28 April

28 April nyaéta poé ka-118 dina sataun (ka-119 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 247 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 224 – Patempuran Hormozdgan lumangsung. Ardashir I ti Sasaniya ngéléhkeun tur nelasan Artabanus V nu hartina mungkas Karajaan Parthia.
  • 1192 – Pamaténian Konrad ti Montferrat (Konrad I), raja Yérusalem, di Tyre, dua poé sabada kalungguhanna dipastikeun ngaliwatan pamilihan. Palakuna nyaéta Hasyasyin.
  • 1253 – Nichiren, saurang wiku Budha, medarkeun Namu Myōhō Renge Kyō pikeun kala munggaranna pisan sarta nyatakeun yén éta téh mangrupa saripati tina Budhisme, pangaruhna ngadeg aliran Budha Nichhiren.
  • 1503 – Patempuran Cerignola lumangsung. Dituliskeun dina sajarah Éropa minangka patempuran munggaran nu dimeunangkeun ku panggunaan témbakan mésiu.
  • 1758 – Kaum Maratha ngéléhkeun Urang Afghan dina Patempuran Attock sarta ngarebut kota éta.
  • 1770 – Kaptén Inggris James Cook, nunggang kapal Endeavour, ngadarat di Teluk Botany di Australia.
  • 1792 – Perancis nyerang Austria Walanda (kiwari Bélgia jeung Luksemburg), ngamimitian Perang Révolusi Perancis.
  • 1796 – Kapaheutan Daméy Cherasco ditéken ku Napoléon Bonaparte jeung Vittoiro Amedeo III, Raja Sardinia, mekarkeun wilayah Perancis ka sapanjang basisir Méditerania.
  • 1881 – Billy the Kid kabur ti panjara Lincoln County di Mesilla, New Mexico.
  • 1887 – Saminggu sabada katéwak ku Pulisi Rahasia Prusia, inspéktur pulisi Perancis, Guillaume Schnaebelé dibébaskeun ku paréntahna William I, Kaésar Jérman, nyegah kamungkinan perang.
  • 1920Azerbaijan diasupkeun kana Uni Sovét.
  • 1923 – Stadion Wembley dibuka, mimitina dingaranan Staidion Empire.
  • 1941 – Ustaše (Pagerakan Révolusi Kroasia) nelasan ampir 200 urang Sérbia di Désa Gudovac, rajapati munggaran tina kampanye pangbantéyanna ka urang Sérbia di Nagara Merdéka Kroasia.
  • 1944Perang Dunia II: Salapan Parahu-E Jérman nyerang unit-unit AS jeung Inggris nalika Palatihan Maung, persiapan pikeun pangdaratan di Normandia, nelasan 946 urang.
  • 1945Benito Mussolini jeung bojona, Clara Petacci, ditémbak mati ku Walter Audisio, saurang anggota pagerakan perlawanan Italia.
  • 1952 – Perjangjian San Fransisco mimiti lumaku, mulangkeun kadaulatan Jepang sarta mungkas pamusuhan perangna jeung kalolobaan anggota-anggota Sakutu tina Perang Dunia II.
  • 1952 – Perjangjian Daméy Sino-Jepang (Perjangjian Taipei) ditéken di Taipei, Taiwan, antara Jepang jeung Républik Cina pikeun sacara rasmi mungkas Perang Sino-Jepang Kadua.
  • 1965 – Pasukan Amérika ngadarat di Républik Dominika pikeun “ngahulag pangadegan hiji diktatur Komunis” sarta pikeun ngaévakuasi pasukan Angkatan Perang AS.
  • 1967 – Perang Viétnam: Tukang boksen Muhammad Ali nolak asup wamil Angkatan Perang AS sarta gelar juara jeung ijin tinjuna tuluy dicabut.
  • 1967 – Pausahaan Pasawat Douglas nu rék bangkrut satuju pikeun ngagabung jeung Pausahaan Pasawat McDonnell, jadi McDonnell Douglas.
  • 1969 – Charles de Gaulle reureuh tina jadi présidén Perancis.
  • 1975 – General Cao Văn Viên, pupuhu militer Viétnam Kidul miang ka AS nailka Tentara Viétnam Kalér geus pimeunangeun.
  • 1978 – Présidén Afghanistan, Mohammed Daoud Khan, dirugrugkeun sarta ditelasan dina hiji kudéta ku pangbarontak pro-komunis.
  • 1986 – Radiasi tingkat tinggi tina musibah Chernobyl kadétéksi di pabrik tanaga nuklir di Swédia, nungtun otoritas Soviét kana ngabéwarakeun kacilakaan éta.
  • 1988 – Di sadeukeuteun Maui, Hawaii, panumpang  Clarabelle "C.B." Lansing mecleng tina pasawat Maskapai Aloha Nomer 243, boeing 737, sarta murag nepi kahanteuna, nalika awak kapal soéh wanci keur ngapung.
  • 1994 – Manten patugas jeung analis kontra intelején CIA,  Aldrich Ames divonis salah alatan ngabocorkeun rusiah AS ka Uni Soviét.
  • 1996 – Pangbantéyan Port Arthur, Tasmania: Saurang jalma basanjata, Martin Bryant, némbakan Kafé Broad Arrow di Port Arthur, Tasmania, nelasan 35 jalma sarta nyideraan 23 lianna.
  • 2004CBS News medalkeun bukti-bukti photo panyiksaan jeung panglécéan tahanan Irak ku tentara Amérika di Abu Ghraib.
  • 2019Disney nyebutkeun pilem Marvel “Avengers: Endgame” ngahasilkeun kira-kira $1.2 miliyar di sakuliah dunia, rékor pilem munggaran nu bisa ngahasilkeun sakitu dina poé kahijina.

