Ulysses S. Grant patelak jeung pasukan Konféderasi nu dipingpin ku Jéndral Sidney Johnston.
  • 1869 – Séluloid dipaténkeun.
  • 1896 – Di Athéna, pangbukaan Olimpiade modérn nu kahiji direuah-reuah, 1.500 taun sabada Olimpiade nu aslina nu dilarang ku Kaésar Romawi, Theodosius I.
  • 1909 – Robert Peary jeung Matthew Henson jadi jalma-jalma nu munggaran anjog ka Kutub Kalér; Pangakuan Peary pada nananyakeun alatan kateubilulanna dina masalah navigasi.
  • 1917Perang Dunia I: Amérika Sarikat nyatakeun perang ka Jérman.
  • 1936 – Tornado Tupelo–Gainesville: Tornado lianna nu boga sistim nu sarua jeung tornado nu narajang Tupelo, ogé narajang Gainesville, Georgia, nelasan 203 jalma.
  • 1941Perang Dunia II: Nazi Jérman mesatkeun Operasi 25 (serangan ka Karajaan Yugoslavia) jeung Operasi Marita (serangan ka Yunani).
  • 1945 – Perang Dunia II: Sarajévo dibébaskeun ti pasukan Jérman jeung Kroasia ku partisan Yugoslavia.
  • 1945 – Perang Dunia II: Patempuran Slater’s Knoll di Bougainville lekasan.
  • 1947 – Panghargaan Tony nu munggaran dibikeun pikeun beubeunangan dina widang téater.
  • 1957 – Konglomeraet kapal Yunani, Aristotle Onassis meuli the Hellenic National Airlines (TAE) sarta ngadegkeun Maskapai Olympic.
  • 1965 – Pamesatan Early Bird, satelit komunikasi komersil nu munggaran nu ditempatkeun dina orbit bumi.
  • 1968 – Di Richmond, distrik Kota Indiana, dua jeleguran nelasan 41 jalma sarta nyideraan 150 lianna.
  • 1970 – Rajapati Newhall: Opat urang Patroli Jalan Raya California nemasing pati dina hiji tétémbakan.
  • 1972 – Perang Viétnam: Serangan Paskah: Pasukan Amérika ngamimitian serangan udara jeung pangeboman ti angkatan laut.
  • 1991Diego Maradona dihukum larangan maén salila 15 bulan di Liga Italia alatan positif maké kokain.
  • 1992 – Perang Bosnia dimimitian.
  • 1994 – Pangbantéyan Rwanda dimimitian nalika pasawat nu ngangkut Présidén Rwanda Juvénal Habyarimana jeung Présiden Burundi Cyprien Ntaryamira ditémbak murag.
  • 1998 – Pakistan nguji coba misil jarak manengah nu bisa nepi ka India.
  • 1998 – Grup Travelers ngabéwarakeun kasapukan pikeun ngajalankeun merger $76 milyar jeung Citicorp, merger-na réngsé dina tanggal 8 Oktober taun éta kénéh, ngajadi Citibank.
  • 2005 – Pamingpin Kurdi Jalal Talabani jadi présidén Irak; Urang Arab Shiite, Ibrahim al-Jaafari kapéto jadi perdana menteri dina poé isukna.
  • 2008 – Serangan umum Mesir nu dipingpin ku para pagawé Mesir dimimitian, kadituna nelah ku Aktipis Mesir jeung Pagerakan Pamuda 6 April.
  • 2009 – Lini 6.3 magnitud narajang di deukeuteun L’Aquila, Italia, nelasan 307 jalma.
  • 2010 – Pangbarontak Maois nelasan 76 patugas CRPF di Distrik Dantewada, India.
  • 2011 – Di San Fernando, Tamaulipas, Méksiko, leuwih ti 193 korban Los Zetas digali ti sababaraha kuburan massal.
  • 2012Azawad nyatakeun dirina merdéka ti Républik Mali.
  • 2017 – Militer AS mesatkeun 59 misil pangjalajah Tomahawk ka markas pangkalan udara Syria. Rusia ngagambarkeun serangan éta minangka hiji “agrési”, tur nambahkeun hal éta nyata-nyata geus ngaruksak kana patali AS-Rusia.

Nu babar

  • 1483 – Raphael, juru lukis, arsiték Italia (td. 1520)
  • 1890 – Anthony Fokker, insinyur jeung pangusaha Walanda, nu ngadegkeun Pabrik Kapal Udara Fokker (td. 1939)
  • 1892 – Donald Wills Douglas, Sr., pangusahan Amérika, nu ngadegkeun Pausahaan Kapal Udara Douglas (td. 1981)
  • 1928 – James Watson, ahli biologi Amérika
  • 1964David Woodard, Konduktor Amérika
  • 1969 – Paul Rudd, béntang pilem Amérika
  • 1976 – Candace Cameron Bure, artis Amérika
  • 1998 – Peyton List, artis Amérika

Nu pupus

  • 1199 – Richard I, raja Inggris (l. 1157)
  • 1520 – Raphael, juru lukis, arsiték Italia (l. 1483)
  • 1994 – Cyprien Ntaryamira, présidén ka-5 Burundi (l. 1955)
  • 1994 – Juvénal Habyarimana, présidén ka-3 Rwanda (l. 1937)
  • 2000 – Habib Bourguiba, présidén kahiji Tunisia (l. 1903)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Internasional Olahraga pikeun Pamekaran jeung Kadaméyan
  • Poé Nalayan Indonésia

Tumbu luar

6 April 

Tags:

6 April Kajadian6 April Nu babar6 April Nu pupus6 April Poé peré poé panginget-nginget6 April Tumbu luar6 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

GatrikPandawaFijiRukun ImanDinasti SafawiyahLaut TengahWacana1934Singa depaRomadon (bulan hijriyah)Kalimah (basa Sunda)KihkirÉropaDongéngKampung Mahmud1530Wayang GolékCucungukSastra SundaAl-Mawardi1990-anBlogBandung TVBobokoBeutiPamayangBaha'iKirataCipongkor, Bandung KulonÉtémBasa PolandiaInohongJumaahCarulukTéstisCarita PantunSi UnyilRisolesKendangDaptar setasiun radio di IndonésiaKiswa WiriasasmitaHadiah Sastra Rancagé1531Kidang Kawisaya1927580Babak (téater)Paris HiltonMuammar KhadafiBayongbongUji kuadrat-chi PearsonMantra SundaCebrengTingkebanDuryodanaRékayasaRarangkén sang-BermudaMonologKota BogorNagriJaramiWawancara13 MaretSawérKampung Gedé Kasepuhan CiptagelarVaséktomiNgarasSendaiBasa PérsiSusana🡆 More