Sél Punca

Sél punca atawa Sél sirung hartina sél mimiti nu ilaharna aya di sakabéh organisme multisél nu mibanda kamampuh nganyarkeun manéh ku cara meulah diri sarta bisa dididefensiasi jadi rupa-rupa tipe sél. Panalungtikan dina widang sél sirung manusa dimimitian ku papanggihan élmuwan Kanada, Ernest A. McCulloch jeung James E. Till taun 1960-an.

Sél Punca
Sél sirung émbrionik beurit maké panyiri fluoreséns.

Sél sirung mamalia sacara umum dibagi kana dua kategori: sél sirung émbrionik (diturunkeun tina blastosis) jeung sél sirung sawawa (tina jaringan mamalia sawawa). Dina émbrio nu keur mekar, sél sirung bisa ngalaman diferensiasi jadi sagala rupa jaringan émbrio. Dina organisme sawawa, sél sirung jeung sél turunanana meta minangka sistim omé pikeun sél-sél dina awak.

ku sabab bisa tumuwuh sarta dirobah jadi jaringan husus modél otot atawa saraf, sél sirung ditalungtik kabisana pikeun natambaan kasakit genetik. Kandidat utamana mah nyaéta garis sél émbrionik, sél sirung émbrionik otolog nu dihasilkeun tina kloning terapeutik, sarta sél sirung tina getih ari atawa sungsum tulang.

Pasipatan sél sirung

Pasipatan panangtu

Ambahan harti sél sirung anu lega diwatesan ku dua pasipatan:

  • Nganyarkeun manéh (self-renewal) - bisa ngalaman sababaraha kali daur meulah sél bari teu ngalaman diferensiasi.
  • Poténsi tanpa wates (unlimited potency) - bisa ngalaman diferensiasi jadi tipe sél sawawa naon baé.

Pedaran poténsi

Sél Punca 
Sél sirung émbrionik pluripotén minangka sél massa jero dina blastosis. Sél sirung bisa jadi jaringan naon baé dina awak, iwal bali. Ukur sél morula nu totipotén nu bisa jadi sagala rupa sél kaasup bali.

Poténsi ngécéskeun poténsial diferensiasi (poténsi pikeun ngalaman diferensiasi jadi rupa-rupa tipe sél) sél sirungna.

  • Sél sirung totipotén dihasilkeun tina ngahijina sél endog jeung spérma. Sél nu dihasilkeun tina sababaraha beulahan awal endog nu geus dibuahan ogé masih totipotén. Sél-sél ieu bisa ngalaman diferensiasi jadi tipe-tipe sél émbrionik jeung ékstraémbrionik.
  • Sél sirung pluripotén diturunkeun tina sél totipotén nu bisa ngalaman diferensiasi jadi sél-sél nu diturunkeun tina tilu germ layer.
  • Sél sirung multipotén ukur bisa ngahasilkeun sél anu sakulawarga deukeut kénéh (misalna sél sirung hématopoietik ngalaman diferensiasi jadi sél getih beureum, sél getih bodas, platélét, jsb.).
  • Sél unipotén ukur bisa ngahasilkeun hiji tipe sél, tapi masih boga pasipatan nganyarkeun manéh nu ngabédakeun éta sél ti sél non-sirung.

Hambalan penting dina panalungtikan sél sirung

  • 1960-an - Joseph Altman jeung Gopal Das némbongkeun bukti neurogenesis sawawa, kagiatan sél sirung dina uteuk; laporan aranjeunna patukang tonggong jeung dogma "euweuh neuron anyar"-na Cajal, antukna harita mah teu dianggap
  • 1963 - McCulloch jeung Till ngagambarkeun ayana sél nu nganyarkeun manéh dina sungsum tulang beurit
  • 1968 - cangkok sungsum tulang antara dua adi-lanceuk kabukti bisa natambaan SCID
  • 1978 - Sél sirung Hématopoietik kapanggih dina getih ari manusa
  • 1981 - Sél sirung émbrionik beurit diturunkeun tina massa sél jero
  • 1992 - Sél sirung saraf/neural dibudidayakeun in vitro minangka neurosfir
  • 1995 - Présidén Bill Clinton nyatujuan Amandemén Dickey nu nyaram ayana anggaran federal pikeun kagiatan panalungtikan anu maké émbrio manusa.
  • 1997 - Leukemia kapanggih asalna tina sél sirung hématopoietik, bukti munggaran ayana sél sirung kangker
  • 1998 - James Thomson saparakanca ngembangkeun garis sél sirung émbrionik munggaran di Universitas Wisconsin-Madison.
  • 2000-an - Sababaraha laporan ngeunaan plastisitas sél sirung sawawa dipublikasi.
  • 2003 - Dr. Songtao Shi ti NIH manggihan sumber anyar sél sirung sawawa tina huntu susu
  • 02 Nopémber 2004 - California nyatujuan Proposisi 71 nu nyadiakeun anggaran nagara $3 miliar pikeun panalungtikan sél sirung émbrionik manusa.
  • 2004-2005 - Panalungtik Koréa Hwang Woo-Suk ngaku geus ngembangkeun sababaraha garis sél sirung émbrionik manusa tina oosit manusa nu can dibuahan. ka dieunakeun kabuktian garis sél éta palsu.
  • 2005 - Para panalungtik ti Universitas Kingston, Inggris ngaku geus manggihan sReséarchers atl sirung kategori tilu, nu dilandih cord-blood-derived embryoniclike stem cells (CBEs, sél sirung mirip émbrionik), diturunkeun tina getih ari-ari. Kelompok ieu nyebutkeun yén sél-sél ieu bisa didiferensiasi jadi rupa-rupa tipe sél nu leuwih lengkep batan sél sirung sawawa.
  • 2001-2006 - Présidén George W. Bush ngadukung Kongres pikeun nyadiakeun anggaran féderal pikeun panalungtikan sél sirung émbrionik nu kabéhna ampir $100 juta.

Rujukan

  • Stem cell, Wikipédia édisi basa Inggris (per 16 Januari 2007)

Tumbu kaluar

Sél Punca 

Tags:

Sél Punca Pasipatan sél sirungSél Punca Hambalan penting dina panalungtikan sél sirungSél Punca RujukanSél Punca Tumbu kaluarSél Punca

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Dita KarangKanjutFox Broadcasting CompanyAdonan (masak)Tabel lambang matematisMencekWikipediaCarangkaKampung adat CireundeuBidaraRarangken per-Dwayne JohnsonLéptopKaméraFiksiNyiruAl BaqorohSiksikan congcotPaparikanBora BoraAyang-ayang GungBasa LatinKecap bilangan (basa Sunda)Kabupatén Pangandaran1525SuisJurusan Pendidikan Bahasa Daérah (Sunda) UPIHawaiiPangaweruh55 SMWawangsalanKangguruFisikaJoe BidenSafinatun NajahAtlasPamilihan umum Présidén Indonésia 2024Emma PoeradiredjaCarita pondokMociGotong royongJupiterKalimahKambojaHak ciptaPandémi koronavirus 2019 di JepangBébénténganSapuChrisyeRisolesDNA216 SMAgum GumelarDangdingSapfoIklimMeuncit Sato BélaCurukPerang BubatKuningan, KuninganPupujianGatrikMaryam (surat)MesirBudayaNgaruwatSamagahaRarangkén sang-Binary numeral system🡆 More