2 Méi

2 Méi nyaéta poé ka-122 dina sataun (ka-123 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 243 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1536 – Anne Boleyn, ratu Inggris, ditahan pikeun alesan milahmpah teu uni, incest, panghianatan jeung sihir.
  • 1611 – Injil vérsi Raja James munggaran medal di London, Inggris, ku tukang nyétak Rober Barker.
  • 1780 – William Herschel manggihan béntang binér ka-1, Xi Ursae Majoris.
  • 1808 – Perang Bobojong pejah: Urang Madrid barontak ka pangawasa Perancis.
  • 1866 – Para pajuang Péru tempur ngalawan armada laut Spanyol dina Patempuran Callao.
  • 1876 – Pangbarontakan April dimimitian di Bulgaria Utsmani.
  • 1885 – Prajurit Suku Cree jeung Assiniboine meunangkeun Patempuran Péso Keureut ngalawan pasaukan Kanada nu leuwih réa wanci Pangbarontakan Kalér Kulon.
  • 1889 – Menelik II, raja Éthiopia, néken Perjangjian Wuchale, mikeun Éritréa ka Italia.
  • 1941 – Sabada kudéta ka Putra Mahkota Irak, Pangéran Abdallah dina awal taun, Karajaan Inggris mesatkeun Perang Anglo-Irak dina raraga mulangkeun deui kakawasaanna.
  • 1945Perang Dunia II: Uni Soviét ngabéwarakeun runtuhna Bérlin.
  • 1945 – Perang Dunia II: Nyerahna Caserta mimiti méré pangaruh, pasukan Jérman di Italia ngareureuhan perang.
  • 1945 – Perang Dunia II: Pasukan Divisi Airborne AS Ka-82 ngabébaskeun Kémp Konséntrasi Wöbbelin, manggihan 1.000 tahanan geus maraot, lolobana alatan kalaparan.
  • 1952 – Pasawat jét panumpang nu munggaran di dunia, De Havilland Comet 1, munggaran ngapung ti London ka Johannesburg.
  • 1964 – Perang Viétnam: Hiji jeleguran nilemkeun kapal induk AS Card nalika keur reureuh di Saigon, palakuna dua palika Viét Kong.
  • 1972 – Wanci janari, kahuruan lumangsung di Tambang Sunshine di Idaho, nelasan 91 pagawé.
  • 1982 – Perang Malvinas: Kapal selam nuklir Inggris Conqueror nilemkeun kapal pangjalajah Argéntina General Belgrano.
  • 1986 – Musibah Chernobyl: Kota Chernobyl diévakuasi, genep poé ti saprak kajadian kacilakaan.
  • 1989Perang Tiis: Hongaria mimiti ngabongkaran pager pangwatés jeung Austria, ngijinan urang Jérman Wétan pikeun pindah palempangan.
  • 1995 – Wanci Perang Kamerdékaan Kroasia, Tentara Sérbia Krajian némbakkeun sajumlah bom, nelasan tujuh urang sarta nyideraan 175 rahayat sipil lianna.
  • 1998 – Bank Séntral Éropa diadegkeun di Brussels dina raraga ngajalankeun kawijakan monetér Uni Éropa.
  • 2004 – Pangbantéyan Yelwa, kira-kira 630 muslim nemasing pati di Yelwa, Nigeria dina hiji patelak étnis.
  • 2008 – Angin puyuh Nargis narajang Burma, nelasan leuwih ti 138.000 jalma sarta ngabalukarkeun jutaan lianna leungiteun imah.
  • 2008 – Gunung Chaitén mimiti bitu di Chili.
  • 2011 – Osama bin Laden, jalma pang ditéangna ku FBI, nemasing pati ku Pasukan Husus AS di Abbottabad, Pakistan.
  • 2011 – Wabah E. coli nerekab di Éropa, utamana di Jérman, ngakibatkeun 30 jalma palastra tur loba pisan nu garering.
  • 2012 – Vérsi pastel tina lukisan The Scream, beunang tukang lukis Norwégia, Edvard Munch, kajual saharga $120 juta dina hiji lélang di Kota New York, mangrupa rékor anyar pangmahalna tina hiji karya seni.
  • 2014 – Dua longsor di Badakhshan, Afghanistan, ngakibatkeun leungitna 2.500 jalma.
  • 2015 – Floyd Mayweather Jr. ngéléhkeun Manny Pacquiao ku meunang angka 12 ronde dina laga pangahijian gelar juara dunia kelas wélter.
  • 2018 – Kelompok separatis Basque, gugus ETA, ngabéwarakeun bakal sacara rasmi bubar, sabada ngadeg salila 59 taun.
  • 2019Facebook nyekal Alex Jones (InfoWars), Milo Yiannopoulos (éks-Breitbart), Louis Farrakhan (Nation of Islam), Paul Nehlen sarta Laura Loomer ku alesan ucapan kangéwa.

Nu babar

  • 1797 – Abraham Pineo Gesner, élmuwan Kanada (td. 1864)
  • 1843 – Elijah McCoy, insinyur Kanada-Amérika (td. 1929)
  • 1889Ki Hajar Dewantara, Pahlawan Nasional Indonésia (td. 1959)
  • 1892 – Manfred von Richthofen, pilot Jérman (The Red Baron) (td. 1918)
  • 1945 – Bianca Jagger, modél Amérika
  • 1955 – Donatella Versace, disainer baju Italia
  • 1972Dwayne Johnson / The Rock, tukang gulat profésional, béntang pilem, Amérika
  • 1975David Beckham, pamaén bola Inggris
  • 1985 – Lily Allen, tukang ngawih Inggris
  • 1990 – Paul George, pamaén baskét Amérika
  • 1991 – Jeong Jinwoon, tukang ngawih Koréa Kidul (2AM)
  • 1992 – Sunmi, tukang ngawih Koréa kidul (Wonder Girls)
  • 1993 – Huang Zitao, tukang ngawih Cina (EXO)
  • 1993 – Isyana Sarasvati, tukang ngawih Indonésia
  • 1995 – Yook Sungjae, tukang ngawih Koréa Kidul (BtoB)
  • 1997 – BamBam, tukang ngawih Thailand
  • 2015 – Putri Charlotte ti Cambridge, Inggris

Nu pupus

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Pangatikan Nasional Indonésia

Tumbu luar

2 Méi 

Tags:

2 Méi Kajadian2 Méi Nu babar2 Méi Nu pupus2 Méi Poé peré poé panginget-nginget2 Méi Tumbu luar2 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

OncomBandar Udara Internasional Soekarno–HattaPeuyeumInohong2012TarumanagaraKecap rundayan (basa Sunda)SotoWayang Golék1859Abdul Halim SyatariSundaAmis mataHawuKusumah AtmajaSendalDogdog PangréwongLentongKupat tahuWawangsalanPapantingMuwaqqitBabad CirebonHateupGaya basa (Sunda)PésoKalimah (basa Sunda)Basa SundaBabasanSogun.kyEmpét-empétanRampak SekarSoraGeutahPrasasti Dalung BojongLancah maung5 NopémberMagatruSistim OperasiLisénsi Dokumén Bébas GNUKampung MahmudProsaKekecapanRamatlokaHihileudeunKaty PerryMotorDongeng-Dongeng Sasakala1935ÉkonomiTatang SumarsonoBajidoranTahu SumedangRaffi AhmadTémaMuhammadiyah🡆 More