Nu babar

  • 1545 – Yi Sun-sin, laksamana Koréa (td. 1598)
  • 1758 – James Monroe, présidén AS ka-5 (td. 1831)
  • 1926 – Harper Lee, novelis Amérika (td. 2016)
  • 1937Saddam Hussein, présidén Irak ka-5 (td. 2006)
  • 1960 – Walter Zenga, kiper Italia
  • 1970 – Diego Simeone, pamaén, palatih bola Argéntina
  • 1971 – Bridget Moynahan, artis Amérika
  • 1974 – Penélope Cruz, artis Spanyol
  • 1974 – Dominic Matteo, pamaén bola Skotlandia
  • 1981 – Jessica Alba, modél Amérika
  • 1988 – Juan Manuel Mata, pamaén bola Spanyol
  • 1989 – Kim Sung-kyu, tukang ngawih, aktor Koréa Kidul (Infinite)
  • 1990 – Rini Wulandari, tukang ngawih Indonésia
  • 1995 – Jonathan Benteke, pamaén bola Bélgia
  • 1995 – Melanie Martinez, tukang ngawih Amérika

Nu pupus

  • 1721 – Mary Read, bajak laut Karibia awéwé ti Inggris (l. 1685)
  • 1945Benito Mussolini, PM Italia ka-27 (l. 1883)
  • 1945 – Claretta Petacci, pamajikan Mussolini (l. 1912)
  • 1949Chairil Anwar, sastrawan Indonésia (l. 1922)
  • 1996 – Siti Hartinah, ibu nagara Indonésia kadua (l. 1923)

Poé peré / poé panginget-nginget

Tumbu luar

28 April 

Tags:

28 April Kajadian28 April Nu babar28 April Nu pupus28 April Poé peré poé panginget-nginget28 April Tumbu luar28 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Rakitan lantipPusdikpassusHihileudeunSasanggaleunDangdingKusumah AtmajaCahyaDodolSarung leungeunPancakakiMawarKota New YorkLondokUTCNingrum DjulaéhaBabakaurPopong Otje DjundjunanKamasanBandar Udara Internasional Soekarno–Hatta.mwRahmat M. Sas. KaranaCelegengCakungWedaKaranganGamelanTatang SumarsonoTurkménistanJaiponganAlamFotoMuhammadPrabu Geusan UlunSkotlandiaKirataIrakAsetPulusGegetukBandung TVDogdog PangréwongAbubakar JayadiningratElon MuskRamadhan KHPuisiNgaran urang SundaHadiah Sastra RancagéKecap rajékan (basa Sunda)SendalBudak TimuWawacan MintaragaHaremisRidwan KamilRarangkén silih-BarusuhPeer to PeerBaladaKuda rénggongAntartikaKacapi2012CaturanggaBugis (kadaharan)TéténongAli agremR.E. MartadinataKihkirMobil🡆 More