Bayern: Nagara bagéan di Jérman

Bayern (; Inggris: Bavaria /bəˈvɛəriə/), resmina Nagara Bébas Bayern (Jérman jeung Bayern: Freistaat Bayern ), nyaéta nagara bagéan féderal Jérman nu teu boga laut, pernahna di sudut tenggara Jérman.

  1. ALIH Citakan:Disambig info

Miboga lega 70.550,19 kilométer pasagi (27.200 mil pasagi), Bayern mangrupa nagara bagéan Jérman panggedéna ditingal ti lega lemahna nu ngalingkup kira-kira saperlima total lega lemah Jérman. Miboga 13 juta pangeusi, Bayern jadi nagara bagéan nu boga pangeusi kadua panglobana saanggeus Nordrhein-Wéstfalen. Kota utama Bayern nyaéta München (puseur dayeuh jeung kota panggedéna, sarta kota katilu panggedéna di Jérman), Nürnberg, jeung Augsburg.

Nagara Bébas Bayern

Freistaat Bayern
Nagara bagéan
Bandéra Nagara Bagéan Bébas Bayern

Bandéra Nagara Bagéan Bébas Bayern
Bandéra
Lambang Nagara Bébas Bayern
Lambang
Kawih:Bayernhymne  (basa?)
"Hymne Bayern"
Koordinat: 48°46′39″N 11°25′52″E / 48.77750°N 11.43111°E / 48.77750; 11.43111
NagaraJérman
Puseur dayeuhMünchen
Pamaréntahan
 • BadanLandtag Bayern
 • Présidén MenteriMarkus Söder (CSU – Uni Sosial Kristen Bayern)
 • Partéy pamaréntahCSU / FW
 • Bundesrat kapilih6 (ti 69)
Lega
 • Total70.550,19 km2 (2,723,958 sq mi)
Pangeusi
 (31 Désémber 2018)
 • Total13,076,721
 • Kapadetan185/km2 (480/sq mi)
DémonimBavarian(s) (basa Inggris)
Bayer (m), Bayerin (f) (basa Jérman)
Zona wanciUTC+1 (CET)
 • Usum Panas (DST)UTC+2 (CEST)
Kode ISO 3166DE-BY
GDP (nominal)€625 miliar (2018)
GDP per kapita€47.946 (2018)
Wewengkon NUTSDE2
HDI (2017)0,944
gedé pisan · ka-6 ti 16
Ramatlokabayern.de

Sajarah Bayern dimimitian ku pamukiman pangmimitina ku urang Kelt Jaman Beusi, teras ditakhlukkeun ku Kakaisaran Romawi dina abad ka-1 saméméh Maséhi nu digabungkeun ka propinsi Raetia jeung Norikum. Bayern jadi kadipatén suku dina abad ka-6 Maséhi saanggeus runtuhna Kakaisaran Romawi Kulon. Bayern teras kagabung ka Kakaisaran Romawi Suci, jadi karajaan indepénden, gabung ka Prusian nu dipingpin Kakaisaran Jérman nu gelar karajaanna tetep dipertahankeun, jeung tungtungna jadi nagara bagéan di Républik Féderal Jérman.

Bayern miboga budaya nu khas, umumna disababkeun ku tradisi konsérvatif jeung mayoritas Katolik. Urang Bayern sacara tradisional reueus ka budayana, di antarana basa, dahareun, arsitéktur, féstival saperti Oktoberfest, jeung unsur simbolisme Alpen. Ieu nagara bagéan ogé miboga ékonomi kadua panggedéna di antara nagara bagéan Jérman dumasar data GDP, méré status wewengkon Jérman nu leuwih raharja.

Bayern Modérn ngamuat ogé wewengkon historis Franken jeung Schwaben.

Rujukan

Tutumbu luar

Tags:

Basa InggrisBasa JérmanMünchenNordrhein-Wéstfalen

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

PurwakantiCucungukAli agremKujangPutuGénétikaBeutiPanata acaraGotong royongPapantingBumiKabudayaan SundaCiréngIwa Kusuma SumantriKalimah (basa Sunda)Prabu SiliwangiRarangkén pa-Cécép BurdansyahKarajaan SundaSakotengMaén balBiografiDiponegoroRancatanLotékBangbaraMahabarataNomer Buku Standar InternasionalPerang Punik IAlun-alunGedoganBéklenÉtémAbdul Halim SyatariWiki CommonsBoy-boyanSiti Hardijanti Rukmana.mwKarna YudibrataPakeman basaApip MustapaMickey MouseUsum halodoAsinanRandeganLos AngelesLampingInohongKecap bilangan (basa Sunda)DramaAmis mataMarcapadaRaffi AhmadHawuJangjawokanHéjoGolodogSogunSabunKepohNgaran urang SundaDongéngTémpéLancah maungTénjolaya, Cicaléngka, BandungCuhcurSéro🡆 More