Kanjut Kundang, aslina mah ditulis maké ejahan heubeul Kandjut Kundang, nyaéta salah sahiji antologi prosa jeung puisi Sunda anu munggaran, dipilih sarta disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga.
Kanjut Kundang téh diterbitkeun ku Balai Pustaka Jakarta dina taun 1963, ngamuat sajumlah prosa jeung puisi Sunda sabada Perang Dunya Kadua, nepi ka kira-kira taun 1959. Di jerona ngawengku 45 prosa jeung 83 puisi beunang 42 pangarang mangsa harita, ti nu pangkolotna Tjaraka (lahir 1902) nepi ka pangngorana Ajatrohaedi (lahir 1939). Ukuran buku 21 x 14 Cm, ngagunakeun keretas koran, dipapaesan 8 gambar jeung 17 vignet ku Yus Rusamsi, kandelna 483 kaca. Dina bagian “Bubuka” Ajip Rosidi ngajéntrékeun kasang tukang lahirna ieu buku katut nembrakkeun maksud jeung tujuanana. Maksud diterbitkeunana ieu buku téh aya dua, nyaéta mangrupa dokuméntasi keur anak incu sampeureun ka hareup, duméh sastra Sunda mangsa harita mah gelarna téh dina majalah jeung surat kabar. Anu kaduana mah nyaéta mentingkeun ajén inajen sastrana, sangkan jadi ugeran pikeun nangtukeun ukuran hadé gorengna karya sastra. Wangun karangan prosa anu diasupkeun kana ieu antologi téh nyaéta carpon, panineungan, sempalan novel, jeung sempalan fragmén carita drama, sedengkeun wangun puisi ngawengku sajak, guguritan atawa dangding, jeung prosa lirik.
A.Carita Pondok
B.Sketsa/Panineungan
C.Sempalan Novel
D.Sempalan Drama
A.Sajak
B.Guguritan
C.Prosa Lirik
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
This article uses material from the Wikipedia Basa Sunda article Kanjut Kundang (antologi sajak Sunda), which is released under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 3.0 license ("CC BY-SA 3.0"); additional terms may apply (view authors). Eusi nu nyangkaruk ditangtayungan ku CC BY-SA 4.0 iwal lamun disebutkeun béda. Images, videos and audio are available under their respective licenses.
®Wikipedia is a registered trademark of the Wiki Foundation, Inc. Wiki Basa Sunda (DUHOCTRUNGQUOC.VN) is an independent company and has no affiliation with Wiki Foundation.