29 Méi

29 Méi nyaéta poé ka-149 dina sataun (ka-150 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 216 poé.

1 2 3 4
5 6 7 8 9 10 11
12 13 14 15 16 17 18
19 20 21 22 23 24 25
26 27 28 29 30 31  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1176 – Patempuran Legnano: Lombard League ngéléhkeun Frederick Barbarossa sarta Karajaan Romawi Suci.
  • 1416 – Patempuran Gallipoli: Urang Vénesia dina pingpinan Pietro Loredan ngéléhkeun armada laut Turki Utsmani.
  • 1453 – Turki Utsmani dina pingpinan Sultan Mehmed II Fatih ngarebut Konstantinopel sabada ngepung salila 53 poé, mungkas Kakaésaran Bizantium.
  • 1660 – Charles II meunangkeun deui tahta raja Inggris, Skotlandia jeung Irlandia.
  • 1780 – Perang Révolusi Amérika: Dina Patempuran Waxhaws, Inggris tuluy nyerang ka urang-urang Kontinental nu geus nyarerah, nelasan 113 jalma sarta nyideraan sésana, ngan 53 urang nu salamet.
  • 1790 – Pulo Rhode jadi nu pamungkas tina tilu welas Koloni asli nu ngaratifikasi Konstitusi sarta ngagabung ka Amérika Sarikat.
  • 1798 – Antara 300 nepi ka 500 urang pangbarontak Sarikat Irlandia diéksékusi ku tentara Inggris di County Kildare, Irlandia.
  • 1807 – Mustafa IV jadi Sultan Kasultanan Utsmaniyah sarta Khalifah Islam.
  • 1852 – Jenny Lind (panyanyi opera) ninggalkeun New York sabada tur di Amérika salila dua taun.
  • 1867 – Kompromi Austro-Hungarian 1867 dipedalkeun ngaliwatan Akte 12 nu ngadegkeun Karajaan Austria-Hungaria.
  • 1868 – Mihailo Obrenović III, Pangéran Sérbia, ditelasan.
  • 1903 – Dina Kudéta Méi, Alexander I, Raja Sérbia jeung Ratu Draga, ditelasan di Bélgrade ku Organisasi Leungeun Hideung.
  • 1914 – Kapal RMS Empress ti Irlandia tikelebuh di Teluk Santa Lawrence, ngabalukarekun leungitna 1.012 jiwa.
  • 1918 – Arménia ngéléhkeun tentara Turki Utsmani dina Patempuran Sardarabad.
  • 1919 – Téori rélativitas umum Albert Einstein dités ku Arthur Eddington jeung Andrew Claude de la Cherois Crommelin (jagana dipuguhkeun).
  • 1948 – Organisasai Pangawasan Pangreureuhan Perang PBB diadegkeun.
  • 1953Edmund Hillary jeung Sherpa Tenzing Norgay jadi jalma-jalma munggaran nu nepi ka puncak Gunung Éverest, bareng jeung tepung taun Tenzing Norgay.
  • 1964Liga Arab masamoan di Yérusalem Wétan pikeun nyawalakeun masalah Palestina, nungtun kana diadegkeunna Organisasi Pangbébasan Palestina (PLO).
  • 1982 – Perang Malvinas: Pasukan Inggris ngéléhkeun Argéntina dina Patempuran Angsa Héjo.
  • 1985 – Tragedi Stadion Heysel: Tilu puluh salapan bobotoh ménbal nemasing pati sarta ratusan lianna cidera nalika tembok hahalang nu geus bobo rubuh wanci laga final Piala Éropa antara Liverpool lawan Juventus di Brussels, Bélgia.
  • 1988 – Présidén AS Ronald Reagan ngamimitian aanjanganna nu kahiji ka Uni Soviét, harita anjog ka Moskow pikeun pasamoan adi daya jeung pamingpin Soviét, Mikhail Gorbachev.
  • 1990 – Parlemén Rusia milih Boris Yeltsin minangka présiden Républik Sosialis Féderasi Soviét Rusia.
  • 1999 – Olusegun Obasanjo jadi Présidn Nigeria, minangka pupuhu nagara munggaran nu kapilih ngaliwatan pamilu sabada 16 taun kakawasaan militer.
  • 2001 – Pangadilan Tinggi AS ngameunangkeun pamaén golep Casey Martin pikeun maké kursi roda nalika ngiluan turnamén.
  • 2004 – Pangéngéling Perang Dunia II Nasional dirasmikeun di Washington D.C.
  • 2012 – Lini 5,8 mw narajang Italia Kalér, nelasan saheunteuna 24 jalma.
  • 2015 – Observatorium One World di Gedong One World Trade Center dibuka.
  • 2018 – Galura panas di Karachi, Pakistan, nelasan 65 urang nalika temperatur nepi kana 110 darajat Fahrenheit.
  • 2019 – Orok panglemetna di dunya nu bisa hirup, awéwé, kaluar ti Rumah Sakit Sharp March Birch di San Diego ti saprak dilahirkeun 23 minggu ka tukang nu beuratna ngan 8,6 ons (245 gram).

