Séréh

tempo téks

Séréh
Séréh
Séréh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Ordo: Poales
Kulawarga: Poaceae
Marga: Cymbopogon
Spreng.
Spésiés

Séréh (Cybopogon cytratus) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Poacéae. Ieu mangrupa sabangsaning tutuwuhan jujukutan nu daunna panjang siga eurih. bédana, rumpun séréh leuwih gedé jeung sok tumuwuh ngagorombol. Daun séréh miboga wangun ipis, lempeng, tulang daun sajajar, tungtung daun nyungcung jeung sisina keusrak. Sok kapanggih bagian luar jerona warna beureum. Sistim akarna kuat pisan jeung jero. Séréh resep kana tempat nu jemlék jeung deukeut kana cai, taneuh nu gembur/ngeprul, antukna teu héran mun tutuwuhan séréh loba tumuwuh di aréa pasawahan, irigasi, wahangan, jeung sajabana. pikeun ngalobakeun ieu tutuwuhan bisa dilakonan ku cara neukteuk rimpangna/anakna atawa ku cara misahkeun dapuranna tuluy dipelak. séréh miboga loba ngaran di daérah-daérah, saperti sere (Jawa); sarai, sorai, sange-sange (Sumatera); Tonti, sare (Sulawesi); hisa, isa (Maluku).

Sifat Kimiawi

Séréh ngandung minyak atsiri kalawan ngandung citral, geraniol, citronrllal, methylheptenone, eugenol methyleter, dipenten, eugenol kaninen, kadinol jeung limonene, Salian éta, sérh ngandung alkaloid, flavonoid, jeung polifenol.

Mangfaat

Séréh dipaké minangka bungbu dapur pikeun nyeungitkeun kadaharan; minyak séréh mangrupa minyak atsiri meunang nyuling tina pepelakan ieu.

Salah sahiji kagunaan lianna tina séréh nyaéta bauna nu bisa dipaké keur ngusir reungit, boh pepelakannana, atawa ogé minyakna.

Referensi

Séréh 

Tags:

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

DNyi Pohaci Sanghyang AsriSumatera KulonTahu SumedangKuluwungCau ambonSH96GondéwaTaufik FaturohmanAksaraWawacan Batara RamaNomer Buku Standar InternasionalOmanMusiumBulu kumuutCakungChadKaréta api Argo ParahyanganEstimator1946JuniY12MekahTéoréma BayesSudanNagara813 SM8KaméraBrazilRahmat M. Sas. KaranaDiodaCareuh bulanLos Angeles1960Johann Sebastian BachB2005Kalimantan WétanDaptar setasiun radio di Indonésia68BintinuLasminingrat245Jepang1 PébruariAgum GumelarAngin1967TaratasTepasPréféktur GifuGangsirBadoriMoldovaTapak limanMaliNgadu kaléciWangenan BudayaKumpulan sajakI6Kasintu93BabasanIranSuung4Timor Wetan🡆 More