Ostéoporosis téh kasakit tulang mangrupa turunna dénsitas mineral tulang (bone mineral density, BMD), karuksakan mikroarsitéktur tulang, sarta robahna kandungan protéin non-kolagén.
Tulang ostéoporotik luhur résiko rengatna. Ku WHO, ostéoporosis wanoja dihartikeun dénsitas mineral tulang 2,5 handapeun massa tulang puncak (rata-rata jalma walagri umur 20 taun nu sarua kelaminna) nu diukur ku absorpsimétri sinar-X énérgi ganda (DXA, Dual energy X-ray absorptiometry). Najan cara natambakeunana geus beuki maju (misalna maké bifosfonat), tetep waé mending disingkahan. ku sabab masalah hormonal, istri balangantrang leuwih loba katarajang ostéoporosis batan lalaki, komo mun ditambahan ku ngaroko. Asupan ubar kasakit kronis ogé kadang sok nambahan résiko katarajang ostéoporosis.
ICD-10 | M80.-M82. |
---|---|
ICD-9 | 733.0 |
DBPanyakit | 9385 |
eMedicine | med/1693 ped/1683 |
MeSH | D010024 |
Anu jadi kasang tukang ostéoporosis téh taya lian ti teu saimbangna antara formasi jeung résorpsi tulang.
Kalawan maneuh, matriks tulang salawasna ngalaman rémodéling: formasi dijalankeun ku sél ostéoblast, sedengkeun résorpsi ku ostéoklast. Dua hal ieu dipangaruhan pisan ku faktor hormonal jeung nutrisi.
Sangkan bisa tumuwuh normal, tulang butuh kalsium jeung vitamin D. Hormon paratiroid ngatur komposisi mineral jero tulang. Hormon glukokortikoid ngaronjatkeun kagiatan ostéoklast, antukna tulang ngalaman résorpsi. Kalsitonin, éstrogén, jeung téstostéron ngaronjatkeun kagiatan ostéoblast, antukna tulang tumuwuh.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Ostéoporosis, which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.