Nu babar

  • 1630 – Charles II raja Inggris (td. 1685)
  • 1906 – T. H. White, pangarang Inggris (td. 1964)
  • 1914 – Tenzing Norgay, pangdaki gunung India-Népal (td. 1986)
  • 1917 – John F. Kennedy, présidén AS ka-35 (td. 1963)
  • 1956 – La Toya Jackson, tukang ngawih Amérika
  • 1958 – Annette Bening, artis Amérika
  • 1962 – Fandi Ahmad, pamaén bola Singapur
  • 1967Noel Gallagher, pamaén hitar Inggris (Oasis)
  • 1973 – Alpay Özalan, pamaén bola Turki
  • 1975 – Mel B, tukang ngawih Inggris (Spice Girl)
  • 1977 – Massimo Ambrosini, pamaén bola Italia
  • 1979 – Brian Kendrick, pagulat Amérika
  • 1981 – Andrey Arshavin, pamaén bola Rusia
  • 1984 – Carmelo Anthony, pamaén baskét Amérika
  • 1999 – Park Ji-hoon, tukang ngawih Koréa Kidul (Wanna One)

Nu pupus

  • 1500 – Bartolomeu Dias, pangjajah Portugis (l. 1451)
  • 2017 – Manuel Noriega, pamingpin militer Panama (l. 1934)

Poé peré / poé panginget-nginget

  • Poé Jalma Kolot Indonésia
  • Poé Kaséhatan Digestif Dunia

Tumbu luar

29 Méi 

Tags:

29 Méi Kajadian29 Méi Nu babar29 Méi Nu pupus29 Méi Poé peré poé panginget-nginget29 Méi Tumbu luar29 MéiKalénder GregorianTaun kabisat

🔥 Trending searches on Wiki Basa Sunda:

Euis KomariahAdatKanyéréBurokanBangbara25 JanuariYudistiraListrikAjagDemam berdarahHéjoIndung leungeunAsép Sunandar SunaryaAreuy kidangNadom alam mahsyarPaparikanMonologSyifa HadjuRakitan lantipInohong di Bojong Rangkong1891GosaliJeujeurArkéologiRhoma IramaDaptar kode telepon di IndonésiaKompas TVGeutahRarangkén di-Toto Sudarto BachtiarASLeuweungRebabNgadu kaléciSancang1869Sérén taunRandeganParayBandung Lautan ApiBudayaWawangsalanBabad BantenCingcauWikipédiaKarangan6 NopémberKampung NagaPadaKarajaan SriwijayaBasa JawaPuyuhJoko WidodoSuhartoRonald ReaganRarakitanKampung KutaBabasan jeung paribasaPésoWikiPupujianDeungeun sanguBabad CirebonTaratasKecap rajékan (basa Sunda)Kumeli jawaLotékNomer Buku Standar InternasionalJimmy WalesISO 3166-1🡆 More