20 April

20 April nyaéta poé ka-110 dina sataun (ka-111 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 255 poé.

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

Kajadian

  • 303 – Universitas Sapienza Roma dirasmikeun ku Paus Bonface VIII.
  • 1534Jacques Cartier ngamimitian lalampahanna nuju ka naon anu kiwari nelah ku Basisir Kanada, Newfoundland jeung Labrador.
  • 1535 – Fenomena anjing panon poé kasawang di Stockholm.
  • 1653 – Oliver Cromwell ngabubarkeun Parlemén Rump.
  • 1657 – Admiral Robert Blake ngancurkeun kapal perang perak Spanyol dina Patempuran Santa Cruz de Tenerife.
  • 1775 – Perang Révolusi Amérika: Pangepungan Boston dimimitian, nuluykeun Patempuran Lexington jeung Concord.
  • 1792 – Perancis nyatakeun perang ka “Raja Hongaria jeung Bohemia”, awal tina Perang Révolusi Perancis.
  • 1800 – Républik Septinsular diadegkeun.
  • 1809 – Dua korps tentara Austria di Bavaria diéléhkeun ku Tentara Karajaan Perancis Kahiji nu dipingpin ku Napoléon dina Patempuran Abensberg.
  • 1862Louis Pasteur jeung Claude Bernard ngaréngsékeun percobaan nu ngabantah kana téori generasi spontan.
  • 1865 – Astronom Angelo Secchi ngébréhkeun cakram Secchi, keur ngukur tingkat kabersihan cai.
  • 1898 – Présidén AS William McKinley néken résolusi réréongan ka Kongrés pikeun nyatakeun perang ka Spanyol, ngamimitian Perang Spanyol-Amérika.
  • 1902 – Pierre jeung Marie Curie ngamurnikeun radium klorida.
  • 1914 – Salapan welas lalaki, awéwé jeung barudak maraot dina Pangbantéyan Ludlow wanci panyerangan pagawé tambang Kolorado.
  • 1918 – Manfred von Richthofen, alias The Red Baron, némbak korban ka-79 jeung ka-80-na, kameunangan pamungkasna méméh manéhna maot dina poé isukna.
  • 1920 – Déklarasi Balfour meunang pangakuan, ngajadikeun Palestina minangka Mandat Inggris.
  • 1945Perang Dunia II: Pasukan AS ngarebut Leipzig, Jérman, ngan ukur pikeun disérénkeun deui ka Uni Soviét.
  • 1945 – Perang Dunia II: Führerbunker: Dina poéan ka-56 ulang taunna, Adolf Hitler nyieun lalampahan pamungkasna ka saluhureun lemah pikeun nyérénkeun panghargaan Iron Crosses ka soldadu budak di Hitler Youth.
  • 1945 – Dua puluh barudak Yahudi nu dipaké pikeun percobaan medis di Neuengamme maraot di ruang handap Sakola Bullenhuser Damm.
  • 1946 – Liga Bangsa-Bangsa sacara rasmi dibubarkeun, nyérénkeun sabagéan gedé kakawasaanna ka PBB.
  • 1961Perang Tiis: Serangan Teluk Babi teu hasil.
  • 1968 – Pulitisi Inggris Enoch Powell nyieun pidato kontrovérsina “Leuwi Getih.”
  • 1972 – Apollo 16 modul lunar, dipingpin ku John Young sarta dipilotan ku Charles Duke, kabéjakeun ngadarat di bulan.
  • 1992 – Konsér kabéh béntang dina raraga miéling Freddie Mercury lumangsung di Stadion Wembley, London.
  • 1998 – Pasawat Air France 422 murag sabada leupas landas ti Bandara Internasional El Dorado di Bogota, Kolombia, nelasan 53 jalma sajeroeunna.
  • 1999 – Pangbantéyan SLA Columbine: Eric Harris jeung Dylan Klebold nelasan 13 jalma jeung nyideraan 24 lainna méméh tuluy maraéhan manéh.
  • 2008 – Danica Patrick meunangkeun balapan Indy Jepang 300 sarta jadi supir awéwé munggaran dina sajarah nu meunangkeun balap mobil Indy.
  • 2010 – Pangeboran minyak Deepwater Horizon ngajelegur di Teluk Méksiko, nelasan sabelas pagawé ngakibatkeun lémbéréhan minyak salila genep bulan.
  • 2012 – Saratus dua puluh tujuh jalma maraot nalika hiji pasawat murag di deukeut Bandara Internasional Benazir Bhutto di deukeut Islamabad, Pakistan.
  • 2013 – Lini 6,6 magnitud narajang Wilayah Lushan, Ya’an, di Propinsi Sichuan, China, nelasan leuwih ti 150 jalma jeung nyideraan rébuan lianna.
  • 2015 – Sapuluh jalma maraot dina hiji serangan bom ka hiji konpoy nu ngangkut suplai kadaharan ka komplék PBB di Garowe, Puntland, Somalia.
  • 2018 – Nagara-Nagara Pasamakmuran mutuskeun Pangéran Charles minangka calon pangganti Ratu Elizabeth minangka pupuhu Pasamakmuran.

Nu babar

  • 702 – Jafar al-Sadiq, cendikiawan Muslim Kakhalifahan Umayah (td. 765)
  • 1855 - Inukai Tsuyoshi, Perdana Mentri Jepang ka-29.
  • 1889Adolf Hitler, pupuhu Nazi Jérman kalahiran Austria (td. 1945)
  • 1893 – Joan Miró, tukang lukis Spanyol (td. 1983)
  • 1937 – George Takei, aktor Amérika
  • 1949 – Jessica Lange, artis Amérika
  • 1971 – Allan Houston, pamaén baskét Amérika
  • 1972 – Carmen Electra, artis, modél Amérika
  • 1974 – Adrian Ilie, pamaén bola Rumania
  • 1976 – Shay Given, kiper Irlandia
  • 1983 – Miranda Kerr, modél Australia

Nu pupus

  • 1912 – Bram Stoker, novelis Inggris-Irlandia, nu ngarang Drakula (l. 1847)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Ganja / 420 (Internasional)
  • Poé Bahasa Cina PBB

Tumbu luar

20 April 

Tags:

20 April Kajadian20 April Nu babar20 April Nu pupus20 April Poé peré poé panginget-nginget20 April Tumbu luar20 AprilKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

18891982AndukBébénténganAyakanIndonésiaLaporanDongéngCacandranBeutiISO 4217Téddi MuhtadinLoss functionBencoySawérGoogleL TV29 JuniKampung NagaHajiCaah déngdéngSahadat buhunNyi Roro KidulBasa RusiaEThe TitansWajitPertambanganSajak SundaRarangkén di-FiksiMociAlamAbah AndadinataInjukSundaEmma WatsonMumuncanganBlénderTarumanagaraRukun ImanVoltaseTali saidSylvester StalloneF8 AgustusBaluntasSudan349AbonSutradaraISO 3166-1OksigénUcang-Ucang AnggéÉngangJurudemungKoréa KidulKandaga KecapGrafik kadaliNyiruanBajigurPakeman basaPanasNikahHawuAsmaul husnaAyip RosidiRomania🡆 More